Ku: Ridhazia
IMPIAN goréng anu panjang pikeun rahayat Israél jeung Paléstina ayeuna geus tamat sanggeus dua taun perang anu ngancurlebur Jalur Gaza sarta ngaguncang daérah Wétan Tengah.
Dua musuh tutunggulan, Israél jeung Hamas, ayeuna ngamimitian bab anyar nuju kana perdamaian sanggeus dua taun silih perang.
Dina poé Senén (13/10/2025) waktu satempat, pihak Hamas geus nyerahkeun kelompok panungtungan tina sandéra Israél anu masih hirup. Israél ogé ngabébaskeun rébuan tahanan Paléstina.
Kabébasan éta nandaan tamatna konflik sarta mangrupa bagian tina perjangjian gencatan senjata anu difasilitasi ku Amérika Sarikat.
Sirineu Teu Ngabunyi Deui
Présidén AS Donald Trump, anu mingpin usaha diplomatik éta, ngumumkeun sacara resmi tamatna perang dina pidato di Knesset, parlemen Israél.
“Langit ayeuna tenang, bedil geus eureun, sirineu teu ngagero deui, jeung panonpoé nyorang di Tanah Suci anu tungtungna katengtreman,” ceuk Trump.
Hartina, impian goréng anu panjang pikeun rahayat Israél jeung Paléstina ayeuna geus réngsé.*
* Ridhazia, dsen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments