Ku: Ridhazia
JAWARA back to back Liga 1 2024-2025 kacatet minangka nu pangbeungharna kalawan valuasi ngahontal Rp89,43 milyar.
Malah jadi salah sahiji klub paling beunghar di Asia Tenggara anu dibanderol kalawan harga Rp1,1 triliun.
Sukses Pangeran Biru jadi jawara Liga 1 2024-2025 can aya nu bisa nyalip ti klub-klub top séjén.
Ti saprak 9 Séptémber 2009, kapamilikan Persib Bandung sacara resmi janten milik PT Persib Bandung Bermartabat.
Pangusaha Glen Sugita jadi salah sahiji tokoh penting di balik kasuksésan finansial Persib Bandung. Total kakayaan Glenn ditaksir ngahontal Rp29,7 triliun.
Pamaén Pangmahalna
Sanajan jadi jawara Liga 1 2024/2025 tur jadi klub pangbeungharna, euweuh hiji ogé pamaén ti skuad Persib Bandung anu kacatet minangka pamaén jeung bayaran pangmahalna.
Numutkeun data ti Transfermarkt, tina 10 pamaén bal pangmahalna di Liga 1 2024/2025, ngan ukur Rizki Ridho pamaén asli Indonésia ti Persija anu kacatet dina peringkat pangmahalna.
Sedengkeun bayaran pangmahalna dicangking ku Sebastián Álvarez (PSBS Biak) kalayan bayaran Rp10,43 milyar.
Saterusna, Jaime Moreno (Barito Putera) – Rp8,69 milyar, Tamirlan Kozubaev (Persita Tangerang) – Rp8,69 milyar, Rizky Ridho (Persija Jakarta) – Rp8,69 milyar, Francisco Rivera (Persebaya) – Rp7,82 milyar.
Satuluyna, Dime Dimov (Persebaya) – Rp7,82 milyar, Marcelo Cirino (PSS Sleman) – Rp6,95 milyar, Alexis Messidoro (Dewa United) – Rp6,95 milyar, Jaja (Dewa United) – Rp6,95 milyar, jeung Yuran Fernandes (PSM Makassar) – Rp6,95 milyar. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments