Ku: Ridhazia
JUMLAH nu ngaroko di Indonesia ngahontal 70 juta. Tapi éta masih kénéh eleh loba dibanding jeung nu ngaroko di Cina (292,8 juta) jeung India (109,74 juta).
Tina 70 juta nu ngaroko wungkul, nagara bisa meunangkeun kauntungan tina pajak jeung cukai nu leuwih gedé tibatan hasil usaha BUMN jeung pajak lianna.
Tahun 2025, tina pungutan pajak jeung cukai roko ditargetkeun ngahontal Rp230,09 triliun. Dina taun 2023 mah nepi ka Rp213 triliun. Ti saprak taun 2011, pajak jeung panghasilan tina cukai roko téh Rp73,3 triliun, terus naék jadi Rp188,8 triliun dina taun 2021.
Duit triliunan ti para nu ngaroko ieu téh leuwih gedé tibatan kontribusi pajak nu dikumpulkeun ku BUMN pikeun nambahkeun APBN, nu ukur Rp80 triliun. Malahan, duit nu dikorupsi ti BUMN leuwih gedé ti éta.
Cukai = Pajak Dosa
Tétéla cukai dina industri roko sok disebut ogé sin tax (pajak dosa). Numutkeun para ahli, sin tax téh cukai nu dipungut tina paripolah sosial, dina hal ieu paripolah nu dianggap négatif tina segi moralitas.
Salah sahijina, nagara jadi kudu nanggung waragad pangobatan alatan roko. Taun kamari (2024) karugian beban biaya ekonomi ngahontal nepika Rp 288 triliun per taun. Jadi kumaha, naha Saderek nu nyandu ngaroko kiwari, rek salilana ngaroko alatan alesan itu-ieu, atawa cenah ah rek ngamimitian we puasa ngaroko? *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung. Jawa Barat.


































Comments