Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (11/11/2025). Dina basa Sunda aya kekecapan anu dianggap rada padeukeut hartina. Tangka bisa waé salah ngalarapkeunana, nyaéta: “lolondokan”, “pindah cai pindah tampian”, jeung “ngigelan jaman”. Ari sababna mah dina éta tilu kekecapan téh ngandung harti robah.
Lolondokan, nya kumaha ilaharna londok anu sok robah-robah warna kulitna, saluyu jeung tempat anu keur dicicinganana. Mun aya dina tangkal sok jadi héjo, mun keur turun kana taneuh sok jadi semu hideung. Jalma anu lolondokan gé kitu. Ngan waé, dina budaya Sunda, jalma anu lolondokan téh goréng, sabab dianggap teu boga pamadegan tur gampang robah-robah ucap jeung lampah, dumasar kana kapentingan anu déét (biasana patali jeung matéri atawa kadudukan). Jalma anu lolondokan ilaharna sok hianat, lamun kapentingan dirina kabokér atawa kaganggu.
Dina “pindah cai pindah tampian” gé sarua aya unsur robah, nyaéta nyaluyukeun diri kana kaayaan di hiji wewengkon anu keur dicicingan (géografis). Utamana mah anu dirobah di dieu téh patali jeung kabiasaan atawa cara hirup. Ngan waé béda jeung dina “lolondokan” anu négatif, sabab “pindah cai pindah tampian” mah robahna téh dina hal-hal atawa pikeun tujuan anu dianggap alus (positif). Kira-kira dina basa Malayu mah sarua jeung “di mana bumi dipijak, di situ langit dijunjung”.
Ari dina “ngigelan jaman”, robahna téh patali jeung waktu, tur ilaharna dina rentangan mangsa anu panjang deuih, lain ukur saheulaanan atawa saharitaeun—yén hirup téh kudu bisa ngigelan jaman. Ku mampuhna ngigelan jaman, kahirupan bisa terus manjang.
Kecap “igel” (ayeuna mah bangunna téh geus mimiti kalindih ku kecap “tari”), sarua hartina jeung “ibing”, nyaéta sarupa kasenian nu diwujudkeun ku gerakan-gerakan anggahota badan nuturkeun wirahma gamelan (ceuk Kamus Umum Basa Sunda anu disusun ku LBSS).
Jadi dina ngigel mah anu disebut gerakan-gerakan anggahota badan téh, nyaéta leungeun jeung suku, malah sok ditambahan ku gerakna sirah, henteu sakarep-sakarep, tapi kudu nuturkeun wirahma gamelan (sora waditra, gending, tatabeuhan, atawa instruméntalia). Lamun sakarep-karep, nya lain gé ngigel kasebutna.
Éta pangna ungkara “ngigelan jaman” téh sok dihartikeun “nuturkeun kaayaan jaman”. Ari kasebutna jaman, apan salilana gé robah, boh gancang boh kendor—robah di dieu dihartikeun maju. Ngigelan jaman téh maksudna nuturkeun kaayaan jaman anu terus-terusan maju, malah beuki dieu téh beuki gancang, bebelenyengan. Pangna beuki gancang téh lantaran élmu-panemu nu kaguar ku manusa beuki ngalegaan.
Dina nuturkeun téh aya unsur nyaluyukeun. Cindekna, pihak anu nuturkeun téh kudu nyaluyukeun diri kana kaayaan jaman anu terus maju tanpa kompromi. Kecap “nuturkeun” béda hartina jeung “nunutur” atawa “nutur-nutur”. Ari sababna, dina nunutur mah dipigawéna téh bari teu apal kana naon tujuanana, da nu penting asal nurutan batur, kajeun bari teu ngarti gé (istilah séjénna: tuturut munding). Tah, ari dina nuturkeun mah kudu bari jeung ngarti, utamana ngarti kana tujuan anu baris dijugjugna.
Urang Sunda anu nuturkeun jaman, hartina di sagigireun nyaluyukeun diri kana kaayaan anu keur dilakonan téh, bari angger boga jatidiri deuih. Ana kitu, lain waé ngarti kana kondisi anu baris dijugjugna, tapi deuih bari boga konsép hirup, henteu sakarepna atawa henteu sakama-kama.
Sakapeung sok saru atawa samar, naha ieu téh keur lolondokan atawa keur ngigelan jaman. Mana komo mun geus asup kana wilayah pulitik mah, antara lolondokan jeung ngigelan jaman téh ngulumud salak, heueuh, bakat ku ipis bédana. Urang cokot conto dina jaman révolusi, upamana (mun nyokot conto jaman ayeuna mah bisi loba nu kasindiran), apan cenah harita, anu tadina asa pangwalandana atawa pangnipponna ogé, dina waktuna geus merdéka jadi asa pangrépublikenna. Tah ari nu kitu, naha lolondokan atawa ngigelan jaman?
Ti mimiti iraha urang Sunda mimiti boga papagon “ngigelan jaman”, tacan katimu ari persis taunna mah. Ngan lamun niténan kecapna, gedé kamungkinan sanggeus urang Sunda wawuh jeung Islam. Enya, apan kecap “jaman” téh tina basa Arab. Tapi tong dihartikeun yén saméméh wawuh jeung Islam mah urang Sunda sikep hirupna teu kitu. Da ari hakékatna mah tangtuna ogé geus aya ti baheula mula ngigelan jaman téh, ngan teuing naon istilahna. Lamun dirarampa rada telik, jigana mah sikep ngigelan jaman téh sanggeus alam ka dieunakeun, nyaéta sanggeusna urang Sunda leuwih mindeng ngayakeun kontak jeung bangsa atawa sélér bangsa lianna.
Apan ku ayana kontak téh, majuna jaman jadi leuwih gancang. Tah, lamun téa mah teu bisa nuturkeun majuna jaman, tangtu ti baheula kénéh ogé urang Sunda téh geus taya di kieuna alias geus tumpur. Pangna urang Sunda bisa tetep aya atawa kumelendang (istilah séjénna: hirup anu tangtuna gé kudu bari hurip, alias bertahan) tepi ka ayeuna gé, éta téh lantaran bisa atawa mampuh ngigelan jaman.
Ka dieunakeun sok mindeng kadéngé, urang Sunda téh ulah ukur bisa ngigelan jaman, tapi deuih kudu bisa ngigelkeun jaman. Antara “ngigelan” jeung “ngigelkeun” téh tangtu béda. Dina ngigelan, urang téh partisipasi aktif, tapi lain anu nyekel lalakon. Da apan urangna gé ukur nuturkeun kana wirahma batur. Hartina, dina ngigelan jaman mah urang téh lain jadi subyék utama anu nangtukeun alur wirahma gending. Tah, ari dina ngigelkeun mah urang téh jadi subyék utama, anu henteu ngan saukur partisipasi aktif, tapi deuih jadi pihak anu nyieun kréasi, anu nangtukeun wirahma, tepi ka tingkat majuna jaman téh gumantung kana kréasi urang. Sabalikna tina “ngigelkeun jaman” nya tangtuna gé “diigelkeun jaman”. Di dieu mah urang ukur aya dina posisi obyék, lain subyék. Nu disebut obyék téa, apan éta mah lain nu boga inisiatif, malah ka dituna téh sok jadi obyék penderita.
Sunda kudu bisa ngigelkeun jaman. Tangtuna gé éta téh alus jeung idéal pisan. Ngan masalahna urang ogé kudu nempo réalitas obyéktif atawa kanyataan anu ayeuna nyampak. Bisana urang ngigelkeun jaman téh kudu dirojong ku poténsi nu nyubadanan, pangpangna mah poténsi sumber daya manusana. Ari semet kahayang wungkul mah, nya ukur kahayang wé, moal bisa diébréhkeun dina réalitas—istilah séjénna mah ukur semet ilusi.
Ari urang Sunda kungsi ngigelkeun jaman? Mun maca sajarah mah, nya kungsi. Tapi apan éta mah baréto. Urang téh ulah haben tibelat ka mangsa lawas—ulah nempo waé kaca spion, da nu penting mah poé ayeuna jeung ka hareupna. Lalakon mangsa lawas mah cukup pikeun eunteung waé, ulah haben digugulung tepi ka matak méakkeun waktu jeung énergi.
Hanas urang Sunda kungsi ngigelkeun jaman, mémang enya éta mah. Dina widang kapamingpinan, upamana, sajaba ti Siliwangi téh apan aya Dipati Ukur anu sok remen jadi bahan rujukan urang. Atuh jaman ka dieunakeun apan aya Oto Iskandar di Nata, disambung deui ku Juanda. Katémbong tarékah ti para éta tokoh Sunda enggoning ngigelkeun jaman sangkan Sunda bisa cumarita. Tapi da ka dieunakeun mah asa suwung da, urang Sunda anu mampuh ngigelkeun jaman téh. Enya, kitu sotéh ceuk anu katempo ku kuring. Duka teuing ari ceuk batur mah. Para tokoh Sunda jaman ayeuna mah kesanna karék bisa ngigelan jaman. Kitu ogé bari teu kabéh deuih. Da jigana teu kurang anu ukur aya dina posisi diigelkeun ogé.
Dina kakiwarian, mun urang Sunda, hususna para tokohna bisa ngigelan jaman gé geus kaitung alus. Hartina masih kénéh boga inisiatif, masih kénéh aya karep pikeun nuturkeun majuna jaman, najan ukur sawates partisipasi aktif. Ku bisana ngigelan jaman, urang Sunda moal tinggaleun jauh di tukang. Urang Sunda bisa milu rubung-rubung jeung sélér bangsa lianna dina wirahma gending Indonésia. Dina ngigelan jaman, urang téh apan masih kénéh boga inisiatif, henteu gumantung kana bentikna curuk batur anu gawéna nitah waé.
Anu goréng mah lamun urang Sunda ukur semet diigelkeun. Dirarangkénan sina ragag-rigig, malah ka dituna sok terus jadi bebegig, atawa ngajungjurigan. Sunda anu diigelkeun mah ukur aya dina posisi Sunda badéga. Bisa jadi ari lebah raména mah ramé, padahal ukur digerakkeun ku batur, lain karepna sorangan. Palebah nu ngagerakkeunana geus boseneun mah, nya terus ngajeten atawa ngalumbuk deui wé anu tadina maceuh diigelkeun téh, atawa terus sina asup kana kotak.
Kilangbara bisa ngigelkeun jaman, atuh saayeunaeun mah urang ngigelan jaman wé. Tangtu waé dina ngigelan jaman téh urang kudu apal, iraha wirahma gending mimiti ditabeuh, jeung iraha enggeusanana. Mun wirahma gending geus eureun mah, nya ngigelna gé kudu eureun atuh. Dagoan deui wé wirahma gending anyar nu bakal ditabeuh.
Ulah tepi ka kajadian, ari gendingna geus eureun, ari nu ngigel bet maceuh kénéh. Anu kitu mah bakal disurakan batur. Naha hayang kitu urang disurakan batur? *
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments