Kolom Sosial Politik

“Parcok Jeung Nagara Pulisi”

0

Ku: Budi Setiawan

CARITAAN ti Deddy Sitorus, nu jadi wakil rakyat ti PDIP, ngeunaan aya dua jenderal pulisi nu dituduh ngadukung calon bupati atawa wali kota dina Pilkada 2024, geus jadi obrolan panas (Republika, 27/11/2024). Deddy teges pisan nyorot kaayaan nu disebutna “partai coklat” atawa “parcok”, nu maksudna nyaeta aparat pulisi nu make seragam coklat. Kritik ieu nunjukeun rasa khawatir nu jero ka netralitas lembaga nu kudu jadi pilar demokrasi.

Kaayaan “parcok” ieu teh minangka cerminan tina gagalna reformasi dina lembaga kapulisian nu dimimitian sanggeus taun 1998. Reformasi waktu harita mah tujuanana pikeun misahkeun pulisi jeung militer sarta dijadikeun lembaga sipil nu profésional jeung netral. Tapi, campur tangan pulitik dina tubuh Polri mah terus aya, malah leuwih cepet dina 10 taun terakhir dina pamaréntahan Pak Jokowi.

Tibatan jadi alat nagara nu ngalayanan hukum, Polri mah sering katingali jadi kepanjangan tangan kekuasaan. Ti cara ngurus perkara hukum nu katempo diskriminatif nepi ka ngalieuk ka pertarungan pulitik, kaayaan ieu nunjukeun yén reformasi teu bisa ngahalangan pulitik asup ka lembaga keamanan. Ieu téh sarua jeung hasil panalungtikan Sarah Nuraini Siregar (2022) nu negesaskeun yén pulisi sering dipaké jadi alat pulitik di tengah lemahna demokrasi di Indonesia. Lemahna kapasitas demokrasi nagara ngamungkinkeun aya aliansi pulitik antara elit sipil jeung aparat keamanan.

Kaayaan ieu nunjukeun  ka arah nu bahaya: robah ka nagara pulisi. Dina nagara pulisi, pulisi jadi alat utama panguasa pikeun ngatur masarakat, ngapalikeun pemilu, jeung nyekek oposisi. Beda jeung nagara militer, dyen militer nyekel kekuasaan sacara terang-terangan, nagara pulisi mah leuwih nyumput, make aparat pikeun nguatkeun posisi rezim.

Hal ieu sering kajadian di nagara-nagara nu pamingpin sipilna lemah jeung ngandelkeun kakuatan lembaga keamanan pikeun ngajaga kekuasaan. Pamingpin sipil nu teu percaya diri ka dukungan pulitikna sering ngajadikeun pulisi jadi “juru jagana” kekuasaan. Di Indonesia, kaayaan ieu katingali tina cara pamaréntah ngalayanan kabutuhan Polri sacara leuwih, kaasup méré rohangan lega pikeun asup ka dunya pulitik praktis.

Bahaya utama tina nagara pulisi nyaéta rusaknya prinsip checks and balances. Lamun pulisi dipaké pikeun ngadukung hiji kakuatan pulitik, lembaga ieu leungit legitimasina di mata masarakat. Kaayaan ieu ngabalukarkeun résiko répresif ka kabébasan sipil jeung ngaburkeun garis antara panglayanan nagara jeung alat kekuasaan.

Kaayaan nagara pulisi téh sabenerna teu jauh béda jeung nagara militer. Dina nagara militer, kekuasaan militer nu dominan ngamungkinkeun maranéhna nyekel kendali politik. Tapi, dina nagara pulisi, panguasaan dilakukeun sacara leuwih struktur ku cara make aparat nu kudu jadi juru jagana hukum.

Indonesia kungsi aya di ambang nagara militer dina mangsa Orde Baru, waktu militer nyekel kendali pinuh ka pamaréntahan. Reformasi 1998 kawilang sukses ngawatesan peran militer, tapi gagal mastikeun netralitas pulisi. Kaayaan sapertos “parcok” nuduhkeun  yén demokrasi Indonesia masih ngajanggeuh ancaman serius, nyaeta  kekuasaan sipil tayohna mah milih ngandelkeun aparat keamanan tibatan ngawangun legitimasi dumasar kana dukungan rakyat.

“Parcok” téh lain saukur masalah pulitik, tapi alarm nu tarik pisan pikeun mangsa kahareup demokrasi Indonesia. Lamun kaayaan ieu terus lumangsung tampa aya reformasi nu jero, Indonesia bisa rapuh jeung tikusruk ka jero jebakan nagara polisi nu ngorbankeun prinsip-prinsip demokrasi. Para elit politik, kaasup présidén jeung legislatif, kudu gancang ngabalikeun kepulisian ka jalur profésionalitas. Netralitas Polri téh syarat mutlak pikeun ngajaga demokrasi tetep séhat jeung ngajalankeun fungsina.

Terus lumangsungna kaayaan ieu teu ngan ngotoran kredibilitas lembaga Polri, tapi ogé ngancam kahirupan berdemokrasi nu geus diperjuangkeun sanggeus reformasi. Reformasi Polri kudu diteruskeun ku cara nguatkeun pengawasan nu mandiri jeung netepan netralitas aparat dina tiap prosés pulitik. Lamun teu kitu, “parcok” ngan bakal jadi awal tina transformasi nu bahaya ka nagara pulisi. *

   *Budi Setiawan,  paniten masalah sosial politik, mantan jurnalis média ibukota, alumnus FISIP Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung, dumuk di Kabupaten Subang, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *