Ku : Ridhazia
Kabudayaan jaman Firaun tétéla teu pati jauh ti Indonesia. Malah, miboga peran penting dina sagala rupa ritual pupusna raja-raja Mesir Kuno, hususna dina ngajaga mayit (mumi) sangkan awakna tetep utuh nepi ka rébuan taun.
Éta téh ku ayana tutuwuhan kamper (Dryobalanops aromatica), nu disebut dina sajarah minangka salah sahiji tutuwuhan istiméwa nu diimpor ti Kapuloan Sumatera.
Ti abad ka-4 Masehi, kamper geus jadi komoditas dagang anu panglobana dipikahayang tur kacida hargana. Dina mangsa éta, nilaina disaruakeun jeung emas, tambaga, jeung sajabana.
Asal-usul Fansur
Para padagang nyebut tempat asal kamper ieu Fansur. Panalungtik asal Perancis, Nouha Stephan, dina panalungtikanana “Kamper dina Sumber Arab jeung Persia”, sanggeus nalungtik téks-téks tradisional, nyimpulkeun yén Fansur nu dimaksud téh nyaéta Pulo Sumatera.
Éta hasil panalungtikan sajalalan jeung pamadegan Claude Guillot dina “Barus, Seribu Tahun yang Lalu” (2008), anu nyebutkeun yén Sumatera téh memang tempat asal kamper.
Arkéolog Edward Mc. Kinnon dina “Ancient Fansur, Aceh’s Atlantis” (2013) nyebut yén Fansur aya di tungtung kulon Aceh.
Sajarawan Perancis, Denys Lombard, dina “Nusa Jawa Silang Budaya” (1996) nyaritakeun yén para musafir Arab maké kapal-kapal gedé pikeun mawa kamper.
Engkéna, peran penting kamper henteu ukur dina padagangan wungkul, tapi ogé dina widang kahirupan religi. Malah, sajarah Indonesia nyatet yén lantaran perdagangan kamper, Islam bisa asup ka Nusantara dina abad ka-7 Masehi. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments