Ku: Ridhazia
RUU Perampasan Aset ieu geus digagas ti taun 2009 jeung rancangan kahijina réngsé taun 2012.
Dua kali Présidén Jokowi ngusulkeun ka DPR. Tapi nepi ka ayeuna kénéh tacan aya bahasanana.
Padahal perampasan aset téh darurat pikeun dijadikeun undang-undang sangkan nambahan panghasilan keuangan nagara. Utamana sabab Présidén Prabowo rék nambahan deui hutang nagara Rp781,9 triliun pikeun anggaran taun 2026.
Prabowo: “Urang sita wé!”
Prabowo kungsi sesumbar dina pidato dina Poé Buruh, 1 Méi 2025, yén anjeunna ngadukung RUU Perampasan Aset supaya geuwat dibahas ku pamaréntah jeung DPR.
“Enak wé, geus nyolong henteu daék mulangkeun aset. Urang tarik wé, nya! Satuju?” kitu saur Prabowo di hareupeun para buruh harita.
Instrumen Hukum
Rancangan Undang-Undang atawa RUU Perampasan Aset mun geus jadi UU, bakal jadi instrumen hukum pikeun mulangkeun karugian tina korupsi.
Utamana lamun aya aset hasil kajahatan nu teu bisa disita lantaran palakuna maot, kabur, atawa can divonis, éta aset bisa dipulangkeun ka nagara.
Ku ayana instrumen hukum perampasan aset, nagara bisa ngalakukeun panyitaan tanpa kudu ngantosan vonis pidana.
Teu Ngamiskinkeun
Nepika ayeuna, sistem hukum di Indonesia ngeunaan tindak pidana korupsi can kungsi bisa ngamiskinkeun koruptor.
Sababna, perampasan aset téh masih kénéh maké prinsip “conviction-based asset forfeiture,” nya éta aset ngan bisa disita lamun palakuna geus kabuktian salah dina prosés pidana.
Padahal, dina loba kasus, palaku kajahatan teu bisa diharepkeun hadir di pangadilan, misalna lantaran kabur atawa maot.
Cuma Slogan
Ku ayana UU Perampasan Aset, harepan pikeun ngamiskinkeun para koruptor lain ukur jadi slogan deui.
UU Perampasan Aset bakal jadi dasar hukum anu kuat pikeun nyita sakabéh kabeungharan hasil tina kajahatan, sanajan geus dialihkeun ka pihak séjén.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments