Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (20/10/2025). Kecap sunda dina jaman ayeuna ngarujuk kana ngaran étnik (sélér atawa suku bangsa) anu dumuk di Nusantara: sélér Sunda atawa urang Sunda. Ti dinya ngarunday sawatara istilah séjénna anu ngamuarana mah angger kana étnik-étnik kénéh: budaya Sunda, basa Sunda, seni Sunda, tatakrama Sunda, potongan imah Sunda, kadaharan Sunda, busana Sunda, jeung sapapadana. Bisa waé istilah heubeul anu digéndéng ku kecap sunda téh nungtutan leungit, terus diganti ku istilah alanyar.
Tangtu waé dipakéna éta istilah téh dumasar kana kanyataan yén aya basa, seni, tatakrama, potongan imah, busana, jeung babagian tina kahirupan séjénna anu dianggap geus jadi milik has urang Sunda. Basa Sunda, upamana, apan teu sarua jeung basa Jawa, da éta mah milik has urang Sunda.
Potongan imah Sunda, masing kalah kumaha ogé loba bédana jeung potongan imah Jawa, Bali, Dayak, atawa étnik lianna di Indoneéia. Hanas aya unsur anu sarua, hal éta mah wajar waé.
Tapi, saenyana ti iraha kecap sunda téh larapna kana étnik? Atawa pertanyaanana bisa kieu: ti mimiti iraha urang téh bet disebut urang Sunda? Naha ti baheula mula, ti barang di ieu wewengkon mimiti aya pangeusina? Atawa, mimiti disebut urang Sunda téh sanggeus rada béh dieu, béh dieu?
Pikeun ngajawabna, tangtu kudu dipaluruh dina galur sajarah. Ngan masalahna, sumber sajarah di Sunda téh dianggap minim. Dumasar kana hasil panalungtikan widang géologi, wewengkon anu disebut Tanah Sunda téh geus aya ti mimiti Pulo Jawa ngabentuk, kurang leuwih 26 juta taun ka tukang. Ti iraha mimiti aya pangeusina, jeung naha harita geus disebut urang Sunda, wallohualam, da tacan aya bukti sajarahna téa.
Sacara historis, tokoh anu pangheulana aya dina sajarah kahirupan jeung peradaban manusa Sunda téh nyaéta Purnawarman. Ieu pamadegan téh dumasar kana kapanggihna bukti-bukti tinulis dina bentuk prasasti (aya anu disebut prasasti Cidangiang, Tugu, Ciaruteun, jeung Koléangkak).
Kawin campuran
Dumasar kana bukti anu geus aya, formalna mah mangsa awal sajarah Sunda téh ti mimiti ngadegna Karajaan Tarumanagara. Éta karajaan geus mimiti mekar dina pertengahan abad ka-5 M, waktu anu jeneng rajana ngaran Purnawarman. Naha dina jaman harita geus aya kecap sunda anu nuduhkeun étnik?
Lamun dititénan, dina éta opat prasasti téh tétéla teu nyabit-nyabit Sunda, malah apan ditulisna ogé lain dina basa Sunda, kitu deui aksarana. Karuhun Purnawarman ogé apan asalna ti wewengkon India, najan ka dieunakeun mah lumangsung perkawinan campuran jeung penduduk lokal.
Kecap sunda mimiti digunakeun sacara mandiri ti sanggeusna ngadeg Karajaan Sunda. Tapi, legana wewengkon éta karajaan téh teu ngurung salegana Tanah Sunda (kiwari Jawa Barat, ditambah Banten jeung sabagian wewengkon Jawa Tengah). Wewengkon Karajaan Sunda ukur nempatan sabagian tina Tanah Sunda, sabab dina alam harita di Tanah Sunda teh geus aya sawatara karajaan lianna anu mandiri, anu lain jadi bagian tina kakawasaan Raja Sunda.
Dina ahir abad ka-7, Karajaan Tarumanagara tumpur. Aya anu boga pamanggih yén runtuhna téh sanggeus dijorag ku pasukan Sriwijaya. Ti saruntuhna Tarumanagara, di Tanah Sunda ngadeg dua karajaan: Sunda jeung Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa, wewengkonna di beulah kulon, ari Karajaan Galuh diadegkeun ku Wretikandayun, lokasina aya di wétaneunana. Ari anu dipaké tapel watesna Walungan Citarum.
Béda jeung Karajaan Tarumanagara anu puseur dayeuhan di basisir, Karajaan Sunda jeung Galuh mah jauh ti laut. Puseur dayeuh Karajaan Sunda ayana di Pakuan (ayeuna disebutna Bogor). Ari puseur dayeuh Karajaan Galuh mah ayana di Bojong Galuh, terus dipindahkeun ka Kawali (ayeuna aya di wewengkon Ciamis). Lokasi Pakuan kurang leuwih 70 km ti basisir kalér. Ari Bojong Galuh mah leuwih jauh deui, nyaéta 90 km, kitu deui Kawali anu anggangna ti basisir kurang leuwih 75 km.
Ti mangsa awal ngadegna, kira-kira ahir abad ka-7 atawa awal abad ka-8, Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh silih eusian kana runtuyan jeung galur sajarah di Tanah Sunda, tepi ka abad ka-16 M. Hanas Sunda lain Galuh, jeung Galuh ogé lain Sunda, éta mah mémang kitu kanyataanana.
Kasawang ku urang anu hirup dina jaman ayeuna, di beulah kulon aya Pakuan, di wétan aya Kawali. Saenyana harita téh masih kénéh aya karajaan laleutik (lokal) lianna, upamana Kendan, Galunggung, Arileu, Saunggalah, jeung Kuningan. Éta karajaan laleutik téh sakapeung jadi bawahan Karajaan Sunda, séjén waktu jadi bawahan Karajaan Galuh, atawa ngadeg mandiri teu ngadunungan ka sasaha.
Najan di dieu disebutkeun “bawahan”, tapi saenyana éta karajaan laleutik téh lain dina status jajahan. Ari sababna, sistem pamaréntahan anu dianut dina mangsa harita téh fédérasi (teu béda ti nagara bagian lamun dina pamaréntahan modéren kiwari mah). Cindekna, di sagigireun dua puseur kakawasaan (anu hiji aya di Sunda, anu hiji deui aya di Galuh), karajaan laleutik tetep boga kadaulatan sorangan.
Kasawangna téh dina alam harita, di Tanah Sunda aya anu disebut urang Galuh, urang Galunggung, urang Saunggalah, urang Kendan, jeung urang Sundana sorangan (jigana téh teu béda ti lamun ayeuna urang nyebut urang Ciamis, urang Tasik, urang Kuningan, urang Bogor, jeung saterusna). Anu disebut urang Sunda harita mah apan tacan nyakup sagemblengna pangeusi Tanah Sunda
Aya hal nu matak kataji, boh Karajaan Sunda boh Karajaan Galuh, diadegkeunana téh méh bareng, dina lahan anu asalna dikawasa ku Karajaan Tarumanagara. Duanana remen aya dina posisi satata, tur dina kamekaran saterusna aya mangsana hubungan éta dua karajaan téh jadi dalit, najan mungkin waé dina mangsa séjénna mah kungsi ngalaman rengkeng.
Raketna Sunda jeung Galuh téh sakapeung alatan katalian ku hubungan kakulawargaan ngaliwatan prosés perkawinan.
Éta sababna kungsi kajadian aya turunan Galuh jadi raja di Sunda, upamana Sanjaya (turunan Galuh) anu kawin ka Téjakancana (turunan Sunda), atawa Sri Baduga (turunan Galuh) anu kawin ka Kentringmanik (turunan Sunda). Kungsi deuih anu jadi raja di Galuh jeung di Sunda téh adi-lanceuk, nyaéta Susuk Tunggal (di Sunda) jeung Ningrat Kancana (di Galuh).
Dina lebah saha anu nyekel kakawasaan pangluhurna, hal ieu ogé sakapeung piligenti. Dina hiji mangsa (1311-1482), Sunda aya di sahandapeun Galuh. Tapi dina mangsa saterusna (1482-1579) Galuh anu aya di sahandapeun Sunda. Dina kondisi kawas kitu, pusat kakawasaan ogé sok pipindahan. Sakapeung aya di Pakuan, sakapeung aya di Kawali.
Balik deui kana pasualan poko, ti iraha kecap sunda mimiti dilarapkeun pikeun sakumna pangeusi Tanah Sunda, tepi ahirna urang saréréa ayeuna disebut urang Sunda (lain urang Galuh atawa urang Galunggung, upamana)?
Prof. Edi ngasongkeun pamanggih, pikeun bangsa-bangsa piluaran mah, karajaan anu sohor di Tanah Sunda téh nya Karajaan Sunda. Contona sakumaha anu ditulis ku bangsa Portugis dina abad ka-16; yén Karajaan Sunda téh ngawengku sagemblengna Tanah Sunda, tur padahal dina alam harita masih kénéh aya Karajaan Galuh jeung karajaan lokal lianna.
Bisa jadi dina abad ka-16 mah anu dianggap pangkuatna (ku nagara asing) téh Karajaan Sunda, tepi ka ahirna dikumkeun waé yén Tanah Sunda téh idéntik jeung Karajaan Sunda. Kitu deui pangeusina cukup ku disebut urang Sunda.
Nincak abad ka-17, Karajaan Sunda carem, kitu deui Galuh jeung karajaan laleutik lianna. Tapi, ari pangeusina mah angger aya, da anu robah téh kakawasaan rajana wungkul. Ti harita, Tanah Sunda direcah ku Mataram, anu ngalantarankeun bédana Sunda jeung Jawa téh beuki témbrés waé, pangpangna dina widang pulitik (Jawa anu ngajajah, Sunda anu dijajah).
Najan ukur sabéngbatan, tina pedaran bieu kagambar yén ti sanggeusna dieréh ku Mataram, sesebutan urang Sunda dilarapkeun pikeun nuduhkeun étnik téh, pikeun ngabédakeun jeung urang Jawa anu jadi dununganana.
Tug tepi ka ayeuna, urang saréréa disebut urang Sunda. Dina jaman kolonial, sesebutan urang Sunda téh ngarujuk ka pangeusi (sabagian gedé Jawa Barat) anu miboga ciri budaya mandiri. Enya, apan istilah Jawa Barat gé dijieunna ku Walanda waktu ngabagi-bagi wilayah administratif pamaréntahan, lain cék kahayang urang Sunda.
Jigana, mun téa mah karuhun urang baheula boga kakawasaan, lain jadi pihak anu kumawula, tangtuna gé bakal nolak mun wewengkonna disebut Jawa Barat, sabab pastina gé bakal tetep milih istilah Tanah Sunda atawa Tatar Sunda. Enya, da urang mah lain Jawa, masing diémbohan ku kecap barat gé.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments