Napak Tilas

Pajarkeun Indonesia Dijajah Ku Walanda 350 Taun?

0
Replika kapal VOC di Amsterdam, Walanda (Foto:SundaNews/Internet)

SundaNews (2-12-2024). Sasat geus jadi kacapangan, pajarkeun nagara urang dijajah ku Walanda téh 350 taun. Ah, tong waka percaya, saenyana ti mana ngitungna éta téh, ujug-ujug tilu satengah abad wé. Geura waé lamun dikotret: 1942 – 350 = 1592.

Jadi, lamun ceuk kotrétan bieu mah, urang mimiti dijajah ku Walanda téh kuduna taun 1592. Tur padahal, munggaran pisan armada Walanda cunduk di Nusantara téh taun 1596, nyaéta di Palabuan Banten. Ieu ékspédisi Walanda téh dipingpin ku Cornelis de Houtman. Piraku teuing anu karék jebul ujug-ujug langsung ngajajah.

Nya ku ngalaksanakeun pulitik adu-domba, antukna VOC bisa nyangking kakawasaan di Jayakarta. Saterusna dina taun 1619, éta kota téh dirobah ngaranna jadi Batavia (kecap batavia, tina batavus, nyaéta karuhunna urang Walanda) anu ku létah urang mah sok dilisankeun Betawi atawa Batawi.

Dina mangsana VOC dadahut sangkan ngawasa jeung ngalegaan wilayah, Tatar Sunda mah geus jadi bagian tina kakawasaan alias dijajah ku Mataram, ti taun 1620. Malah apan sawatara gegedén Sunda dibésluitan ku Sultan Mataram. Saban taun kudu séba jeung nganteurkeun upeti ka Mataram, minangka wawakil ti wewengkon patalukan.

Kakawasaan Mataram di Priangan kubra alias enggeusan dina taun 1677. Lain ku sabab urang Sunda ngayakeun perlawanan, tapi wewengkon Priangan dipasrahkeun ka Walanda, dumasar kana perjangjian tanggal 19-20 Oktober. Pangna Priangan dipasrahkeun ka Walanda téh sabab Sultan Mataram kahutangan budi, duméh geus dibantuan waktu nyanghareupan babarontakan di lingkungan karaton. Jadi meureun minangka hadiah pikeun males jasa ka pihak VOC.

Nya, saenyana ti taun 1677, Priangan mimiti dijajah ku Walanda téh. Mun diitung lilana dijajah ku Walanda téh: 1942 – 1677 = 265. Cindekna dijajah ku Walanda téh 265 taun. Ari gegedén Sunda harita, jigana téh teu bisa baha. Dititah ganti dunungan, nya narurut waé. Priangan téh kaasup anu pangheulana dijajah ku Walanda, heulaeun wewengkon séjénna di Nusantara. Jadi Priangan mah anu pangheubeulna dijajah, nyaéta 265 taun, jaba saméméhna ogé aya kana satengah abadna dijajah heula ku Jawa.

Taun 1942, ganti deui nu ngajajah téh, nyaéta Jepang, tepi ka taun 1945. Ti dinya mah urang terus merdéka.* (Tatang Sumarsono)

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas