Ku: Budi Setiawan
KONFLIK militér antara Iran jeung Israél lain ukur perkara rudal jeung drone wungkul. Tapi ogé jadi sinyal runtuhna hiji narasi idéologis nu saacanna kaciri pageuh: Zionisme. Proyék ieu, ti mimiti abad ka-20, dibungkus ku mitos suci, diproteksi ku kakawasaan impérialis, jeung dibenteng ku kakuatan senjata. Tapi kajadian panganyarna nunjukkeun yén kakuatan éta téh mimiti rapuh, boh ti luar boh ti jero.
Serangan presisi ti Iran nu bisa nembus sistim pertahanan Israél nunjukkeun yén kalungguhan militér téh lain deui bobogaan éksklusif nagara Béntang Daud. Nalika réspon militér Israél kabuktian lemah, nu dipigawé téh lain ngalawan balik, tapi ngadu ka Amérika Sarikat pikeun turun tangan. Tapi ayeuna réspon AS geus robah. Dumasar kana survei Reuters/Ipsos (2025), kalolobaan rahayat AS ayeuna nolak campur tangan langsung dina konflik Iran-Israél. Ieu nunjukkeun aya parobahan opini publik ngeunaan Israél.
Gejala saperti kitu geus lila kabaca ku Ilan Pappé, saurang sajarawan Israél anu populér kalayan kritikna nu nyangkaruk kana Zionisme. Dina artikélna nu judulna “The Brutal End of Zionism” (Sidecar, New Left Review, Oktober 2023), Pappé negeskeun yén nu keur urang saksian ayeuna téh lain kasuksésan gerakan nasional, tapi karuntuhan hiji proyék kolonialisme pamukiman nu diwangun ku cara ngaleungitkeun jeung nyingkirkeun. Anjeunna nyerat yén “Zionisme nuju ka ahirna—lain lantaran geus ngahontal tujuanana, tapi lantaran cara-cara brutal nu dipakéna geus leungit legitimasi di panon dunya.”
Numutkeun Pappé, Zionisme lain gerakan pembebasan, tapi wangun kolonialisme nu ngusir rahayat Paléstina ti tanahna minangka dasar utama. Ayeuna, proyék éta lain wungkul ditolak ku dunya internasional, tapi ogé mimiti retak ti jero—di tengah kacecéan masarakat Yahudi-Israél, tekanan sosial-ekonomi nu beuki beurat, jeung krisis moral ti generasi ngora diaspora Yahudi nu beuki vokal.
Nu matak pikaresepeun, paniten sajarah ti Pappé ieu téh saolah-olah luyu jeung pandangan spiritual Syeikh Ahmad Yassin, nu nyicingan Hamas, nu kungsi diwawancara ku Al Jazeera dina taun 1999. Anjeunna nyatakeun yén Israél bakal ragrag taun 2027. Ramalan éta dumasar kana pola 40 taun dina carita Bani Israil nu kasasar salila opat dekade lantaran ngalawan parentah Gusti. Lamun diitung ti Israél diadegkeun taun 1948, mangka 2027 téh nyaeta wates generasi katilu—masa di mana sistem kayakinan nu rapuh biasana mimiti ruksak ti jero.
Ayeuna, narasi Zionisme geus leungit ajén magisna. Dunya henteu ningali Israél deui salaku korban, tapi sabalikna: salaku panindes. Di kampus-kampus Amérika, gerakan mahasiswa jeung nonoman Yahudi progresif geus mulai nyebut Israél minangka nagara apartheid. Pangrojong buta ti nagara-nagara Kulon ayeuna mimiti dipertanyaan ku opini publik nu leuwih sadar jeung kritis.
Memang, Zionisme can tumpur sacara militér. Tapi geus mimiti leungit legitimasi moral jeung ruh idéologisna. Nalika hiji entitas geus euweuh dipercaya ku para pendukungna sorangan, karuntuhan téh ukur nunggu waktu. Sapertos kacindekan ti Pappé, Zionisme lain keur ngahontal puncak kasuksésan, tapi keur ngadeukeutan ka ahirna nu brutal jeung teu bisa kahindarkeun.
Naha urang bakal nyaksian prosés éta? Mugia…*
* Budi Setiawan, panalungtik sosial-politik, alumnus FISIP Universitas Padjadjaran Bandung, salah sahiji nu ngamimitian Forum on Islamic World Studies (FIWS) di Bandung (1994-1995).


































Comments