Kolom Sosial Politik

Peradaban Islam

0

Ku: Ridhazia

SERANGAN  9/11 dina 11 Séptémber 2001 di World Trade Center jeung Pentagon New York, Amerika Serikat,  nyababkeun parobihan pandangan Barat  kana peradaban Islam.

Salah sahiji anu kapangaruhan nyaéta Cara Carleton “Carly” Fiorina. Manéhna mangrupa  figur politik sekalian pangusaha asal Amérika Sarikat. Manéhna kungsi jadi CEO Hewlett-Packard ogé pupuhu organisasi filantropik Good360.

Peradaban Pangagungna

Dina pamikiranana, manéhna nyarita yén Islam téh peradaban pangagungna di dunya. Peradaban anu mampuh nyiptakeun hiji nagara super-benua anu manjangan ti sagara ka sagara, ti iklim kalér nepi ka daerah tropis jeung gurun.

Salian ti dominan dina kahirupan ratusan juta jalma tina rupa-rupa kapercayaan jeung étnis, basa anu digunakeun ogé jadi basa universal di sabagéan  gede dunya.

Pasukanna diwangun ku rupa-rupa suku jeung ras tina loba nagara. Perlindungan militérna ngamungkinkeun ayana katengtreman jeung kamakmuran anu saacanna can pernah kapikirkeun.

Jangkauan atawa ambahan dagang peradaban ieu mecenghul ti Amérika Latin nepi ka Cina, sarta di mana waé antara éta duaan.

Peradaban ieu pohara maju kusabab panalungtikan sarta inovasina. Arsitek-arsiteknana ngarancang wangunan anu ngalawan gravitasi. Matematikawanna nyiptakeun aljabar jeung algoritma anu janten dasar pembuatan komputer sarta énkripsi.

Dokter-dokterna henteu ngan saukur nalungtik awak manusa, tapi ogé manggihan  ubar anyar pikeun sagala rupa panyakit.

Astronom-astronomna nalungtik langit, masihan ngaran ka béntang-béntang, sarta muka jalan pikeun panalungtikan jeung perjalanan ka luar angkasa.

Panulis-panulisna nyiptakeun rébuan carita—dongéng ngeunaan kawani, kaasih, jeung kaajaiban.

Pujangga-pujanggana nulis ngeunaan kanyaah, nalika kabudayaan séjén sieun mikirkeun hal éta.

Nalika bangsa séjén sieun kana pamikiran bébas, peradaban Islam malah berkembang pesat tur ngajaga hirupna élmu pangaweruh.

Sajaba ti éta, nalika peradaban séjén hayang mupus élmu pangaweruh ti peradaban baheula, peradaban Islam malah ngajaga élmu éta tur neraskeun ka generasi salajengna.

“Peradaban anu abdi sebat nyaéta dunya Islam ti taun 800 nepi ka 1600, anu ngawengku Kakaisaran Ottoman, ogé karajaan di Baghdad, Damaskus, jeung Kairo, sarta raja-raja tercerahkan sapertos Suleyman Agung,” ceuk “Carly” Fiorina.

Dina biantara panutupan, manéhna negeskeun: “Sanajan urang mindeng teu sadar kana hutang urang ka peradaban ieu, kado-kadona geus jadi bagian tina warisan urang. Industri téknologi moal aya upami tanpa kontribusi ahli matematika Arab.” *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik,  nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

    

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *