Ku: Ridhazia
TINA 13 tokoh nonoman anu nyieun ikrar dina Sumpah Pamuda taun 1928, aya hiji ngaran: Sekarmadji Maridjan Kartosuwirjo (1905–1962).
Lalaki perlente asal Blora, Jawa Tengah ieu jadi sekretaris dina rarancang naskah Sumpah Pamuda dina Kongres Pamuda taun 1928 di Jakarta. Waktu harita manehna ngawakilan organisasi Jong Java anu diadegkeun taun 1915 ti cabang Surabaya.
Ditasbihkeun Jadi Pemberontak
Tinimbang dkawentar minangka pahlawan anu wani jeung berkorban, Sekarmadji Maridjan Kartosuwirjo malah dicatet dina sajarah Indonesia minangka tokoh pemberontak DI/TII dina taun 1949–1962 di Jawa Barat.
Tokoh anu ngadukung perjuangan pikeun ngadegkeun nagara Islam Indonesia ieu ahirna dihukum mati ku pihak militer sarta dimakamkeun di Pulo Ubi, Kapuloan Seribu, Jakarta dina bulan Séptémber 1962 dina umur 57 taun.
Lokasi makamna ayeuna henteu écés kénéh. Aya béja yén makamna geus dipindah ka Pulo Onrust, tapi kanyataanana can kabuktian sacara forénsik, jeung pihak kulawarga ogé teu yakin kana béja éta.
Calon Dokter
Sekarmadji Maridjan Kartosuwirjo katelah minangka nonoman anu calakan. Ti leuleutik anjeunna disekolakeun di sakola Walanda husus pikeun pribumi.
Sanggeus tamat, anjeunna neruskeun ka Nederlands-Indische Artsenschool (sakola dokter Hindia Walanda), tapi teu nepi ka lulus. Manehna dipecat lantaran kagiatan politikna anu radikal dina jaman kolonial Walanda.
Sajalan jeung Bung Karno
Salaku sesama tokoh pergerakan, Sekarmadji Maridjan Kartosuwirjo babaturan raket jeung Soekarno, Semaun, Muso, jeung Alimin.
Manehna “ngalembur élmu politik” ka pelopor pergerakan Islam, pamikir, jeung pamimpin karismatik organisasi Sarekat Islam (SI), nyaéta HOS Tjokroaminoto (1882–1934), anu dijulukan “Raja Jawa Tanpa Makuta.”
Dina jaman pendudukan Jepang, Kartosuwirjo jjadi anggota Masyumi, sarta kapilih minangka Komisaris Jawa Barat sakaligus Sekretaris I.
Sikapna béda jeung Bung Karno anu milih jalur partai nasionalis, kitu deui balad-balad séjénna anu milih partai sosialis-komunis.
Keturunan Arya Penangsang
Teu loba nu nyaho yén Sekarmadji Maridjan Kartosuwirjo turunan ti Arya Penangsang, Raja Demak abad ka-15.
Dina sajarah nasional, Arya Penangsang disebut gugur dina peperangan ngalawan pasukan Hadiwijaya atawa Jaka Tingkir, anu saterusna ngadegkeun Kasultanan Pajang.
Gara-Gara Renville
Pecahna hubungan jeung bédana pandangan politik jeung tokoh perjuangan séjén dimimitian nalika Sekarmadji Maridjan nolak Perjangjian Renville anu ditandatanganan tanggal 17 Januari 1948 dina kapal perang Amérika Serikat, USS Renville.
Manehna ngarasa kuciwa. Tinimbang nurut kana perjangjian éta, Kartosuwirjo milih ngadegkeun nagara Islam di Indonesia, anu disebut NII (Negara Islam Indonesia) di Jawa Barat dina taun 1948, kalayan puseur pamaréntahan di Malangbong, Garut.
Stigma Pemberontak
Cap “pemberontak” masih kénéh nempel dina ngaran Sekarmadji Maridjan Kartosuwirjo alatan pemberontakan DI/TII (Darul Islam/Tentara Islam Indonesia).
Manehna jadi pamimpin gerakan separatis munggaran anu boga ideologi ngadegkeun Nagara Islam Indonesia, sanajan tungtungna gagal.
Tanggal 27 Agustus 1949, pasukan DI/TII hasil ditumpas ku militer dina hiji operasi husus anu dingaranan Operasi Baratayudha.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments