Kolom Sosial Politik

POLITIK HALUSINASI Propaganda Kosong

0

 

 

Ku: Ridhazia

PULITIK  téh patali jeung kakawasaan. Ari pulitik halusinasi mah nyambung jeung pulitik nu dikonstruksi jeung dirasakeun ku para pulitisi nu keur ngalaman halusinasi.

Dina kontéks médis, pulitisi nu ngalaman halusinasi téh jalma nu ngalaman gangguan dina persepsi pulitik.

Eta hal biasana kajadian lantaran aya gangguan kaséhatan méntal saperti skizofrenia atawa déménsia, gangguan saraf, atawa pangaruh samping tina ubar-ubaran.

Gangguan persepsi pulitik ngarujuk kana distorsi atawa kabiasaan salah dina nangkep atawa naksir isu pulitik nepi ka manéhna ngarasa aya sensasi pulitik nu sabenerna mah henteu nyata.

Kasalahan ieu bisa kajadian ku sabab faktor-faktor saperti prasangka, émosi, kurangna informasi, atawa pangaruh média nu henteu proporsional, nu tungtungna nyababkeun salah dina nilik fakta jeung salah dina napsirkeun kajadian pulitik. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial politik, bermukim di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *