Oleh: Ridhazia
PRESIDEN Prabowo henteu keur nyieun kejutan. Anjeunna ngan saukur hoyong mastikeun, yén kalungguhan pulitik minangka panglima pulitik sakaligus ogé panglima hukum bisa dimaksimalkéun.
Sakumaha anu geus ditembnongkeun dina kaputusan abolisi pikeun mantan Menteri Perdagangan Tom Lembong jeung amnesti pikeun Sekjen PDIP Hasto Kristianto.
Panglima Hukum
Panglima hukum — nu ditarjamahkeun jadi “panglima tina hukum” atawa “komandan hukum” — dipaké pikeun ngagambarkeun yén hukum saestuna kudu jadi kakuatan pangluhurna présidén dina ngatur jeung ngadalikeun sagala tindakan hukum.
Kapala nagara miboga kawenangan pangluhurna dina nyokot kaputusan anu hayang dihontal dina sistem hukum nu adil jeung ngajaga kaadilan, dimana hukum bener-bener jadi panglima pikeun ngajaga rahayat tina kaayan nu henteu adil.
Sanaos kitu, kaputusan ti panglima kadang-kadang bentrok jeung kanyataan kakawasaan pulitik jeung kapentingan pribadi nu hese dihindarkeun. Malah kadang boga potensi melemahkeun kakuatan hukum éta sorangan.
Panglima Pulitik
Pulitik salaku panglima nekenkeun yén pulitik boga kalungguhan pangluhurna sarta nangtukeun arah kawijakan.
Kecap panglima dina kontéks ieu nuduhkeun yén pulitik mibanda kalungguhan pikeun mingpin jeung ngadalikeun, kumaha kaputusan pulitik présidén bisa ngahontal tujuan nu dipikahayang.
Ku kecap séjén, kapentingan pulitik jadi prioritas utama, sanajan sering bentrok jeung hukum. Malah rawan ogé dipaké pikeun kapentingan pribadi. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments