Ku: Ridhazia
TUJUH nagara tina 48 nagara pamilon geus dipastikeun teu boga kasempetan deui pikeun nuluykeun lalampahanana dina turnamén bergengsi Piala Dunia 2026. Arinyana tigujubar ka laut!
Timnas Qatar jeung Républik Céko jadi dua tim panungtung nu kudu angkat koper, sanggeus saméméhna Haiti, Turki, Tunisia, Yordania, jeung Panama leuwih ti heula leungit kasempetan pikeun lolos ka babak saterusna.
Nasib Jepang jeung Koréa Kidul
Sim kuring kaasup nu mikaresep dua skuad asal Asia ieu. Sanajan kitu, lalampahan duanana dina Piala Dunia 2026 béda pisan.
Jepang tampil nyongcolang sarta kokoh di puncak Grup F, jadi salah sahiji kakuatan utama nu can kungsi éléh salila fase grup. Skuad Samurai Biru nembongkeun kaulinan anu agrésif jeung konsistén. Hasil positif éta mastikeun Jepang ngaléngkah mulus ka babak gugur 32 gedé.
Sabalikna, lalampahan Koréa Kidul kudu eureun leuwih ti heula dina fase grup. Léngkah tim Taeguk Warriors dina Piala Dunia 2026 teu bisa diteruskeun sanggeus gagal ngahontal hasil nu dipiharep.
Aya di Grup A babarengan jeung nagara tuan rumah Méksiko, Républik Céko, jeung Afrika Kidul, Koréa Kidul gagal ngamankeun hiji tikét otomatis pikeun lolos ka babak 32 gedé.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments