Ku: Ridhazia
RARASAAN jatuh cinta téh bisa karasa luar biasa. Tapi kungsi ditanyakan henteu, ti mana asal-usul cinta téh, naha bener sakumaha dina paribasa kolot, “ti panon turun ka hate”?
Ternyata, para ahli neuroscience nyebutkeun yén cinta lain saukur urusan rarasaan wungkul, tapi mangrupa hasil prosés kimiawi anu lumangsung dina uteuk.
Jatuh Cinta
Numutkeun panalungtikan ilmiah ti Frontiers in Psychology (2021), rarasaan jatuh cinta biasana ukur lumangsung salila genep bulan, nu disebut fase romantis.
Dina fase ieu, unggal pasangan biasana karasa pisan nyambung, akrab, jeung pinuh ku gairah. Sanggeus éta, rarasaan bakal mulang deui kana kaayaan biasa.
Tapi dina période biasa ieu pisan, para panalungtik manggihan yén intensitas komitmen jeung rasa nyaman mimiti tumuwuh, jadi pondasi pikeun hubungan nu langgeng.
Cinta téh Neurokimia
Sacara umum, tahap awal jatuh cinta biasana kabagi jadi tilu kategori: lust (nafsu), attraction (ketertarikan), jeung attachment (keterikatan).
Sakumna tahap ieu, saur Dr. Fred Nour, ahli saraf ti California, AS, nunjukkeun yén cinta téh lain deui urusan hate, tapi leuwih dominan dikendalikeun ku uteuk.
Panalungtik cinta Katherine Wu, PhD, ti Harvard, sapuk yén cinta kabentuk ku kombinasi hormon jeung réspon neurokimia dina uteuk.
Manéhna ngajelaskeun, cinta dipicu ku hormon testosteron jeung estrogen, nyaéta dua hormon séks utama lalaki jeung awéwé.
Saterusna dikontrol ku dopamin, serotonin, jeung norepinefrin, nu boga peran penting dina nyiptakeun suasana hate anu positip.
Sedengkeun keterikatan pasangan dibentuk ku oksitosin — nu disebut “hormon cinta” — anu fungsina pikeun nguatkeun ikatan sosial, ikatan émosional, ogé kabutuhan séksual.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolunis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments