Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (18/6-2025). Mimiti nyaho kumaha ari lalakon munggah haji téh asana tina buku Gandasari, baréto jaman keur budak. Ieu buku bacaan pikeun barudak sakola titinggal jaman kolonial Walanda téh dikarang ku Sastraatmadja, M. Soemawidjaja, jeung Soeria di Radja, wedalan Balé Pustaka. Dina éta buku dilalakonkeun waktu ninina Jang Éman rék indit ka Mekah, tumpak kapal cai, anu lilana angkleung-angkleungan di laut aya bulanna. Jamaah anu rék ngalaksanakeun ibadah haji téh disebutna sahara. Ku sabab lila di jalanna, nya atuh kudu loba bebekelanana ogé.
Kasawang kumaha banggana lalampahan indit ka Mekah dina awal taun 1900-an. Cacakan harita mah geus ngagunakeun kapal cai nu kaitung rada modéren. Maksudna lain lain kapal layar anu lajuna di laut gumantung ka angin. Mana komo atuh dina jaman baheulana pisan mah, dua atawa tilu abad saméméh taun 1900.
Bet ku kabeneran, waktu sorangan munggah haji taun 2018, bisa tepung jeung nu ngalaman munggah haji jaman kana kapal laut. Pa Haji Agus Salim (65 taun), urang Bogor, anu munggaran munggah haji dina taun 1971. “Harita karék umur tujuh welas taunan, jaman keur jadi santri,” pokna.
Ngobrol jeung Pa Haji téh di Arofah, saméméh indit ka Mudzalifah. Loba pangalamanana dina urusan perhajian, sabab mindeng bulak-balik ka Tanah Suci. Mun diitung, geus leuwih ti tilu puluh kali ngalaksanakeun ibadah hajina téh. Mana komo mun dijumlah-jamleh jeung umroh mah. Éta waé, ti taun 1987 tepi ka 2018, Pa Agus saban taun jarah ka Tanah Suci, nganteur jamaah anu harayangeun dipingpin ibadah ku dirina.
Baréto, kapal anu ngakut jamaah calon haji ti Tanjung Priuk téh miangna tanggal 2 Romadon. Lalampahan angkleung-angkleunganana aya kana dua mingguna. Sakapeung nyimpang heula ka palabuan anu kaliwatan—biasana mah ari rék ngala cai beresih keur kaperluan sapopoé di kapal.
Sakur bebekelan jamaah diwadahan kana peti anu ilaharna sok disebut “sahara”. Lian ti éta, aya deuih anu diwadahan kana tingkem, biasana dijieunna tina hoé atawa awi bagian hinisna wungkul. Nya tangtuna gé kudu wedel, da kapoé-kahujanan bari remen kabuntang-banting.
Lebah bekel anu dibawa, tangtu kudu loba deuih. Anu utama mah nya dahareun anu tahan lila, boh asakan boh atahan. Béas mah geus pasti mawa, kitu deui deungeun sangu garingan. Apan mulan-malén lalampahanana ogé, antara opat tepi ka genep bulan, mun diitungna ti mimiti indit tepi ka mulangna deui ka imah.
Malah sok aya nu mawa kasur sagala. “Mun geus cunduk ka Jedah, kasur téh sok loba anu terus dijarual,” cenah.
Cacak dina taun 1971 waé, jamaah calon haji arinditna ti lembur masing-masing téh dina bulan Rewah. Poé-poé awal puasa téh geus ngangkleung dina kapal. Jadi mun lalampahan balayar dua mingguan, cunduk ka Arab téh geus rék nincak tanggal lilikuran.
“Najan urang geus cunduk ka Palabuan Jedah, tapi teu bisa langsung ngajugjug ka Mekah,” ceuk Pa Haji. “Panitia haji di Mekah karék bisa narima jamaah dina bulan Sawal. Atuh urang téh kudu indit heula ka Madinah, ngadon lebaran di ditu.”
Jamaah anu turun di Jedah terus diakut kana beus ka Madinah. Ceuk Pa Haji, disebutna beus Internat. Baheulana mah, saméméh usum mobil, geus pasti arinditna téh laleumpang. Mun teu kitu, nya kana onta atawa kana kaldé. Kasawang bangga jeung ripuhna, da apan sakitu jauhna, anggangna aya kana opat ratus kilométerna, bari kudu nyorang upluk-aplakna sagara keusik paselang jeung gunung batu anu panas ngabebetrak.
“Baréto mah dina taun 1970-an, pikeun konsumsi di Arofah téh, syéh maktab ukur nyadiakeun sapi peunciteun jamaah. Atuh nambah pagawéan, da kudu meuncit jeung ngarecah sapi heula,” ceuk Pa Agus Salim.
