Kolom Sosial Politik

Siduru Dina Hawu di Tatar Sunda

0

Ku: Ridhazia

SAMINGGU ka tukang Bandung karasa tiis pisan. Suhuna ngahontal 14 derajat. Ieu téh hal alamiah. Henteu alatan hujan, tapi sabalikna kusabab usum halodo.

Cek BMKG, ieu disababkeun ku dominasi angin monsun Australia anu ngajadikeun Bandung jeung sabudeureunana karasa tiis  jeung tiris dina peuting jeung isuk-isuk.

Inget Siduru

Tiis anu nyucuk awak ngingetkeun deui kana tradisi siduru, nya éta ngahaneutkeun  awak dina kompor buhun anu disebut hawu, nu dijieun tina taneuh liat. Bentukna ngabagug kawas kuya.

Hawu  anu mere panas, biasa dipaké bari masak ngagunakeun dahan garing, arang kai, pelepah daun kalapa, sabut kalapa, atawa sekam pare.

Pikeun ngajaga seuneu supaya henteu pareum, warga lembur biasana maké songsong, nyaéta waditra tina awi anu dibolongkeun.

Pawon

Hawu biasana aya dina rohangan husus anu dingaranan pawon atawa dapur. Imah adat Sunda biasana dipisah-pisah rohangan: bagian hareup (teras), tengah imah (ruang kulawarga), jeung pawon (dapur).

Di pawon ieu, hawu jadi tempat kumpul kulawarga. Bari masak, hawu ogé jadi alat pikeun ngahaneutkeun awak tina tiisna hawa.

Teu hilap aya bubuy sampeu, nyaéta sampeu (singkong) anu dibubuy dina ruhay panas. Tangtu bae dibaturan ku cai teh panas,  cikopi, pleus bubuy hui atawa sampeu.*

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.