Ku: Ridhazia
LAGA panas antara Persija Jakarta kontra Persib Bandung dipastikeun moal digelar di Stadion GBK Jakarta. Pertandingan bakal dilaksanakeun di Stadion Segiri, Samarinda, Kalimantan Timur.
Kaputusan mindahkeun stadion pikeun duel klasik pekan ka-32 Super League Indonesia dicokot sanggeus Persatuan Sepak Bola Seluruh Indonesia (PSSI) teu meunang idin ti Kepolisian Negara Republik Indonesia, Rebo (6/5/2026).
Nekan Persib
Stadion Segiri, Samarinda, anu jadi markas kandang Borneo FC Samarinda, bisa nimbulkeun pasualan gedé.
Atmosfir pertandingan di stadion ieu sacara alamiah leuwih ngadukung ka Persija. Kaayaan éta berpotensi ngaganggu konsentrasi pamaén Persib Bandung anu keur bersaing ketat jeung Borneo FC dina papan klasemen.
Mindahkeun tempat tanding ieu disangka bagian tina skenario lanjutan “bos gedé” pikeun ngageser skuad asal Bandung tina puncak klasemen. Saméméhna, Persib ogé kapaksa narima hasil imbang kontra Dewa United FC dina laga anu dianggap kontroversial.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments