Napak Tilas

Panineungan Puasa (2): Kaayaan Sapopoe Sakitu Harenghengna

0

 

Ku: Tatang Sumarsono

 SundaNews (14/3/2025). Inget kénéh, tempat ngantri minyak tanah téh disebutna PNI. Teuing éta jatah minyak tanah téh dibagikeun atawa asalna ti partéy, teuing pédah tempat ngabagikeunana di sekretariat partéy, atawa boa di imah pangurus partéy. Apan ari PNI téh Partai Nasional Indonesia.

Enya, jaman harita téa kahirupan rahayat keur sarwa susah. Padahal ari ceuk dina lagu anu harita keur ngetop mah, “Siapa bilang rakyat kita lapar, Indonesia banyak makanan, jréng-jréng …. Mari kita bergembira ….”

Lagu jaman Ordeu Lama, jaman dipresidénan kénéh ku Bung Karno, jaman ramé ngaganyang Malaysia jeung nékolim. Tapina, najan hirup keur sarwa susah, ari pawéy mah asa mindeng da. Nya ari keur barudak mah dianggap hiburan waé, bari ngabébénjokeun beuteung nu tingkurubuk.

**

Asup ka bulan puasa dina taun 1965, karasa aya suasana anu béda. Ari sababna, dina tanggal 30 Séptémberna aya riweuh-riweuh di Jakarta, anu cenah aya sawatara jénderal dipaténi. Ari ka barudak papantaran kuring umur sapuluh taunan mah éta kajadian téh ukur hawar-hawar waé. Pokona mah kaayaan jadi genting. Anu pangheulana napel dina ingetan téh kecap “lobang buaya”. Cenah di dinya para jénderal dipergasana téh. Kacipta, liang gurawah anu loba buhayaan, garalak deuih.

Pokona mah kaayaan sapopoé jadi harénghéng. Najan ku pantar budak gé karasa suasana kawas kitu téh. Éta waé, jadi aya jam malem. Kaluar atawa udar-ider ti peuting diwatesanan waktuna. Loba tentara ngayakeun patroli bari pakarangna samakta.

Lumangsungna ririweuhan 30 Séptember téh kurang leuwih pidua-bulaneun deui ka Romadon. Anu matak, mapag bulan puasa dina taun harita mah ceuk kuring gé asa jadi béda. Keun ari lebah ngajaulna hahargaan leuwih ti misti mah, da apan keur usum harénghéng téa. Tapi éta deuih nu matak hareneg mah, dipahing nyeungeut bedil lodong, kaasup merecon jeung kembang api. Ari alesan anu tepi ka barudak mah, pangna teu meunang nyadakeun bedil lodong téh, cenah bisi saru jeung sora bedil. Da enya atuh, harita mah urang téh asa rék nyanghareupan perang, adu hareupan antara pihak kuminis jeung nonkuminis. Balaréa, hususna para pamuda ti pihak nonkuminis katémbongna téh geus loba nu saged.

Padahal ari bedil lodong téh apan kostimna bulan puasa. Asa kacida simpéna, mun bulan puasa teu kadéngé sora tingbeledug téh. Anu disebut bedil lodong, apan éta téh lain kaulinan barudak wungkul, da kolot ogé teu kurang-kurang anu resep, malah bari jeung ngagugulukeun.

Salian ti disebut bedil lodong, sok disebut bedil karbit deuih, duméh anu dipaké “amunisina” téh apan karbit meunang mékprékan ukuran sabuku ramo. Mimiti bedil lodong anu dijieunna tina awi atawa tangkal paku téh dieusian cai kira-kira satengah panyiuk. Geus kitu karbitna asupkeun, liang lodongna cocokan. Keun antep sina ngajerejes. Mun kira-kira geus hawa dina jero lodong nu ngandung gas karbit, lodong téh laju diseungeut. Jelegur waé bitu, murakeun seuneu, teu béda ti mariem atawa kanon.

Sok aya kagiatan nu disebut ngadu bedil lodong gé. Maksudna mah lain diadukeun dibabuk-babuk, tapi paharus-harus sorana. Tempatna ogé kudu dina lahan lega, upamana waé di pasawahan nu geus réngsé dipibuatan. Ngadu bedil lodong téh biasana mah antar lembur. Maksudna, rombongan ti lembur ieu ngalawan rombongan ti lembur itu.

Bedil lodongna ogé lain hiji, tapi ngajajar, sina nanggeuh dina galengan. Ngan nu jelas, posisina kudu pahareup-hareup. Anggangna gé sok aya kana saratus méterna, malah sok leuwih, atawa kahalangan ku walungan anu rubak. Biasana mah ngadu bedil lodong téh pasosoré, itung-itung ngabuburit. Atawa mun teu kitu sok sabubarna tarawéhan di masigit.

Sakanyaho, ulin bedil lodong mah leuwih murah batan ngamodal nyeungeut merecon. Enya, ari merecon mah apan mahal, ngan pédah praktis dina rék ngabeledugkeunana, da éta mah ngan kari diseungeut sumbuna wungkul, teu kudu kokotoran heula bari baju sok barau karbit.

Rék nyeungeut bedil lodong, rék nyeungeut merecon, ari lebah picilakaeunana mah nya tangtu aya. Jeung sok rajeun aya nu jadi korban. Tapi da heueuh, abong kana karesep, jeung abong budak deuih, angger wé tara pati nginget-nginget kana pibahayaeunana. Nu penting mah ramé dina bulan puasa téh, anu saenyana mah ukur ngagandéngan batur.

Tah, ti sanggeusna kajadian G30S/PKI mah euweuh wé kabiasaan nyeungeut bedil lodong téh, da teu meunang téa ku pihak anu berwajib. Anu matak bulan puasa harita mah asa tiiseun. Ari béja bakal aya perang mah, alhamdulillah teu kajadian. (tamat)*

       *Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis jeung kolumnis, carponis, novelis, esais, sastrawan jeung budayawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas