Ku: Ridhazia
DINA hal nilai kabeungharan, organisasi Islam Muhammadiyah ti Indonésia mingpin dina daptar organisasi agama pangbeungharna jeung jadi hiji-hijina organisasi agama Islam pangbeungharna di dunya.
Agama Kristen jeung Katolik masih ngadominasi daptar organisasi agama pangbeungharna di dunya. Disusul ku organisasi agama Hindu, Adven, Lutheran, jeung Anglikan.
Muhammadiyah nangtung di urutan kaopat!
Organisasi anu diadegkeun ku K.H. Ahmad Dahlan di Kampung Kauman, Yogyakarta, dina tanggal 18 Nopémber 1912 ieu ditaksir miboga kabeungharan nepi ka US$27,96 milyar atawa leuwih ti Rp 450 triliun.
Muhammadiyah ngajadikeun dirina hiji-hijina wakil ti nagara berkembang anu asup kana daptar éta dina urutan kaopat, handapeun tilu organisasi agama séjén.
Di posisi munggaran aya organisasi agama The Church of Jesus Christ of Latter-Day Saints (Kristen) anu diadegkeun di Amérika Sarikat.
Urutan kadua Catholic Church in Germany (Katolik) di Jérman, sarta katilu, Tirumala Tirupati Devasthanams (Hindu) di India.
Muhammadiyah anu aya di urutan kaopat éta masih leuwih beunghar batan Catholic Church in Australia (Katolik) di Australia, Catholic Church in France (Katolik) di Perancis, jeung Seventh-day Adventist Church (Adven) ti Amérika Sarikat.
Di handapeun Muhammadiyah, aya ogé Church of England (Anglikan) di Inggris, Church of Sweden (Lutheran) di Swédia, jeung Trinity Church (Anglikan) di Amérika Sarikat.
Data peringkat organisasi agama ieu dimuat ku CNBC Indonesia dina tanggal 2 Agustus 2025.
Lengkepna tiasa diakses di:
https://www.cnbcindonesia.com/research/20250802135856-128-654475/daftar-10-organisasi-agama-terkaya-di-dunia-ada-dari-indonesia. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments