Ku: Ridhazia
MENTERI Keuangan Purbaya Yudhi Sadewa ngarencanakeun redenominasi. Artina, duit sarébu rupiah bakal jadi sahiji rupiah wungkul, tanpa ngarobah kakawasaan meuli (daya beli).
Aturan ngeunaan panyederhanaan nilai nominal éta direncanakeun réngsé dina taun 2027, sarta ditargetkeun jadi UU Redenominasi dina taun anu sarua.
Léngkah anyar ieu saenyana kungsi dilakukeun dina jaman Orde Lama, pasna tanggal 13 Désémber 1965. Waktu harita, pamaréntah ngaleungitkeun tilu angka nol dina mata uang heubeul.
Contona, duit Rp 1.000 heubeul digantikeun ku Rp 1 anyar, tapi kakawasaan meulina tetep sarua, henteu robah dina nilai tukar di pasar.
Naon Éta Redenominasi?
Redenominasi béda jeung sanering. Dina sanering, nilai duitna dipangkas — éta kungsi kajadian taun 1959. Ari dina redenominasi mah, jumlah digit dina pecahan duit dikurangan, tapi nilai sabenerna tetep sarua.
Kalayan kecap séjén, redenominasi téh ngan pikeun nyederhanakeun catetan kauangan jeung ngaronjatkeun éfisiénsi transaksi.
Salian ti éta, léngkah ieu ogé bisa nembongkeun kapercayaan ékonomi sarta ngaronjatkeun citra nagara di paningal dunya, ogé ngamudahkeun sistem pamayaran.
Ku ayana duit anyar anu pecahanana leuwih basajan, sistem kauangan jeung catetan akuntansi ogé jadi leuwih gampang diatur.
Jumlah digit anu loba dina mata uang téh jadi masalah dina usaha gedé, kaasup dina software akuntansi jeung sistem IT perbankan, utamana pikeun angka anu leuwih ti 10 triliun.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments