Napak Tilas

Tina Mémoar Didi Kartasasmita (1): Maklumat Perwira KNIL Ngarojong Republik Indonesia

0

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (12/8/2025). Ahir Séptémber 1945, Didi nangenan parobahan anu kaitung gancang dina kahirupan bangsa Indonésia. Geus kitu mah antukna dirina ngarasa yakin, enya geuning Indonésia téh geus merdéka. Éta waé buktina rahayat geus némbongkeun sikep jeung kaludeung dina ngabéla kamerdékaan.

Ana kitu, diri sorangan gé teu bisa mun hantem cicing, atawa terus dina posisi ngadagoan batur sina bagerak leuwih ti heula, tapi kudu terus ancrub kana galura merdéka, sangkan teu tinggaleun ku anu lian. Kamerdékaan bangsa, sok sanajan teu enya-enya ditataharkeun, tapi umumna bisa ditarima ku rayat Indonésia.

Dina bulan harita, suasana di Jakarta tambah harénghéng. Di hiji pihak, kakuatan asing geus mimiti ngaganggu kana kamerdékaan. Dina hal ieu, tentara Walanda anu aya di satukangeun pasukan Sekutu geus daratang ka Indonésia. Kapalna balabuh di Tanjung Priuk, ngakut pasukan AFNEI (Allied Forces Netherlands East Indies), dipingpin ku Letjen Sir Philip Christison, kabéhna aya tilu divisi. Ari tujuan utamana mah rék ngabébaskeun urang Éropa anu jadi tawanan Jepang, jeung rék mulangkeun tentara Jepang anu geus éléh perang. Tapi ari tentara Walanda mah tujuanana béda deui, nyaéta rék ngarebut kamerdékaan Indonésia anu umurna karék mimiti nincak dua bulan.

Kitu deui urang Walanda katut Indo anu karék kaluar tina interniran tentara Jepang, maranéhna mimiti nembongkeun sikep permusuhan ka bangsa Indonésia. Dina kaayaan kitu, tentara Jepang anu saenyana geus éléh perang gé masih kénéh nyarekel senjata. Tapi di pihak séjén, bangsa Indonésia, hususna para pamuda, dina nyanghareupan suasana kawas kitu téh henteu cicingeun. Maranéhna singkil pikeun ngabéla kamerdékaan, najan kudu narohkeun nyawa.

Didi ogé ngadéngé béja yén suasana kawas kitu téh henteu ngan di Jakarta wungkul, tapi deuih di daérah ogé sarua. Héabna kamerdékaan geus ngahudangkeun sumanget rayat. Kalawan pokalna sorangan, maranéhna geus ngabentuk badan-badan kaamanan anu popilérna disebut BKR (Badan Keamanan Rakyat).

Dina posisi urut perwira KNIL (Koninklijke Nederlands Indische Leger atawa Tentara Karajaan Hindia Walanda), Didi ngarasa boga kawajiban pikeun milu ancrub dina widang militér. Indonésia geus merdéka, tapi tacan boga tentara. Padahal tentara téh institusi resmi anu tugas utamana dina widang pertahanan . Da ari BKR mah teu kaasup tentara, tur dibentukna ogé dumasar kana inisiatif rayat. Jadi henteu dina hiji garis komando.

Ceuk pamanggih Didi, Indonésia anu merdékana geus leuwih ti sabulan kudu gancang-gancang boga tentara. Mana komo lamun niténan galagat kakuatan asing anu mimiti ngubek kamerdékaan Indonésia. Walanda geus tatan-tatan nyieun pamaréntahan anu disebut NICA (Nederlands Indische Civil Administration atawa Pamaréntahan Sipil Hindia Walanda). Tangtu waé dibentukna NICA téh bakal ngaganggu kana lajuna pamaréntahan RI.

Dumasar kana hal éta, Didi buru-buru nepungan Mr. Amir Sjarifuddin (dibaca: Amir Syarifuddin) anu ditunjuk jadi Menteri Penerangan ngarangkep jeung Menteri Pertahanan ad interim dina Kabinét RI Kahiji. Maksudna mah rék ngasongkeun gagasan sangkan Pamaréntah RI sagancangna ngabentuk tentara. Inisiatifna sorangan waé Didi nepungan Amir Sjarifuddin téh.

“Kuring téh lulusan KMA Breda, jeung kungsi jadi Letnan Satu di Kesatuan KNIL. Kuring ngarasa boga kawajiban pikeun ngabantu perjuangan Républik Indonésia. Kira-kira naon anu bisa dipigawé ku kuring?” kurang leuwih kitu pok-pokan Didi mun di-Sundakeun mah.

“Puguh waé Bung dipiharep bisa ngabantu pamaréntah. Tangtuna gé loba anu bisa dipigawé ku Bung téh,” témbal Menteri Penerangan.

Saterusna obrolan téh ngabahas opsir atawa perwira KNIL manten anu geus mimiti mihak ka NICA. Meureun maranéhanana mah ngarasa yén dununganana téh Walanda, lain pamaréntah Indonésia anu dipingpin ku tunggal sabangsa.

“Enya, kuring geus ngadéngé sual éta téh,” ceuk Amir Sjarifuddin.

“Ku urang kudu gancang-gancang dibendung,” omong Didi. Sabab, ku mihakna urut opsir KNIL ka NICA,  tangtu waé bakal ngarugikeun pamaréntah RI.

Dina itungan Didi, jumlah anggota urut pasukan KNIL anu sumebar di Indonésia téh aya kana 40 rébuna, dipingpin ku kurang leuwih 25 opsir. Tina jumlah perwira sakitu téh, aya di antarana anu geus pangsiun, upamana waé Mayor Oerip Soemohardjo (dibaca: Urip Sumoharjo).

Babadamian jeung Amir Sjarifuddin henteu putus saharita. “Kieu wé atuh, isukan Bung Didi ka dieu deui. Kuring rék badami heula jeung Bung Karno.”

Nya dina poé isukna Didi natamu deui. Ceuk Amir Sjarifudin, Bung Karno geus satuju. Pamaréntah mémang geus ngarencanakeun rék nyieun tentara. Pikeun nangtukeun saha waé jalmana, geus aya sawatara perwira PETA anu bakal diilukeun. Kacida alusna mun manten perwira KNIL gé miluan deuih.

Saterusna Didi dibéré tugas nyieun maklumat atawa wawaran anu eusina nétélakeun yén urut opsir KNIL aya di satukangeun RI. Éta maklumat téh kudu ditanda tangan ku para opsir KNIL manten, tuluy diumumkeun ka balaréa. Ku cara kitu, pangaruhna ka pihak NICA bakal gedé, sabab perwira KNIL manten anu diandelkeun ku Walanda téh dina kabuktianana mihak ka Indonésia.

Didi nepungan dua sobatna anu sarua papada urut opsir KNIL, nyaéta Samidjo (dibaca: Samijo) jeung Soedibio (dibaca: Sudibio). Duanana ogé sarua lulusan KMA Breda, ngan leuwih senior batan Didi, najan ari pangkatna mah sarua Letnan Satu.

Tina hasil babadamian tiluan, nya disusun maklumat anu eusi putusanana kieu:

Kami jang bertanda tangan dibawah ini: semoea bekas officier-officier Tentara Hindia Belanda dahoeloe, memoetoeskan

  1. Menjatakan, bahwa kami sekalian berdiri dibelakang Republik Indonesia;
  2. Menjatakan, bahwa kami sekalian siap sedia menerima segala perintah-perintah dari Pemerintah Republik Indonesia dengan kesanggoepan melakoekan perintah-perintah itoe dengan segala kekoeatan kami lahir dan batin.

Sanggeus Presidén Soekarno satuju, Didi dibéré pancén ngiderkeun éta maklumat ka para perwira KNIL manten sangkan ku maranéhna ditanda tangan.

Dina mémoarna Didi nulis kieu:

“Kami sudah memperkirakan, siapa saja calon penanda tangan maklumat itu. Jumlahnya ada belasan orang. Tempat tinggal mereka tersebar di Jawa Barat, Jawa Tengah, dan Jawa Timur. Beberapa alamat sudah saya peroleh dari teman-teman yang tinggal di Jakarta. Kami sudah memperhitungkan, pengumpulan tanda tangan ini bukan pekerjaan entreng. Faktor keamanan di perjalanan itulah yang menjadi masalah utamanya. Saya sudah mendengar, keadaan di beberapa daerah tidak aman. Namun karena niat saya sudah bulat, saya memberanikan diri melaksanakannya.”

Didi diinjeuman sedan Ford katut supirna, ditambah duit genep rébu rupia keur bekel salila nyorang lalampahan anu tangtuna gé aya kana poéna. Miangna ti Jakarta téh dina tanggal 1 Oktober 1945.

Anu nanda tangan di Jakarta nyaéta Letnan I Samidjo, Letnan I Soedibio, jeung Didi sorangan. Ti Jakarta, Didi ngajugjug Cianjur (nepungan Kapten Soewardi), terus ka Bandung (nepungan Letnan I Hidajat Martaatmadja, Letnan I Soeriadarna, jeung Letnan I Soerjosoerarso). Dina poe kahiji geus aya tujuh tanda tangan.

Ti Bandung terus ka Cirebon (nepungan Kapten Wardiman). Beng deuika Wonosobo, rék nepungan Kapten Soemarno. Hanjakal keur suwung. Saterusna Didi ngajugjug ka Yogyakarta, rék nepungan Mayor Oerip Soemohardjo jeung Letnan I Poerbo Soemitro.

Ngeunaan Mayor Oerip, dina memoar Didi ditulis:

“Pak Oerip lulus dari Militaire School (Sekolah Militer) di Meester Cornelis, tahun 1926. Beliau menjadi opsir KNIL sampai pangkat mayor. Tahun 1938, Pak Oerip dipensiun.Namun pada waktu ada mobilisasi KNIL, tahun 1940, Pak Oerip dipanggil lagi untuk berdinas, kemudian diangkat sebagai Komandan Depot Batalyon Cimahi, hingga masuknya tentara Jepang.

Ketika Hindia Belanda menyerah kepada Jepang, Pak Oerip ditahan selama enam bulan. Setelah dibebaskan, beliau kembali ke Yogya. Pak Oerip tinggal bersama istrinya sebagai orang sipil.

Menurut kabar, catatan konduitenya semenjak menjadi Letnan II sampai Mayor di KNIL, Pak Oerip selalu diberi keterangan een goed college. Satu hal lagi, kehidupan rumah tangganya harmonis. Tidaklah berlebihan jika di kalangan kami, Pak Oerip diberi julukan sebagai een groot Mensch, een goed Officier en een groot Nastsionalist.”

Saterusna Didi nepungan Kapten Bagoes Holan Soemodilogo, di Ambarawa. Ti dinya terus ka Semarang, nepungan Letnan I dr. Darma Setiawan.

Aya kana lima poéna Didi ngédarkeun éta maklumat téh. Sadatangna ka Jakarta, éta maklumat anu geus ditanda tangan ku urut perwira KNIL téh langsung dipasrahkeun ka Menteri Amir Sjarifuddin, anu saterusna dipasrahkeun deui ka Presidén Soekarno.

“Perlu juga saya kemukakan, maklumat yang telah ditanda-tangani oleh para mantan opsir KNIL itu diudarakan melalui corong Radio Republik Indonesia (RRI), kurang lebih selama sepuluh hari, dimulai kira-kira tanggal 11 Oktober. Dengan sendirinya masyarakat pun mengetahui isi maklumat itu,” ceuk Didi dina memoarna.* (nyambung)

             *   H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas