Ku: Tatang Sumarsono
Assalamu’alaikum, Bismillahhirrohmanirrohim,
Tawis bubuka carita dina ieu pajemuhan—yén sakur kasaéan anu badé dipidamel ku urang, kedah dikawitan ku nyebat asma Alloh. Kitu merenahna, kitu kedahna, malah mandar naon rupaning nu dipilampah ku urang sadaya aya dina rido Anjeunna.
Muji sukur ka Anu Maha Agung, réhna urang dina dinten ieu tiasa patepung lawung patepang raray, manjangkeun silaturahmi, dina ieu pajemuhan enggoning ngalaksanakeun salah sawios bagian tina saréat ajaran Islam nu dicandak ku Kangjeng Rosul, Muhammad Solallohu ‘Alaihi wa Salam. Teu hilap deuih, solawat miwah salam mugi tetep langgeng ngagelenggeng ka Kangjeng Nabi katut gunggungan kulawargi anjeunna. Malihan mugi-mugi waé rohmat sareng kasalametan tumétés ka umatna tug dugi ka ahir jaman.
Hadirin anu mulya,
Bingah anu teu aya wates wangenna, bingah ku dua ku tilu, kanggo sim kuring katut rombongan Bapa Ahmad Subagja ti pasiringan wewengkon Garut, sabadana dongkap ka ieu pajemuhan anu teu kinten mulyana. Alhamdulillah. Kabingah anu ngawitan, sim kuring katut rombongan ditampi ku pihak pribumi kalawan soméah sareng akuan, tetebiheun tina sikep kumalungkung asa aing. Sabada ditampi ku sikep nu ngagambarkeun tata-titi sareng sopan santun, lajeng diperenahkeun kumaha ilaharna ka tatamu. Hatur nuhun, katampi pisan kasaéan para Bapa/Ibu/Sadérék anu parantos kersa nampi rombongan sim kuring, anu tebih-tebih dongkap ka dieu kalawan ngabantun pamaksadan sakumaha anu badé dipedar dina ieu biantara pamasrahan.
Kabingah kadua, sabada gasik ditampi, pihak pribumi langsung masihan kasempetan ka sim kuring minangka anu dijantenkeun wawakil, kanggo ngadadarkeun pamaksadan anu diamanatkeun pangna dina dinten ieu Bapa Ahmad Subagja kalih garwa, bari dialeut-aleut ku kawargianana, sumping ka ieu tempat.
Ibu sareng Bapa Haji Abdulrauf, kalih réngréngan kawargianana,
Nepangkeun heula badé nikukur, sim kuring pun Épul Saéfulrohman, anu dina ieu kasempetan dipasihan papancén kanggo ngawakilan pun lanceuk, Kang Ahmad Subagja, nyaéta kanggo ngadugikeun pamaksadan naon pangna sim kuring sareng rombongan dongkap abringan-abringan, seja nepangan Bapa Haji kalih Ibu Haji Abdulrauf. Namung hapuntenna baé, dipasihan pancén sasanggem téh paralun sanés ku margi ahlina, tetebiheun upami perténgtang capétang dina ngarakit ungkara. Sim kuring nampi kana papancén téh wiréh rasa hormat, sareng minangka tawis kabingah réhna pun lanceuk gaduh maksad anu teu kinten mulyana.
Ka kebon rék ngala laja,
kahalangan haur gereng.
Dongkap aya nu diseja,
mugia sing dina pareng.
Rupina tos seueur anu uninga, hususna ti kawargian Bapa sareng Ibu Haji di dieu, réhna pun Hérman Laksana—upami dina pancakaki mah sim kuring téh perenah alo, kaétang tos rada lami nyidem maksad enggoning ngawujudkeun kahoyongna, nyaéta seja rarabi. Dupi mojang nu janten panyileukanana téh Néng Firtiyani, anu taya sanés putra bungsu Bapa sareng Ibu Haji Abdulrauf. Tangtosna gé ku pun lanceuk nya piraku upami henteu dirojong, da apan niat pun alo téh kanggo kasaéan pikeun ngahontal rumah tangga anu numutkeun ajaran Islam,udaganana pikeun ngawujudkeun sakinah-mawaddah-warohmah.
Tangtos waé kanggo dugi ka ngadahup dina beungkeutan rumah tangga téh ngalangkungan heula prosés nu kaétang panjang. Ti ngawitan tahap hahadéan, lajeng ditéma ku nyeureuhan, atanapi ngalamar. Salami prosés éta lumangsung, alhamdulillah pun lanceuk sakulawargi tiasa nyimpaykeun silaturahmi sareng kulawargi Bapa Haji Abdulrauf. Ti sawatara waktos ka pengker parantos ngawitan aya babadantenan, kinten-kinten kumaha saéna dina ngalaksanakeun tatahapan salajengna, supados raos ka ditu, raos ka dieu, kalebet dina nangtoskeun wanci nu mustari kanggo ngalaksanakeun walimatul ‘urusy atanapai di urang mah ilaharna akad nikah. Ku margi kitu, acara dinten ieu téh sanés ujug-ujug atanapi diayakeun dadakan, komo bari duduk-dadak mah, tapi tos ngalangkungan kamupakatan di antawis kulawargi pun lanceuk sareng kulawargi Bapa Haji Abdulrauf.
Alhamdulillah wa syukurillah, nya dinten ieu dugina kana waktos nu dipasinikeun téh. Patali sareng hal éta, sim kuring kalayan asma pun lanceuk sakulawargi, ayeuna seja nyanggakeun pun alo, Hérman Laksana bin Ahmad Subagja, ka kulawargi Bapa Haji Abdulrauf, anu maksadna supados dinikahkeun ka tuang putra, Néng Fitriyani. Mangga nyanggakeun, pamugi ditampi ku asta kalih. Nyanggakeun dirina sakujur, agamana drigamana, sareng kaireug-talingeuhanana.
Rupina teu kedah seueur nu dipisanggem, da tangtosna ogé Bapa kalih Ibu Haji di dieu parantos ngawitan uninga, réhna pun alo jalugjug jangkung téh ukur lahiriahna, da ari kaweruh sareng pangalaman dina ngambah kahirupan mah éstu déét kénéh, kirang katerang sareng tuna kabisa. Tapina sim kuring percanten, saupami parantos ngawitan diajar rumah tangga mah, pun alo bakal keyeng kana nambih pangalaman sareng kaweruh supados mampuh ngigelan kahirupan. Sareng tangtosna ogé, Bapa kalih Ibu Haji di dieu moal petot-petot masih panuyun sareng bingbingan. Kitu deui ti pihak kulawargi pun lanceuk, tangtos bakal sami sareng nu dipidamel ku kulawargi di dieu.
Mung hapuntenna baé ka Bapa sareng Ibu Haji, réh pun alo dongkap ka dieu téh ukur diabring-abring wungkul, bari saleresna mah keupat eundang ngagandeuang atanapi indit ngaligincing. Diabring-abring sotéh minangka tawis kabingah wungkul, sareng pikeun sambung du’a, henteu rébo ku rupaning cacandakan. Dongkap ngabring ka dieu, mios di Sukawening téh saleresna mah mung badé ngaririweuh wungkul. Mugi Pa Haji sareng Ibu Haji ageung tawakupna.
Hanas aya nu dibantun, duka encit sacewir, duka babarangan teu pira, éta mah tambi léngoh waé, supados teu isin teuing. Mugi deuih ieu ogé ditampi ku Bapa sareng Ibu Haji. Hatur lumayan, tetebiheun tina saé pikabitaeun, ieu mah tawis kaémut ti kulawargi pun lanceuk, étang-étang ngiring ngabahanan ka anu badé ngambah sagara rumah tangga.
Hadirin anu mulya,
Rupina da mung sakitu nu diamanatkeun ku pun lanceuk kanggo didugikeun ku sim kuring dina ieu kasempetan téh. Hapunten bilih dina ngadugikeunana tebih tina kautamian.
Kai leuweung gedé jangkung, hapunten anu kasuhun, lauk jarah di walungan, naon rupi kalepatan.
Pamungkasna, sim kuring seja ngadu’a supados acara urang dinten ieu aya dina kalancaran sareng kasalametan, turta kénging rido Alloh SWT. Aamiin.
Hatur nuhun. Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh. *
* H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis, esais jeung novelis, sastrawan jeung budayawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































A person necessarily help to make severely posts I would state.
This is the very first time I frequented your website page and
so far? I surprised with the analysis you made to create this actual put up extraordinary.
Great job!