Ku: Ridhazia
ÉINGET kana iklan “Geus poho, tuh!” Tétéla dina panalungtikan panganyarna kabuktian yén pikeun jadi jalma anu pinter téh sok dimimitian ku sipat pohoan.
Panalungtikan anu dipublikasikeun dina jurnal Neuron (2017) ngajelaskeun yén mopohokeun hiji hal dina kadar tangtu téh sabenerna séhat.
Malahan bisa ngajadikeun hiji jalma leuwih pinter. Sabab, uteuk dirancang ku Gusti pikeun henteu ngantep kajadian kaleuwihan neundeun informasi.
Riset anu dilakukeun ku Blake Richard jeung Paul Frankland ti University of Toronto, Kanada, ogé ngungkabkeun yén sipat pelupa bisa nungtun ingetan jalma kana informasi anu leuwih akurat sarta kana kaputusan anu leuwih wijaksana dina mangsa nu bakal datang.
Singketna, jadi pelupa henteu salawasna disababkeun ku faktor umur saperti anu salila ieu dipikiran ku loba jalma.
Tapi leuwih dipangaruhan ku sabaraha gancang parobahan lingkungan di sabudeureun urang. Hipotesisna, beuki gancang lingkungan robah, beuki gancang ogé uteuk mopohokeun ingetan-ingetan baheula.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments