IN MEMORIAM

Sawelas Taun Dalang Asep Sunandar Sunarya Mulang (3 September 1955 – 31 Maret 2014)

0

 

Ku: Tatang Sumarsono 

SundaNews (24/3/2025). Ahir Maret 2025 ayeuna, panceg sawelas taun Asep Sunandar disaur ku Gusti pikeun mulang ka pangkonan Anjeunna. Minangka pangéling-ngéling, ieu aya tulisan ngeunaan pribadi éta dalang nu kakoncara nyieun inovasi dina dunya wayang golék. *

Nguniangna deui seni wayang golék di Jawa Barat, tangtuna gé teu bisa lésot tina jasa Asép Sunandar, dalang pencaran ti Giriharja, Jelekong, Kabupatén Bandung. Masarakat, utamana para rumaja, kahudang karesepna kana wayang téh sanggeus nyaksian karancagéan Asép mintonkeun rupa-rupa momonésna. Kesanna, pintonan wayang golék téh henteu cameubleu, tapi bari diraéh, diluyukeun kana pangabeuki barudak ngora.

Dina leungeun Asép, wayang téh henteu ngan saukur bonéka anu bisa diigel-igel, atawa digelutkeun, tapi jadi pintonan anu hirup tur komunikatif, komo lebah bobodoranana. Ari wayang anu ku Asép dijieun ikon nyaéta Si Cépot. Asép jeung Si Cépot téh bangun anu geus ngahiji, bangun anu geus sajiwa.

Asép kaasup dalang motékar, henteu ngan sawates narima élmu padalangan sakumaha ceuk guruna. Kréatif jeung inovatif mun ceuk basa popilérna mah. Wayang téh aya anu caréhamna bisa ditarik ka handap, kawas ilaharna jalma anu keur ngomong. Sungut wayang téh sakapeung cakep, sakapeung bisa calawak, malah bisa ngutahkeun emi sagala. Aya anu sirahna bisa sina bencar. Aya anu ditambahan ku suku, tepi ka dina keur diigelkeun téh kesanna leuwih hirup.

Teu kabéh satuju kana kamotékaran Asép, malah aya anu nganggap geus méngpar tina pakem. Tapi ari kalolobanana mah, pangpangna barudak ngora, nyebutkeun resep nempo pintonan wayang golék garapan Asép téh. Katangen aya unsur anyar pikeun nuturkeun jeung nyumponan pangabutuh jaman.

Najan aya nu ngiritik, malah tepi ka aya budayawan Sunda anu nyebutkeun yén wayang golek garapan Asép téh teu béda ti zombie (jurig anu hudang ti alam kubur), tapi ieu dalang téh teu terus pundung. Pokna ogé:

“Kuring kudu ngahaturkeun nuhun ka sing saha waé anu geus ngiritik, rék didasaran ku ngéwa atawa nyaah, pék téh teuing. Sajaba ti éta, meureun perlu ogé kuring nendeskeun yén naon rupa kréativitas jeung inovasi anu ku kuring dilakukeun, dina raraga tarékah sangkan seni Sunda wayang golék anu mibanda ajén adi luhung, tetep bisa hirup dina sagala jaman, kaasup dina jaman kiwari anu geuning batan sakieu loba niléy seni katut budaya deungeun anu asup ka Indonésia, pon kitu deui karasa ku urang Sunda. Atuh meureun mun wayang golék teu dimumulé ku jalan inovasi mah tangtu baris kadéséh ku budaya deungeun. Nu dipigusti ku kuring mah ngan Gusti, lain pakem, lain wayang golék, lain tali paranti. Sapamanggih kuring, pakem wayang golek lain perkara anu statis, komo kudu disakralkeun mah. Lain! Ngan di sisi séjén, kuring ogé kudu méré atawa nyadiakeun lolongkrang pikeun saha waé anu miboga pamadegan anu teu sajalan jeung pamanggih kuring, mangga téh teuing. Teu aya guna jeung mangpaatna mutuskeun silaturahmi alatan pakem jeung hal séjén anu sipatna multitapsir. Naon anu dilakukeun ku kuring, ngaropéa wayang golék ku jalan inovasi, lantaran kuring yakin yén euyeub pisan niléy-niléy kamanusaan katut Katuhanan dina seni Sunda wayang golék. Ka anu méré aprésiasi kana naon anu ku kuring dilakukeun, éta mah hak balaréa séwang-sewangan, da kuring mah darma diajar, atuh ngadalang gé darma diajar.”

Saenyana, kamotékaran Asép téh henteu sakama-kama. Da buktina wayang anu diropéa téh ukur semet tokoh panakawan (hususna Si Cépot) jeung tokoh buta. Ari para tokoh raja katut sinantria anu geus aya galurna dina pakem mah, ku Asép teu digoméng-goméng. Éta mah tetep wé sakumaha ceuk ti dituna.

Sakanyaho, Asép mimiti némbongkeun hasil inovasina téh dina taun 1982, di Hotel Preanger, Bandung. Harita ditanggapna dina pagelaran husus anu diayakeun ku para seniman Sunda, ku alpukahna Daya Seni Tradisional (Dasentra).

Dina pagelaran harita, kesanna para seniman Sunda kompak jeung guyub. Teu dikotak-kotak antara seniman tradisi jeung seniman anu garapanana geus maké kecap modéren.

Puguh gé matak hélok, wayang golék garapan Asép karasa nenggang ti nu geus ilahar. Kitu deui dina lebah bobodoranana, karasa hégar jeung aktual. Lalakon anu dipanggungkeun karasa komunikatif jeung publik anu lalajona.

**

Mun téa mah Asép bisa ngadalang, éta téh lantaran aya kokocoran ti luhurna. Bapana Asép, Abéng Sunarya (saterusna katelah Abah Sunarya) kaasup dalang popilér dina jamanna. Asép téh budak katujuh ti 13 sadulur. Jadi, pas aya di tengah-tengah.

Waktu Cucun Jubaédah (saterusna sok disebut Abu Cucun) ngandeg anu katujuh kalina, pas dina umur kandunganana tujuh bulan, cenah, kungsi ngimpi. Ari ceuk dina impinana téh, mun engké jabang bayi geus lahir, poma ulah dibéré ngaran. Éta pangna dina tanggal 3 Séptémber 1955, Abu Cucun ngalahirkeun orok lalaki, si jabang bayi téh teu dibéré ngaran, da gugon kana ilapat dina impian téa.

Dina umur 15 bulan, éta budak anu tacan bogaeun ngaran téh, ku bapana dipasrahkeun ka Éja (sok disebut Ma Jaja, adi teges Abah Sunarya), anu kabeneran teu diparengkeun boga budak.

Puguh waé Ma jaja téh ngarasa atoh, tapi deuih bari bingung. Ari sababna mah éta budak lalaki nu karék bisa diajar leumpang téh teu bogaeun ngaran. Mun batur atawa tatangga aya anu nanya perkara ngaran, rék kumaha ngajawabna? Éta gé aya pikiran rék dibéré ngaran, tapi apan amanat ti bapana budak téh ulah, cenah.

Nya ahirna mah dicokot jalan tengah, anu sakirana teu ngarempak amanat bapana budak. Ku Ma Jaja, éta budak lalaki téh disebut Sukana. Maksudna mah sasukana, alias sakahayang nu nyebut. Enya, teu boga ngaran-ngaran kénéh wé apan ari kitu mah. Ngan ku sabab budakna lalaki, ku anu séjén téh sok disebut Asép. Enya, apan ari lingkungan masarakat Sunda mah, hususna di Priangan, ka budak lalaki téh geus ilahar disebut Ujang, Encép, atawa Asép. Cindekna, anak kukut Ma Jaja téh sok pada nyebut Asép ahirna mah. Mun rék dipanjangkeun nya jadi Asép Sukana.

Kurang leuwih umur tujuh taun, Asép geus katémbong karesepna. Resep kana ngukut sasatoan, ti mimiti manuk, hayam, ucing, tepi ka anjing. Resep dipangdongéngkeun atawa dipangawihkeun dina saban rék saré. Jeung resep nyieun wawayangan tina daun sampeu, atawa tina taneuh porang. Ari kitu téa mah lantaran aya turunan ti bapa anu jadi dalang tangtuna gé, sok sanajan Asép tacan apaleun saha ari indung-bapana pituin. Enya, da ku Maja Jaja téh dirusiahkeun pisan. Ka saha waé ogé Asép téh sok diakukeun anak teges, lain anak kukut.

Umur 16 taun, karék waé ditembrakkeun yén Asép Sukana téh saenyana anak teges Abah Sunarya. Lanceuk Asép anu nomer dua, nyaéta Adé Kosasih, harita geus mimiti manggung jadi dalang.

Asép gé milu nuturkeun. Mimitina mah tina cacarakan heula, ngadalangna téh tacan wanieun sapeuting jeput. Biasana mah mun peutingna Abah Sunarya rék manggung, dina beurangna Asép sok minton, disebutna téh ngabeurangan. Manggung kawas kitu téh minangkana mah praktékna dalang ngora anu keur guguru. Ari Asép. Nya ka bapana waé guguruna téh.

Hiji waktu, Asép Sukana manggung di Luragung, Kuningan. Kawas sasari, Asép kagiliran manggung pabeubeurang. Harita Abah Sunarya togmol nyarita, “Ngéwa ngaran silaing Sukana téh geuning. Geus waé ganti ku Sunandar.”

Nya ti harita boga ngaran Asep Sunandar téh. Minangka émbohna, ditambahan Sunarya. Keur mah posisina salaku guru ngadalang, katurug-turug apan bapana pituin. Jadi merenah pisan mun ngaranna jadi Asép Sunandar Sunarya téh. Di lingkungan dalang mah apan ngaran guru téh sok dipaké ku murid-muridna.

Dina keur cacarakan, saban Asép manggung, ku bapana tara ieuh dipuji, malah mimindengna mah dicempad. “Goréng geuning ngadalang téh,” ceuk Abah Sunarya. Ngan waé Asép mah tara delitan, komo pundungan. Sanajan dicempad ku bapa anu sakaligus jadi guru téh teu ngalantarankeun manéhna putus asa. Anu puguh mah terus mikir, kumaha carana sangkan bisa alus dina ngadalang.

Hiji waktu, Asép ngadalang bari diselapan ku bobodoran. Abah Sunarya anu keur nyaksian bisa seuri, malah terus muji, “Tah, mimiti alus ngadalang téh ayeuna mah, euy,” pokna.

Dipuji ku anu jadi bapa, Asép tambah sumanget diajar ngadalangna. Manéhna réa tatanya, bari terus mikir, kumaha carana ningkatkeun pintonan wayang golék.*

     *Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis jeung kolumnis, esais, carponis, novelis, sastrawan jeung budayawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah  Sastra  Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in IN MEMORIAM