Kolom Sosial Politik

Playing Victim:  Ngabohong Jadi Korban

0

Ku: Ridhazia

Diberitakeun, saurang aktivis teu daék jadi saksi perkara pidana. Tibatan méré katerangan ngeunaan tuduhan penghinaan, manehna malah nolak pikeun diperiksa. Malah nétélakeun ka média yén dirina téh korban pulitik.

George K. Simon (1996) dina bukuna In Sheep’s Clothing: Understanding and Dealing with Manipulative People ngajelaskeun yén jalma nu sok “maén jadi korban” téh sarupa jeung manipulator. Kabeneran ukur numutkeun versi dirina sorangan.

Sakumaha kuatna, jalma ieu bakal narik simpati. Ngarebut haté masarakat ku cara neken rasa iba. Ngababar carita yén manehna dizalimi.

Maén Jadi Korban

Strategi narik simpati ku cara nyaruakeun nasib tapi sabenerna manipulatif, ieu téh ilahar disebut “playing victim” atawa maén jadi korban.

Nu ngalakukeunana sok nyanghareupan dirina minangka pihak protagonis. Sedengkeun nu dituduhna diposisikeun salaku antagonis.

BPD jeung NPD

Sikep nyarita atawa ngageroan dirina salaku korban, dina élmu psikologi patali jeung gangguan psikis, di antarana nyaéta Borderline Personality Disorder (BPD) jeung Narcissistic Personality Disorder (NPD).

Lamun BPD kaasup kana gangguan méntal nu serius, ditandaan ku citra diri nu jauh tina fungsi nu séhat.

Utamana, henteu mampuh ngajaga persepsi ngeunaan dirina sorangan sacara stabil. Sok robah-robah. Cara nyarita teu kaatur. Jeung sering maksa kahayangna sorangan.

Sedengkeun NPD nyaéta gangguan kapribadian, mangsa hiji  jalma ngarasa dirina kacida pentingna. Butuh dipuji lebay, sarta reueus pisan kana nu geus kahontal.

Bisa jadi ngeunaan kakawasaan, gelar, pangkat, jeung kaahlian. Nepika kana kageulisan atawa kaseksian, turunan, atawa warisan sosial.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.