Ku: Ridhazia
PERANG Iran jeung Israel téh kaasup perang asimétris. Disebut asimétris lantaran perang antara dua nagara ieu lain ukur adu kakuatan pakarang jeung jumlah tentara. Tapi ogé perang inteléktual dina diplomasi jeung propaganda.
Cindekna, perang asimétris dirancang pikeun lumangsung dina waktu singkat, samar, tapi bisa ngalumpuhkeun. Jeung deuih, pangaruhna leuwih dasyat.
Dina perang asimétris, teu écés saha nu jadi korban, saha nu nyerang, jeung saha nu diserang.
Pamaén Pangaganti
Dina perang asimétris, perang proksi jadi hal nu teu bisa dipisahkeun pikeun ngabulukeun konflik antara dua kakuatan tanpa kudu papacangan langsung.
Tapi ngagunakeun nagara séjén nu jadi sohib atawa sekutu, nu biasana disebut “pamaén pangaganti”, pikeun ngahindarkeun konflik langsung. Tapi ieu ogé bisa nyababkeun perang antara loba nagara, nepi ka perang dunya.
Diplomasi jeung Embargo
Pikeun ngalawan jeung ngéléhkeun musuh, pihak-pihak nu bentrok bakal ngajalankeun rupa-rupa cara séjén.
Sabagé wujud perang nu teu teratur, inteléjén téh jadi kawajiban. Para kombatan musuh téh lain tentara resmi saperti dina strategi perang konvénsional.
Perang asimétris ngawengku ogé perang ékonomi, pulitik, sosial, jeung budaya. Salah sahiji nu paling populér dina perang modéren téh nya éta palarangan atawa embargo pakarang nepi ka embargo ékonomi, minangka hukuman atawa tekanan pulitik.
Langkah diplomasi kawas lobi jeung adu argumen dina rapat darurat Déwan Kaamanan di Markas Besar PBB, New York.
Malahan bisa waé aya gerakan dukungan ti tokoh-tokoh kusabab sarua agama, asal usul ras, suku, atawa daérah.
Kamungkinan séjén téh aya ogé aksi terorisme pikeun nyiptakeun rasa sieun jeung kagagancangan salaku bagian tina perang asimétris.
Ngagulingkeun Rézim
Dina kontéks pulitik, perang asimétris bisa ogé dilaksanakeun ku cara maéhan tokoh pulitik nu boga pangaruh. Malahan nepika ngagulingkeun rézim nu keur nyekel kakawasaan.
Propaganda média massa, disinformasi, serangan siber, jeung mobilisasi pulitik ku pihak oposisi di jero nagara téh geus jadi hal nu lumrah dina perang asimétris.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, pemerhati psikologi dan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments