Kolom Sosial Politik

MBG Menu Lauk Hiu

0

Ku: Ridhazia

PROGRAM  Dahareun Bergizi Gratis (MBG) balik deui jadi sorotan. Ayeuna giliran kajadian di SD Ketapang, panarima ménu MBG di Kalimantan Barat anu katarajang karacunan.

Barudak leutik anu can genep 12 taun labuh  jeung utah-utah sanggeus dahar ménu lauk hiu dina 23 Séptémber 2025.

Ménu anu dipasak pikeun program MBG nyaéta fillet lauk hiu digoréng, anu nurutkeun panyadia MBG teu pantes dibikeun ka barudak.

Sorotan Dunya

Kajadian karacunan lauk hiu ieu nimbulkeun pananya, naha hiu anu dipikawanoh boga résiko luhur lantaran akumulasi merkuri, malah diasupkeun kana ménu barudak?

Kajadian karacunan kadaharan massal éta jadi sorotan dunya. Malah nepi ka narik panalungtikan para ahli gizi, sabab lauk hiu goréng téh dianggap henteu lumrah pikeun kadaharan barudak sakola mah. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.