Ari ngasakanana kumaha?
“Ah, umumna mah dibareuleum kitu waé. Paling ukur dikécapan minangka bungbuna mah,” témbalna. Ari béasna mah apan saban jamaah gé mawa.
Saréngséna ibadah haji, lain hartina bisa langsung mulang, da gumantung kana jadwal kapal balayar. “Paling gancang karék dina bulan Muharam bisa balik téh. Malah bisa geus liwat. Jadi ku ancer-ancer mah genep bulan lilana ibadah haji jeung di perjalananana téh,” pokna.
Éta pangna sok aya anu tara langsung balik gé, tapi terus mukim. Jadi balikna téh dina taun hareupna, atawa mungkin waé mukimna meunang sababaraha taun. Waktu salila aya di Mekah téh umumna mah sok dimangpaatkeun pikeun neuleuman élmu agama.
**
Ngobrol jeung Pa Haji Agus téh bari ngadagoan beus anu rék ngakut jamaah ka Muzalifah, bari tingpelenyun udud, da sarua papada jamaah roko’in. Resep, loba pangalamanana, bari jeung tacan loba poho deuih. Pa Agus bisaeun nerangkeun peristiwa sakitu puluh taun ka tukang kalawan gemet.
“Indit ka Mekah anu kadua, dina taun 1978, kana kapal udara. “ ceuk Pa Agus. “Maké pesawat Garuda DC 10. Nya mun dibandingkeun jeung anu saméméhna mah, tangtu waé leuwih gancang, najan teu kawas ayeuna. Jaman harita mah ti Jakarta tepi ka Bandara Jedah téh butuh waktu kurang leuwih dua welas jam, da pesawatna sok transit heula. Mun teu di Médan, biasana di Singapura. Ari ayeuna mah apan cukup ku salapan jam,” pokna deui.
Taun 1971, ongkos kapal laut ka Mekah Rp300 rébu. “Tapi ari setor ka bank mah kudu 320 rébu. Istilahna téh: meuli heula kapal. Harita, harga emas per gramna asana mah ukur 250. Pikeun nyumponan ongkos téh loba nu ngajual heula sawah atawa kebon,” ceuk ieu kiyai anu kungsi jadi pangurus NU Jabar téh. Jaman harita mah, saréal (duit Arab) téh pangajina kurang ti dua ratus rupia. Bandingkeun jeung dina taun 2018 anu geus leuwih ti tilu rébu. Jadi undakna réal téh geus puluh-puluh tikel—rupia téh beuki ngayapak waé!
Taun 1978, ONH anu kudu dibayar ku saban jamaah téh antara 700 tepi ka 800 rébu. Ka dieunakeun mah terus nérékél. Kiwari, cenah ceuk itungan pamaréntah, waragad saban jamaah téh kana 60 jutaan. Mana komo ONH Plus mah, leuwih ti dua tikeleunana. Enya, anu miluan ONH Pllus mah apan di dituna rada dibédakeun, misalna waé waktuna leuwih singget, lain opat puluh poé, tapi cukup ku dua minggu.
Lian ti dahareun, sok aya deuih anu mawa barang dagangkeuneun. Anu arinditna ti Pulo Jawa, biasana sok mawa batik. Aya deuih nu mawa menyan. “Malah nu mawara rancatan gé aya,” ceuk Pa Haji.
Rancatan?
“Enya, rancatan paranti nanggung. Bahanna tina awi tali tali. Meunang ngaraut dihadé-hadé,” témbalna. Mawana gé lain hiji-dua, tapi puluhan. Apan jang jualeun.
Kayaan di Mekah jaman harita jauh tangeh mun dibandingkeun jeung ayeuna. Wawangunan Masjidil Harom tacan salega kiwari tur mampuh nampung jutaan jamaah. Jaman harita mah, ceuk Pa Haji, sakapeung di tempat towaf gé sok rajeun pabaliut jeung kaldé. Kitu deui di Jabal Qubais masih kénéh sok aya anjing kalana-kulunu.
Ari anu disebut pamondokan jamaah, ukur imah penduduk anu kondisina lolobana mah geus barutut. Anu ngokolakeun jamaah salila aya di Mekah téh disebutna “syéh”. Ceuk Pa Agus, dina jaman harita, taun 1970-an, anu kawentar téh Syéh Hasan Betawi. Tina ngaran gé geus bisa ditebak, pasti lain pituin Arab, tapi urang Batawi nu geus lila mukim di ditu. Pamondokan bogana Syéh Hasan kaitung gedé, sarta nampeu ka Masjidil Harom.
“Enya, apan jaman harita mah tacan tingjungkiring hotél tingkat kawas ayeuna. Sabudeureun Masjidil Harom téh masih kénéh loba imah penduduk anu biasana sok diséwa-séwakeun ka jamaah haji. Ayeuna mah geus areuweuh, da apan geus salin jinis jadi babagian wangunan Masjidil Harom,” pokna. Istilah Pa Agus mah, imah geus ditelegan masjid!
Jumlah jamaah ti saban nagara ogé apan terus ningkat, tepi ka pamaréntah Saudi ngaluarkeun aturan kuota. Taun 2018, jamaah anu tumplek di Mekah téh leuwih ti dua juta. Jamaah ti Indonésia aya kana 220 rébuna. Nya, kurang leuwih sapuluh persén tina jumlah sakabéhna.
Kondisi Masjidil Harom gé apan terus diropéa. Lain waé dilegaan, tapi deuih wangunanana ditingkatkeun. Malah, cenah, tepi ka taun 2030 mah bakal diwangun tepi ka sapuluh tingkat. Per tingkatna kira-kira mampuh nampung sajuta jamaah.
Ngan ceuk Pa Agus anu geus remen munggah haji, “Anu paling berkesan mah angger waé munggah haji anu mimiti. Ayeuna, mun nempo sarana tempat ibadah haji anu geus sakieu hébatna, tapi ari dina haté mah sok nyarita: asa lain kieu Arofah anu kaalaman baheula mah. Mémang, suasana geus loba nu robah. Baréto, kesanna téh Kabah asa karasa simana, malah deukeut-deukeut ka geueuman. Ari ayeuna mah apan dina keur towaf gé remen kaganggu ku anu maraké HP.”
Dina kabuktianana, pamaréntah Saudi terus-terusan ngaropéa rupa-rupa sarana ibadah haji. Di Mina, upamana, apan ayeuna mah kémah atawa ténda pikeun ngarereb jamaah anu mabit téh geus permanén. Mémang ari bentuk jeung bahanna mah masih kénéh disebut ténda, tapi kondisina jauh leuwih alus. Ngan ténda di Arofah anu tacan dipermanénkeun, da mun geus bérés mangsana wukuf mah sok terus dibalongkaran deui. Tah, ari ténda di Mina mah henteu. Kitu deui lebah nyadiakeun cai beresih, ayeuna mah ngan kari muterkeun keran, cai langsung ngocor.
“Taun 1970-an mah, cai nu disadiakeun di Mina téh diakutan kana mobil téngki. Jamaah nu butuh cai kudu nyokot sorangan. Tapi ari umumna mah sok mareuli waé, cai anu ditanggungan,” ceuk Pa Agus.
Ari nu sok daragang cai téh urang Yaman, cenah. Ditanggung dina blék urut, maké rancatan. “Tah, éta rancatan anu diparaké nanggungan cai ku urang Yaman téh meunang meuli ti jamaah anu daratang ti urang. Kapaké pisan rancatan jieunan urang téh. Alus palebah emplad-empladanana, cenah,” ceuk Pa Agus.
Kawentar baredas urang Yaman mah. Éta waé sahara anu diréréyang ku opat jamaah, mun ku manéhna mah cukup diangkat ku sorangan.
Jaman harita, harga rancatan téh hijina dua puluh réal. Mun diukur ku pangaji duit jaman harita sarua jeung opat rébu rupia (ayeuna mah ampir sarua jeung tujuh puluh rébuan). Jadi mun harita (taun 1971) aya nu mawa 50 rancatan téh hartina bakal meunang duit dua ratus rébu rupia. Tuh, apan bisa keur nambah-nambah ngagentian ongkos kapal. Komo mun mawa saratus, ongkos ka Mekah bisa katutup.
Nya, lumayan waé hasil tina balantik rancatan di Mekah téh.
Ceuk Pa Agus, lantaran jaman baréto mah ngalaksanakeun ibadah haji téh sakitu ampleng-amplenganana, antara opat tepi kagenep bulan, biasana anu sok mareunang panghasilan tambahan téh anu bisa nyukur jeung ngurut atawa mijet.
“Tah, waktu keur masih kénéh aya dina kapal, anu lilana dua mingguan téa, tukang pijet mah sok loba nu ngangkir. Apan lumayan meunang buruhan. Kitu deui anu bisa nyukuran bari mawa pakakasna, boh keur di Madinah boh keur di Mekah sok aya anu muka kios cukur dadakan. Ari tempat nyukuranana mah cukup dariuk dina peti sahara waé, ditapelan ku keretas minangka mérek atawa plangna. Pokona tukang urut jeung tukang cukur mah hojih wé.” (nyambung)
* Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments