Ku: Ridhazia
JACK Ma nyaéta nu ngadegkeun Alibaba Group, salah sahiji pausahaan ritel jeung e-commerce panggedéna di dunya.
Kahirupanana jadi inspirasi sabab bisa ngahontal kasuksesan finansial sanggeus saméméhna hirup dina kaayaan miskin jeung henteu boga pagawean.
Ngelehkeun Panonpoé
Rahasia kasuksesan lalaki asal Tiongkok ieu tétéla basajan: elehkeun panonpoé!
Hartina, hudang leuwih isuk, saméméh panonpoé naék. Pikeun manehna, waktu isuk téh sinonim jeung nanemkeun waktu leuwih loba pikeun masa depan.
Hudang leuwih isuk ogé nunjukkeun kumaha seriusna hiji jalma kana komitmen, mangsa disiplin jadi prioritas jeung kabiasaan sapopoé.
Waktu isuk téh mangrupa énergi nu kacida rohakana (melimpah). Sarua jeung awal waktu nu panghadéna pikeun meunangkeun “peperangan” dina persaingan hirup. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, pemerhati komunikasi sosial pulitik, ngajrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments