SundaNews (30/12/2024). Minangka mungkas semester ganjil 2024, TPQ MDT At-Taqwa RW 12 Kelurahan Antapani Kidul Kecamatan Antapan Kota Bandung, Jawa Barat, ngayakeun kemping di buruan sakola nu upluk-aplak lega di komplek Masjid At Taqwa Jl Purworejo No 2 Antapani Kidul, Ahad-Senen 20-21 Desember 2024. Kagiatan nu geus dijadwalkeun dina kalender akademik ieu teh, diiulan ku 50 murid (santri). Dina maleman kemping, diayakeun rupa-rupa kamonesan nu pinuh ajen atikan, di antarna kaulinan kreatif (games), gogonjakan (ice breaking), latihan dasar kapamimpinan, muhasabah, kultum jeung tahajud. (Foto: SundaNews/Susy Adianingsih)
Comments