Ku: Ridhazia
“SO here I am happy and healthy sailing to Gaza,” kitu ceuk Wanda Hamidah bari ngabagikeun potrét dirina waktu keur nangtung di Portopalo, Italia.
Manéhna jeung sabagian aktivis anu ngagabung dina Global Sumud Flotilla (GSF) waktu harita aya di Italia, keur nungguan kapal anu keur didandanan saméméh tuluy balik ngalayar ka Gaza.
Tapi, sakumaha biasana, béja panganyarna ti artis jeung pulitikus ieu — Wanda Hamidah, babarengan jeung aktivis asal Indonésia Fathur Harits jeung Muhammad Husein — deuih ngalaman halangan sabab kapal Nusantara anu diséwa teu meunang idin pikeun ngalayar.
GSF téh koalisi aktivis anu ngirimkeun bantuan kamanusaan ti rupa-rupa nagara di dunya pikeun Palestina.
Keturunan Pangeran Diponegoro
Wanda Hamidah, S.H., M.Kn., saméméh asup dunya pulitik liwat PAN jeung NasDem, kungsi jadi aktris, modél, aktivis, ogé notaris.
Disebat-sebat yén Wanda téh turunan Pangeran Diponegoro, hiji pangeran ti tanah Jawa anu jadi putra sulung Hamengkubuwana III sarta miboga peran penting dina Perang Jawa taun 1825 nepi ka 1830.
Alesan Indit ka Gaza
Nalika ditanya kunaon manéhna milu ngalayar ka Gaza, jawabanana basajan tapi jero. Aya rasa kamanusaan anu kuat, ogé muatan filosofis.
Dina hiji unggahan dina Jumaah (19 Séptémber 2025), manéhna nyerat kieu:
> “Kuring teu sanggup ngan saukur ningali jalma-jalma Palestina dibunuh sacara brutal unggal poé ku kaum zionis — ti orok nepi ka kolot, komo anu masih aya dina kandungan.”
Dina akun Instagram-na, manéhna ogé ngedalkeun harepanana bari nyelapkeun doa:
> “Mugia Allah ngalembutkeun laut, angin, panonpoé, jeung béntang dina pelayaran ieu. Mugia Allah ngajaga sapertos nalika Allah ngajaga Nabi Musa AS tina pasukan Fir’aun.”
Mugia hasil jeung salamet, Wanda!*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi soail pulitik. nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments