Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (18/11/2026). Anu geus dipikawanoh ku Daeng sajeroning jadi murid sakola guru téh—sok disebut Sakola Raja deuih (ayeuna jadi kantor Polwiltabes Bandung), nyaéta nada diatonis anu maké patokan do-re-mi. Tapi ari angklung mah apan nadana téh pentatonis (da-mi-na).
Nya Daeng téh mikir, kumaha carana ngarobah angklung tina nada pentatonis kana diatonis-kromatis. Lamun tepi ka ngawujud, tangtu bakal bisa diajarkeun ka barudak di sakola. Lian ti éta, angklung bakal bisa dipaké ngalagu atawa mirig lalaguan diatonis anu asalna bawa urang Walanda.
Daeng meunang raratan yén anu sok nyieunan angklung téh ngaranna Pa Jaya. Cenah baheulana kungsi jadi panayagan. Nya ka dinya Daeng nepungan.
“Ké, ké …, dupi Adén téh badé janten baramaén, kitu?” omong Pa Jaya, waktu Daeng ngutarakeun pamaksudanana yén aya karep rék diajar nyieun angklung.
Tangtu waé pribumi ngarasa héran, naha aya ménak boga kahayang kawas kitu. Angklung téh apan geus dianggap taya ajén, da idéntik jeung barang teu pira nu sok dipaké baramaén.
Nya ku Daeng diterangkeun, pangna hayang bisa nyieun aklung téh engkéna keur ajarkeuneun ka barudak sakola. Pa Jaya ukur unggut-unggutan, tapi ahirna daékeun népakeun pangabisana. Jigana mah lain ku sabab ngarti-ngarti teuing kana pamaksudan Daeng, ngan ieu mah duméh ngahargaan kana niat ki sémah anu sakitu pantengna.
Harita Pa Jaya téh geus kolot pisan, geus rada torék bari mimiti pikun. Tapi ari ku keyeng mah, Daeng teu burung bisa mulungan élmuna. Ku Pa Jaya diterangkeun naon nu disebut rancak, sundung, pupurus, katut istilah-istilah séjénna dina waditra, hususna angklung. Lian ti éta, Daeng diajar lalaguan Sunda buhun, kayaning “Tonggérét”, “Balaganjur”, jeung “Kacang Buncis” minangka kostimna angklung.
Pangaweruh Pa Jaya ngeunaan karawitan kaitung jero. Éta waé bisa nerangkeun naon pangna angklung disada, naon bédana angklung jeung bonang dina lebah ngaluarkeun nada, kudu kumaha nyetémkeun angklung ngarah sorana akur jeung titi laras, jeung sajabana—sanajan anu diterangkeunana téh teu maké tiori musik.
Hanjakal, angklung meunang nyieun Daeng tekal-tekil téh taya nu ngahargaan. Dalah para koléhana di sakola ogé bangun anu haré-haré—padahal harita angklung jieunan Daeng geus bisa dipaké ngalagu “Blue Danube” karya komponis dunya, Johann Strauss, katut lalaguan séjénna anu harita keur meujeuhna popilér. Najan kitu, Daeng teu putus harepan. Angklung terus diajarkeun ka murid-muridna, biasana lain di sakola, tapi mimindengna dina kagiatan latihan kapanduan.
Taun 1938, di Bandung diayakeun padvinders rally ku alpukahna POP (Padvinders Organisatie Pasundan, lembaga kapanduan di lingkungan Paguyuban Pasundan). Daeng kapentés kudu mingpin rombongan pandu ti Kabupatén Kuningan.
Nya harita Daeng mimiti ngawanohkeun angklung diatonis dina forum anu leuwih lega—sa-Jawa Barat, tur disaksian ku para tokoh Sunda anu manggung dina dunya pergerakan, di antarana Otto Iskandar di Nata, Ir. Djoeanda, Atik Soewardi, Otto Soebrata, jeung Sanusi Hardjadinata. Tétéla pintonan angklung meunang pangbagéa anu pohara—béda jeung anu kaalaman waktu diwanohkeun di tempat asalna.
Daeng asa beuki kajurung laku jeung tambah sumanget enggoning ngangkat harkat angklung, sok sanajan aya kahanjelu, nyaéta waktu mulang deui ka Kuningan, Pa Jaya tilar dunya karék sawatara poé kaliwat.
Ti harita Daeng beuki soson-soson nyieunan angklung, bari sama sakali taya udagan komersial, malah nu sidik mah kudu ngamodal sorangan. Bélaan gajih tina jadi guru didua-duakeun, anu tangtu nyontang kana waragad dapur. Tujuanana ukur hiji: hayang nyebarkeun angklung ka sakola-sakola pikeun ngadeudeul pendidikan seni musik. Ti mimiti nuar awi, motongan, tepi ka ngarautna éstu dipigawé ku sorangan. Komo deui lebah nyetémkeun sora mah teu bisa dipasrahkeun ka batur, da mémang di dinya koncina; naha angklung anu dijieun téh nyumponan sarat waditra, atawa ukur pisuluheun parabkeuneun ka hawu.
Ari dibarung ku leukeun mah, ahirna angklung jieunan Daeng bisa ditarima ku dunya pendidikan. Mun dipatalikeun jeung pangajaran musik, angklung boga ciri anu disebut lima M (mudah, murah, menarik, mendidik, jeung massal). Babari dina ngagunakeunana, murah hargana, ngalantarankeun murid kataji tur sajeroning diajar ngangklung téh maranéhna dilatih disiplin jeung gotong royong. Atuh anu bisa miluanana ogé lain hiji-dua murid, tapi saeusi kelas, malah sasakola.
Dina jaman sanggeus merdéka, waktu di Kuningan lumangsung Perundingan Linggarjati, taun 1946, musik angklung dipagelarkeun pikeun ngahibur tamu nagara. Tétéla suksés tur meunang sambutan anu hadé ti para delegasi. Nya harita Daeng ngalaman sasalaman jeung Bung Karno, bari meunang pamuji duméh hasil karancagéanana kalandep ku tamu nagara.
“Bung Daeng, geura tatahar deui pikeun manggung di Jakarta,” ceuk ieu Presiden RI kahiji téh.
Enya waé, kurang leuwih sabulan ti harita, Daeng jeung rombongan musik angklungna dibéré pancén pikeun magelaran di Jakarta, dina acara paturay-tineung Laksamana Mountbatten, Panglima Sekutu di Asia Tenggara. Tapi, lalampahan ti Kuningan ka Jakarta alam harita mah loba pisan barébédanana, lantaran di jalan anu kaliliwatan, hususna ti Cikampék tepi Karawang, remen aya pertempuran.
Lebah Kléndér, karéta api anu ditumpakan ku rombongan Daeng digaradah ku tentara Walanda, bisi aya anggota pasukan RI anu nyulusup ka Jakarta, anu harita geus dikawasa ku NICA. Pakakas anu rék dipaké manggung diubrak-abrik tepi ka aya nu ruksak.
Taun 1948, jaman ngadegna Republik Indonesia Serikat (RIS), Daeng pindah ka Bandung, lantaran kaselir jadi anggota Parlemén Nagara Pasundan, wawakil ti Fraksi Kesatuan. Malah saterusna mah, najan RIS geus bubar sarta balik deui jadi RI gé, Daeng terus matuh di Bandung, sabab mancén gawéna dipindahkeun, ti mimiti awal taun 1950-an.
Ku matuhna Daeng di Bandung téh jadi cukang lantaran angklung leuwih mekar. Musik angklung nyebar ka sakola-sakola. Lian ti éta, Daeng remen diperedih magelaran pikeun ngahormat tamu nagara. Geus puguhing ari di Gedong Pakuan mah, da pikeun saterusna mah Daeng remen lar-sup ka Istana Negara gé.
Musik angklung remen tandang dina acara kanagaraan, di antarana Konferensi Asia Afrika, Pembukaan Colombo Plan, jeung dina Pembukaan PON ka V di Stadion Siliwangi, Bandung. Lian ti éta, Daeng remen meunang pancén jadi duta kasenian, nganclang ka mancanagara, ngambah Eropa jeung Amerika—puguh deui ari di wewengkon Asia mah.
Sanggeus matuh di Bandung, taun 1950-an, Daeng kungsi neruskeun sakola ka B-1 Jurusan Seni Suara (kira-kira sarua jeung tingkat sarjana muda). Peunteunna aralus, rata-rata 8,3, atuh skripsina ogé geus dijieun dina basa Walanda, judulna Een Poging tot Rehabilitatie van de Angklung (Ngabéla Kahormatan Angklung). Tapi dina babak ahir, Daeng teu dibéré diploma. Anéh puguh gé, cenah.
Anu leuwih anéh deui, najan teu boga diploma B-1, saterusna Daeng dipénta jadi dosén di B-2 Jurusan Seni Suara (sarua jeung tingkat sarjana). Teu ditedunan, sabab harita Daeng tatan-tatan ka Australia pikeun tolab élmu.
Daeng kungsi ditempatkeun di Jawatan Kebudayaan, terus jadi penilik, ari mungkaskeunana jadi Direktur Kokar (ayeuna jadi SMKI), tepi ka pangsiunna taun 1964.
“Naon waé gawéna Si Éclé sanggeus pangsiun?” cék Daeng dina tulisanana, waktu aya re-uni urut murid Kweekschool. “Nu geus tangtu beuki loba waktu pikeun saré. Tapi ari kana nyanyabaan mah resep waé. Kajeun saré dina karéta api atawa dina kapal udara.”
Tapi saenyana mah lain “saré” dina harti saujratna. Anu jelas, najan geus pangsiun gé, Daeng tetep rancagé. Éta buktina, sataun saméméh maot, Daeng masih kénéh sempet miluan Jambore Pandu Veteran anu diayakeun di Dalfen, Nagri Walanda. Padahal harita umurna geus nincak tilu parapat abad.
Kurang leuwih 30 taun sanggeus angklung diropéa, Menteri Pendidikan dan Kebudayaan RI ngaluarkeun SK No. 082/1968, anu eusina nandeskeun yén angklung diposisikeun jadi alat pendidikan musik. Sataun ti kaluarna éta SK, Daeng dilélér béntang kahormatan Satyalencana Kebudayaan ti Presidén RI.
Angklung tambah mekar. Murid-murid Daeng (di antarana Sanu’i Edia, Udjo Ngalagena, Agam Ngadimin, Permadi, Moh. Hidayat, jeung Obby AR Wiramiharja) neruskeun tapak lacakna. Musik angklung henteu ngan sawates jadi bagian tina pendidikan, tapi deuih kakayaan budaya jeung pikeun daya tarik wisata—lain waé dianggap has Jawa Barat, tapi deuih Nusantara.
Daeng meunang jujuluk Bapa Angklung Indonésia.
Daeng tilar dunya bulan April 1984. Ninggalkeun tujuh budak: Aam, Téja, Émma, Iwan, Érna, Itin, jeung Utut. Aya di antarana anu jadi pelukis wedalan Seni Rupa ITB, nyaéta nu nomer lima, anu ayeuna katelah Érna Pirous.(tamat)*
*H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments