Kolom Sosial Politik

Vasektomi, Kontroversi KDM Deui

0

 

Ku: Ridhazia

GUBERNUR  Jawa Barat Dedi Mulyadi ngahaleuang  deui ngusulkeun ide anyar. Siga biasana, rada kontroversial.

Ayeuna, ide KDM téh ngeunaan vasektomi nu dijadikeun syarat pikeun meunangkeun bantuan sosial lima ratus rébu rupiah per bulan.

Naon ari vasektomi téh?

Vasektomi téh kontrasepsi pikeun lalaki. Ieu téh prosés nyegah ka lalaki supaya henteu bisa “ngabuahan deui” sacara permanén  pikeun nyegah kalahiran budak jeung pasanganana.

Dina istilah médis, vasektomi téh ngalibatkeun motong jeung nyumbat saluran spérma (vas deferens). Jadi, spérma moal kaluar bareng mani waktu éjakulasi.

Tetep Jantan

Lalaki sok sieun kavasektomi sabab loba isu nu nyebutkeun cenah vasektomi teh   bisa nyababkeun saurang lalaki dewasa ngarasa geus teu jadi jalu deui.

Padahal hasil panalungtikan nunjukkeun yén vasektomi téh teu mangaruhan ka kajaluan. Fungsi séksual lalaki tetep normal.

Lalaki nu geus vasektomi mah masih ngahasilkeun hormon testosteron jeung libido. Malah kamampuh pikeun éréksi ogé henteu kapangaruhan.

Maranéhna ogé masih bisa ngarasa gairah, orgasme, jeung éjakulasi siga biasa.

Mun aya efek samping ogé biasana hampang wungkul, kawas nyeri, ngagedean, atawa biru dina bagian skrotum. Inféksi jeung komplikasi serius téh jarang pisan kajadian.

Kasempetan Ngababarkeun

Lalaki téh boga kasempetan pikeun  pasanganana kakandungan (ngeusi, keureuneuh) dina umur subur antara 24 nepi ka 50 taun.

Tapi dina prakna mah, éta téh teu boga wates. Sababaraha kajadian nunjukkeun yén lalaki kolot leuwih ti 70 taun ogé masih bisanyababkeun pasanganana  boga budak.

Siga aktor Hollywood Richard Gere. Anjeunna masih bisa boga anak ti pamajikanana, Alejandra Silva. Bédana umurna 33 taun.

Saruana jeung rocker legendaris Ahmad Albar. Sanajan umurna geus 73 taun, lalaki kribo ieu masih boga budak ti pamajikan anyar, Dewi Sri Astuti. Bédana umurna 37 taun. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *