Ku: Ridhazia
Stigmatisasi geus jadi hiji kaayaan anu teu bisa dihindari dina dunya pulitik dina jaman média sosial. Ieu lumangsung di sakuliah dunya, kaasup di Indonesia.
Asal Mula Stigmatisasi
Kecap stigma sacara harfiah nujul kana tanda atawa tapak cilaka tina besi panas, saperti nu dipaké pikeun nandaan awak budak dina jaman Yunani Kuna.
Sedengkeun dina jaman modéren, stigmatisasi nujul kana prosés komunikasi antara élit pulitik ku jalan mere tanda, labél, atawa atribut négatif ka hiji jalma atawa kelompok.
Inti tina stigmatisasi téh nyaéta prasangka jeung kabencian atawa kaceuceub ngaliwatan instrumen média sosial.
Bentukna bisa rupa-rupa: narasi, gambar, meme, karikatur, jeung sajabana nu dipaké pikeun nyieunan olokan atawa ngahinakeun individu jeung kelompok.
Pangna stigmatisasi téh asalna tina pamikiran nu ngawengku generalisasi négatif, stereotipe prasangka, jeung diskriminasi.
Generalisasi Négatif
Generalisasi négatif téh mangrupa kasimpulan umum nu dumasar kana pamikiran nu henteu sah, ogé dumasar kana asumsi jeung pangalaman nu kawates.
Hartina, éta henteu salawasna bener jeung henteu salawasna ngagambarkeun kanyataan nu saéstuna. Utamana lamun henteu aya klarifikasi jeung verifikasi.
Stereotipe
Stereotipe goréng nyaéta penilaian nu dumasar kana persepsi jeung prasangka goréng tina pamahaman nu henteu obyéktif dina nganggap individu atawa kelompok.
Diskriminatif
Diskriminatif hartina perlakuan atawa tindakan nu ngabédakeun hiji jalma atawa kelompok ku prasangka goréng. Ogé ngagambarkeun perlakuan nu henteu adil jeung henteu sarua.
Dina kerangka studi psikologi komunikasi, diskriminasi asalna tina distorsi kognitif, nyaéta panyimpangan pamikiran tina kaayaan aslina. Dina istilah hukum, ieu bisa disebut salaku panyelewengan fakta atawa fitnah.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi soail pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments