Kolom Sosial Politik

Petaka Guru

0

 

Ku: Ridhazia

NAON  anu kaalaman ku guru SD di Muaro Jambi, Tri Wulansari, anu ditetepkeun jadi tersangka lantaran nyukur buuk muridna anu diwarnaan pirang, nambahan deui daptar petaka nu karandapan ku para guru di nagara ieu.

Burnout

Kajadian éta micu pasualan jeung paséa pamadegan: naha ieu kaasup kriminalisasi guru, atawa aya hal séjén anu patali jeung psikososial. Nya éta interaksi kompléks antara aspék psikologis jeung aspék sosial séjénna.

Sahanteuna, para pendidik katémbong kajebak ku kaayaan burnout, nyaéta kacapé émosional, fisik, jeung méntal kronis anu karandapan ku guru.

Panyababna bisa waé alatan setrés pagawean anu berkepanjangan, contona rasa kabeurangan ku beban tugas anu teu saimbang jeung upah nu ditarima.

Kasus Guru

Jaringan Pamantau Pendidikan Indonesia (JPPI) nyatet yén guru jeung tanaga kapendidikan mangrupa salah sahiji pihak anu dominan jadi palaku kekerasan.

Hal ieu dumasar kana analisis tina 601 kasus kekerasan di satuan pendidikan nepi ka bulan Nopémber 2025. Ieu angka ngaleuwihan taun 2024 anu aya dina kisaran 573 kasus.

Sakola Teu Ramah

Sedengkeun dina analisis vérsi Federasi Guru Indonesia, angka kekerasan di sakola anu ngalibetkeun guru téh disababkeun ku faktor lingkungan sakola anu beuki teu ramah jeung teu aman.

Salian ti éta, kaayaan ieu ogé didorong ku hubungan guru jeung murid anu beuki goréng, ditambahan deui ku hubungan sakola—utamana antara kapala sakola jeung kolot murid—anu jadi kaleuleuwihi transaksional. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.