Kolom Sosial Politik

Salah Sangka Ngeunaan Anarkisme

0

 

Ku: Ridhazia

DEMONSTRASI  akhir Agustus 2025 di Indonesia meunang perhatian ti Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB), utamana kusabab pamakean kakuatan aparat kaamanan nagara anu dianggap kaleuleuwihan.

Sedengkeun élit politik dina mangsa Présidén Prabowo téh sabalikna nganggap yén demonstrasi mahasiswa, buruh, jeung masarakat sipil di Jakarta ogé kota-kota gedé séjénna minangka gerakan anarkis.

Teu lila ti harita, saurang élit kaamanan nyatakeun yén kelompok demonstran éta nganut paham anarkisme. Malah leuwih jauh deui, para demonstran dituduh boga afiliasi jeung jaringan anarkisme internasional.

Demonstrasi lain Anarkisme!

Dina perspektif anarkisme, demonstrasi téh lain kalakuan anarkis. Demonstrasi ogé lain ékspresi pilihan bébas, tapi leuwih ka hasil tina katerpaksaan sajarah.

Para penganut anarkisme ngedalkeun yén teu aya demonstrasi nu mucunghul dina ruang kosong. Unggal demonstrasi téh ékspresi tina penderitaan anu karandapan sacara kolektif. lain kusabab agitasi émosional pribadi, tapi minangka ékspresi lantaran pangawasa geus gagal mere kaadilan anu cukup penting pikeun rahayat.

Perspektif anarkisme nganggap yén demonstrasi téh minangka wangun praksis politik tina rahayat anu mimiti sadar kana posisina dina hubungan antara rahayat jeung pangawasa.

Saha nu nunggangi?

Tuduhan yén demonstran “ditunggangi” sakumaha ceuk élit politik anu keur manggung, pikeun paham anarkisme, éta mah teu leuwih ti strategi idéologis kelas pangawasa pikeun ngadelegitimasi gerakan rahayat.

Tibatan rahayat dituduh ditunggangi, saenyana mah kapitalisme anu nunggangi nagara, kaum pemodal nunggangi hukum, jeung oligarki nunggangi institusi démokrasi.

Asal Usul Anarkisme

Anarkisme téh hiji idéologi anu nolak nagara jeung hirarki tina kapitalisme minangka sistem ékonomi anu nganut kapamilikan pribadi jeung pasar bébas.

Anarkisme jadi perlawanan pamikiran anu diwangun ku filsuf politik abad ka-19, Pierre-Joseph Proudhon (1809–1865), anu ngajangjikeun yén anarkisme téh minangka “perlawanan” idéologis ka kapitalisme, sabab kapitalisme téh sistem panindasan anu ngamangpaatkeun nagara ku cara kakerasan.

Sedengkeun sacara étimologis, kecap anarkisme asalna tina basa Yunani Kuno anarkhia (ἀναρχία), anu hartina “tanpa pangawasa”. Sedengkeun frasa -isme nuduhkeun hiji aliran idéologis anu ngadukung anarki.

Anarkisme vs Kapitalisme

Mayoritas tradisi anarkis, saperti anarkisme sosial, kacida ngelakna kana kapitalisme. Dina pasualan pamikiran, anarkisme nganggep yén kapitalisme geus nyiptakeun “naraka dunya”.

Anarkisme minangka gerakan politik ngupayakeun ngaleungitkeun sakabéh sistem politik jeung ékonomi anu ngabadikeun otoritas, paksaan, atawa hirarki, utamana nagara anu dumasar kana kapitalisme.

Sanajan kitu, anarkisme ogé lain tanpa kritik. Biasana kalangan anu muja kapitalisme nganggep yén anarkisme téh gerakan anti-kapitalis anu mindeng ngamajukeun téori ékonomi sosialisme libertarian.*

  * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.