Napak Tilas

Agama Urang Sunda Dina Jaman Pajajaran (2)

0
Dina falsafah Sunda digawé téh aya dina posisi terhormat pisan; jauh leuwih penting batan menekung mujasmedi, nyingkahan paraméan, bari mutuskeun hubungan jeung dunya luar. (Foto:SundaNews/AntaraFoto)

 Ku: Tatang Sumarsono

CEUK hasil panalungtikan Prof. Edi, tétéla konsép kapangéranan sakumaha anu nyampak dina agama Hindu jeung Buda téh dianggap teu nyugemakeun pikeun karuhun urang dina jaman Karajaan Sunda jeung Galuh. Utamana mah dina lebah Pangéran anu kudu disembah téh dianggap loba (politeismeu). Meureun matak ngabingungkeun. Éta pangna agama Hindu jeung Buda téh diadaptasikeun kana kapercayaan anu geus nyampak. Anu disembah ku karuhun urang baheula nyaéta Sanghiyang Tunggal anu jumlahna ngan hiji (monoteismeu). Ari para déwa, poisisina ditunda di sahandeupan Zat Anu Hiji téa—mun ceuk basa ayeuna mah posisina ukur jadi asistén.

Konsép ngeunaan hiyang dina kapercayaan buhun éta mah murni hasil “karancagéan” karuhun urang baheula. Anu matak, anu disembah ku urang Sunda téh nya Hiyang téa—dipanjangkeun jadi Sanghiyang Tunggal. Aya deui sesebutan séjénna pikeun Hiyang, nyaéta Batara Séda Niskala (Anu Gaib), Batara Tunggal (Anu Sahiji), Batara Jagad (Anu Ngawasa Alam), Sang Keresa (Anu Kawasa), Anu Ngersakeun (Nu Boga Kahayang), jeung Batara Guru (Anu Sarwa Nyaho).

Prosés aworna unsur ajaran Hindu/Buda jeung kapercayaan buhun téh teu sakaligus. Konsép hiyang dina kahirupan karuhun kakara mimiti aya dina jaman pamaréntahan Sri Jayabhupati, dina awal abad ka-11 anu nyakrawati di Karajaan Sunda. Harita mah anu disebut hiyang téh karék dihartikeun alam gaib, tacan diposisikeun jadi Pangéran. Hiyang atawa Sanghiyang diperenahkeun di lokasi suci kaagamaan (kabuyutan, mandala) anu dingaranan Sanghiyang Tapak. Ku kituna, lokasi hiyang téh masih kénéh aya di dunya. Ngajaga kaamanan di kabuyutan dipasrahkeun ka para déwa anu matuhna di luar dunya. Jadi anu disebut hiyang téh dina abad ka-11 mah posisina masih di sahandapeun para déwa.

Sakitu abad ti jaman Sri Jayabhupati, lahir pamadegan yén tempat hiyang téh lain di dunya, tapi di parahiyangan, sapamatuhan jeung para déwa. Hal ieu kaunggel  dina naskah Séwaka Darma anu titimangsa ditulisna taun 1435.

Parahiyangan téh sarua jeung nirwana atawa sawarga anu wujudna aya sabaraha tingkatan. Tingkat panghandapna dieusian ku para déwa anu jolna tina agama Hindu. Di saluhureunana aya tempat anu dieusian ku para déwa ceuk konsép urang Sunda, nyaéta Sari Déwata jeung Ni Dang Larang Nawati. Naék deui ka nu leuwih luhur, tempatna dieusian ku Pwa Sanghiyang Sri, Pwa Naga Nagini, jeung Pwa Soma Adi. Tah, di tingkat anu pangluhurna mah anu ngeusianana téh ngan hiji, nyaéta Sanghiyang Keresa atawa Sanghiyang Tunggal. Dina naskah Siksakandang Karesian (ditulis taun 1518) ditétélakeun yén déwa téh baktina ka hiyang.

Dina kahirupan urang Sunda buhun aya anu disebut ngahiyang, anu maksudna mah robah wujud jadi gaib terus pindah ka tempat matuhna Hiyang. Dina ngahiyang téh aya dua rupa, nyaéta (1) jiwa manusa leupas tina ragana sakumaha ilaharna anu maot, erohna naék ka kahiyangan, ari raga badagna tetep aya di dunya terus dikubur ku anu masih kénéh harirup, (2) jiwa jeung ragana ngaleungit, jadi gaib, terus nempatan kahiyangan. Ceuk ajaran Sunda buhun, ngahiyang cara anu kadua dianggap leuwih luhur darajatna, tapi langka pisan kajadianana ogé. Dina mitologi urang Sunda, anu ngahiyang cara kadua téh nyaéta Prabu Siliwangi.

Karuhun urang Sunda baheula boga harepan yén dina geus maot téh jiwana bisa nempatan kahiyangan. Pikeun ngahontal ka dinya téh saratna kudu hadé amal, nyaéta ngalaksanakeun patikrama atawa ajaran agama. Sabalikna, mun salila hirup di dunya teu ngamalkeun ajaran agama, dina geus ngahiyang téh jiwana bakal digebruskeun ka naraka Si Tambrah Gomuka jeung naraka Si Mreganwijaya.

Kayakinan kana hal-hal anu bieu didadarkeun téh, ceuk naskah Carita Parahiyangan disebutna agama Jatisunda, anu ceuk urang Kanékés sok disebut Sunda Wiwitan. Boh kecap jati boh kecap wiwitan hartina mah sarua waé, nyaéta awal, asal, atawa asli. Hal ieu bisa dijujut dina kamus basa Sunda anu disusun ku Eringa, taun1884.

Dina konsép Sunda buhun, sakumaha anu ditulis dina naskah Amanat Galunggung, hadé amal di dunya téh disebutna tapa. Anu disebut tapa dina konsép Sunda buhun henteu dihartikeun “nahan sarupa atawa rupa-rupa napsu, minangka jalan pikeun ngahontal maksud” (cék katerangan dina Kamus Basa Sunda, anu disusun ku Satjadibrata, 1946). Geus bisa katebak, jolna ieu harti téh tina terminologi Hindu.Tapa idéntik jeung ngasingkeun diri di tempat mencil, teu dahar teu nginum, bari kudu tahan nyanghareupan gogoda. Lamun teu tahan, hartina batal tapana. Prak-prakanana mah rupa-rupa; aya anu sila menekung, aya anu nangtung bari ngangkat suku hiji, aya deuih anu haben ider-ideran (disebutna ngidang; cara kidang), jeung sajabana. Kitu deui lebah lilana ogé teu sarua; aya anu cukup ku ukuran poé, minggu, bulan, malah cenah taun.

Tapa anu mangrupa bagian tina ajaran Hindu, malah meureun dianggap sapakét, sanggeus asup ka Sunda mah jadi ngagésér harti jeung maksudna. Hal ieu ébréh dina Amanat Galunggung, naskah Sunda kuno titinggal Rakéyan Darmasiksa (mangku kaprabon taun 1175-1297 Maséhi). Ku urang bisa dititénan cutatanana, kieu:

Carék na patikrama, na urang lanang madwa, iya tuwah iya tapa, iya tuwah na urang, gwaréng twah gwaréng tapa, maja twah maja tapa, rampés twah waya tapa, apana urang ku twah na mana beu(ng)har ku twah na mana waya tapa.

Tarjamahan bébasna: “Dina ajaran patikrama, pikeun urang, boh lalaki boh awéwé, migawé amal téh nya tapa téa. Tah, kitu pagawéan urang mah. Goréng amalna, hartina goréng tapana; meujeuhna amalna, hartina meujeuhna tapana; sampurna amalna, hartina sampurna tapana. Rék saha waé urang, nya ku sabab amal urang bisa beunghar. Nya ku sabab amal deuih, hasilna tapa urang téh.”

Eusi naskah Amanat Galunggung téh nyoko kana padoman hirup anu ditepikeun ku Darmasiksa ka putra mahkota, Sang Lumahing Taman. Cindekna, mangrupa naséhat, boh anu kudu dipigawé (hal-hal positif), boh anu kudu dipahing (hal-hal négatif). Nya ku sabab anu méré naséhatna téh raja, tangtu waé eusina téh réa anu nyoko kana sual kapamingpinan.

Sual tapa ogé jadi bagian tina amanat Raja Darmasiksa, sakumaha anu bieu dibaca cutatanana. Ditandeskeun yén pikeun kasalametan di dunya jeung di ahérat, manusa kudu ngalakonan tapa. Tapi, tapa cék dina Amanat Galunggung mah maksudna amal; nyaéta digawé dumasar kana status, tugas, jeung profési masing-masing. Lain tapa ngasingkeun diri, ngajauhan raména dunya; sakumaha anu aya dina persépsi urang, anu sumberna tina ajaran Hindu téa.

Tapa cék Sunda, tétéla béda jeung tapa cék dina ajaran Hindu. Tapa dina rumusan ajen-inajén Sunda nyaéta digawé kalawan enya-enya. Cindekna, dina falsafah Sunda mah digawé téh aya dina posisi terhormat pisan; jauh leuwih penting batan menekung mujasmedi, nyingkahan paraméan, bari mutuskeun hubungan jeung dunya luar. Anu dimaksud tapa dina falsafah Sunda mah nyaéta ancrub kana kahirupan nyata, bari singkil pikeun ngalaksanakeun tugas, saluyu jeung kamampuh katut profési masing-masing. Digawé. Digawé. Jeung digawé. * (hanca)

*H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dikeler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas