Kolom Sosial Politik

Revolusi Rakyat

0

Ku: Ridhazia
TI Revolusi Prancis, Revolusi Bolshevik nepi ka Revolusi Islam Iran. Frasa revolusi balik ngageleger deui dina jagat politik Indonesia sanggeus lila katutupan ku kecap reformasi taun 1998.

Kiwari, kecap revolusi dipaké deui dina unjuk rasa anu ngusung tajuk “Revolusi Rakyat Indonesia” di Jakarta (25/8/25).

Akar Kecap

Kecap revolusi asalna tina basa Latin nyaéta revolutio, hartina parobahan haluan.
Saterusna kecap ieu diasupkeun kana basa séjén saperti Prancis (révolution) jeung Walanda (revolutie), saméméh tungtungna asup ka basa Indonesia (revolusi).

Revolusi identik jeung parobahan gedé, kolosal, luar biasa. Skala jeung derajatna kacida lega, agung, jeung spektakuler dina sosial politik pikeun ngalawan kamapanan jeung hegemonina panguasa.

Akar Sajarah

Akar sajarah revolusi geus mucunghul ti abad ka-15. Tapi ngan opat revolusi sosial politik nu kacatet pangepikna dina sajarah manusa.

Kahiji, Revolusi Prancis (1789–1799).
Pergolakan politik ieu disebut pangradikalna, lantaran sanggup ngarobah tatanan sosial politik: feodalisme, aristokrasi, jeung monarki diruntuhkeun.

Kadua, Revolusi Rusia 1917 anu leuwih kasohor minangka Revolusi Bolshevik.
Digagas ku Vladimir Ilyich Lenin (1870-1924) alatan béda sosial anu kacida jomplangna antara rezim Tsar jeung kaum buruh ogé patani.

Katilu, Revolusi Amérika (1765–1783).
Gerakan merdika ti jajahan Inggris. Mimiti dipicu ku panolakan pajeg ti Inggris, tuluy mekar jadi perlawanan bersenjata, nepi ka ngalahirkeun nagara Amérika dina 4 Juli 1776.

Kaopat, Revolusi Islam Iran taun 1979.
Revolusi anu ngarobah nagara monarki jadi Républik Islam Iran. Dipangkal ku tradisi Syiah anu ngalahirkeun pamikir revolusioner saperti Ali Syari’ati jeung Ayatollah Ruhollah Khomeini.

Revolusi Islam Iran nepi ka dianggap minangka “revolusi gedé katilu dina sajarah” sanggeus Revolusi Prancis jeung Revolusi Bolshevik.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Guung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.