Ku: Yaya Mulyana A. Aziz
“NAGARa mafia” téh mangrupa istilah pikeun ngajelaskeun hiji nagara atawa wilayah anu di jerona organisasi kriminal, utamana mafia, miboga pangaruh anu gede kana pamaréntahan, ékonomi, jeung kahirupan sosial. Ieu kaayaan ngalibetkeun pajabat pamaréntah, aparat kapolisian, jeung militér nu milu kagiatan kriminal sarta nyalahgunakeun kakawasaan.
Urang bisa ngaidentipikasi nagara mafia tina ciri-cirina saperti: korupsi anu ngawasa, kakerasan jeung intimidasi, dagang ilegal (narkoba, pakarang), mekarna prak-prakan pencucian duit, jeung lemahna panegakan hukum.
Conto nagara anu remen dikaitkeun jeung istilah “nagara mafia” nyaéta: Italia (sajarah asal muasal mafia), Kosovo, Méksiko, Koréa Kalér, jeung sababaraha nagara di Afrika.
Kaayaan saperti kitu bakal ngabalukarkeun kaayaan pulitik teu stabil, karuksakan ékonomi, palanggaran hak asasi manusa, sarta leungitna kapercayaan rahayat ka pamaréntah. Perlu dicatet yén istilah “nagara mafia” sok dipaké sacara kiasan pikeun ngajelaskeun tingkat korupsi jeung pangaruh kriminal anu luhur di hiji tempat, jeung henteu salawasna hartina sakabéh nagara dikawasa ku mafia.
Téori Nagara Mafia (Mafia State). Téori ieu ngajelaskeun kaayaan MANGSA nagara jeung organisasi kriminal silih kait, kalayan pajabat pamaréntah nu aub dina kagiatan ilegal jeung organisasi kriminal nu bisa mangaruhan kabijakan nagara. Dina buku “Mafia States: Organized Crime Takes Office” karangan Moisés Naím, dijelaskeun kumaha organisasi kriminal terorganisir geus asup kana struktur nagara, ngontrol pulitik jeung ékonomi.
Korupsi anu ngaleuleuskeun pamaréntahan disebut ogé “Weak State”: téori ieu nyebut yén nagara-nagara nu korupsina parah sarta panegakan hukumna lemah, rawan kapangaruhan ku organisasi kriminal. Lemahna lembaga nagara ngajadikeun rohangan pikeun mafia pikeun jalan jeung mekar, malah beuki kuat.
Fenomena “nagara mafia” téh mangrupa hal anu kompleks jeung béda-béda di unggal nagara. Korupsi, lemahna panegakan hukum, jeung jaringan kriminal transnasional mangrupa faktor utama anu nyumbang kana fenomena ieu. Pangaruh tina “nagara mafia” bisa ngaruksak kaayaan pulitik, ékonomi, jeung sosial. Ku ngarti kana téori jeung rujukan ieu, urang bisa meunang pamahaman anu leuwih jero ngeunaan fenomena “nagara mafia” jeung pangaruhna ka masarakat global.
Usaha ilegal nyadiakeun insentif anu kacida gedéna pikeun mafia supaya tetep hirup jeung ngamekarkeun mafia-mafia anyar. Tambah deui lamun omset usahana henteu aya watesna. Aranjeunna ngurangan loba waragad perizinan, ti mimiti ngurus badan usaha, ijin usaha, ijin operasi, ijin kelaikan alat produksi, ongkos kantor, waragad tanaga kerja perantara, nepi ka rupa-rupa kawajiban tina aturan nagara.
Nagara nu sistem kenegaraanana dikuasai ku mafia, ku pangamat pulitik Edgardo Buscaglia, disebut “nagara mafia”. Méksiko salah sahiji conto nagara mafia nu ngajalankeun sistem “mafiacracy” nu didukung ku dua subsistem séjén nyaeta kleptocracy (nagara maling) jeung plutocracy (nagara nu dikawasa ku duit jeung nu boga duit).
Buscaglia nyebutkeun yén dina nagara mafia, kakawasaanana didukung ku tilu pilar nu silih kait: lembaga nagara, lembaga ékonomi, jeung organisasi kriminal. Kasus korupsi anu spektakuler datang silih ganti, kawas carita sinétron atawa drama Korea, tapi ahirna henteu écés atawa dihukum enteng. Para kriminal jeung bos mafia ngeunah hirup dina kabeungharan, tapi rahayat tetep sangsara.
Ku kituna, quo vadis NKRI, mun élit jeung aparat nagara geus kawas organisasi mafia?*
* Yaya Mulyana A. Aziz, Guru Besar Administrasi Pembangunan FISIP Unpas, Ketua Bidang Litbang Paguyuban Pasundan, jeung Wakil Direktur 1 Pasca Sarjana Unpas, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments