Kolom Sosial Politik

Munggah Haji Teu Ngaliwatan Kemenag

0

Ku: Ridhazia

URUSAN haji di Indonesia geus 74 taun dikokolakeun ku Kamentrian Agama. Dimimitian ti taun 1946 nepi ka réngsé taun 2025.

Saterusna mimiti taun 2026, sagala urusan ibadah ka Tanah Suci bakal dialihkeun ka Menteri Haji jeung Umroh, nya éta kamentrian anyar anu fokus kana palayanan haji jeung umroh.

Kamentrian Agama ngatur pangangkutan jeung pamulangan jamaah haji saprak aya Direktorat Jenderal Penyelenggaraan Haji jeung Umroh (PHU) di lingkungan Kamentrian Agama.

Lila saméméh lembaga éta aya dina kamentrian agama, urusan haji geus dikokolakeun ku Panitia Perbaikan Haji Indonesia (PPHI). Ieu lembaga diaku ku pamaréntah, teras robah ngaranna jadi Yayasan Perjalanan Haji Indonesia (YPHI).

Numutkeun kana catetan Arsip Nasional Républik Indonesia, dina tanggal 10 Juli 1950 pamaréntah Indonesia pikeun kahiji kalina ngirim jamaah haji maké kapal laut.

Kapal haji anu sajarah éta dingaranan Tarakan. Berangkat ti palabuhan Tanjung Priok, Jakarta, mawa kurang leuwih 10.000 calon jamaah haji asal Indonesia.

Mangsa Walanda jeung Jepang

Salila ratusan taun, ibadah haji téh pinuh jadi urusan pribadi. Nu indit jeung balik ka Tanah Suci ngan ukur diatur ku Ordonansi Gubernur Jenderal Walanda.
Walanda nempatkeun konsul di Jeddah pikeun ngawas kagiatan jamaah ti Hindia Walanda.

Aturan pamaréntah kolonial ieu lain pikeun ngalayanan, tapi pikeun ngabatesan. Malah aya patalina jeung sumebarna pamikiran Pan-Islamisme, embrio perlawanan ka kolonialisme anu digerakkeun ku para tokoh agama nu balik ti Mekkah.

Saterusna, gelar haji ogé mimiti dilarapkeun ti taun 1903 pikeun ngagampangkeun  pangawasan ka jamaah anu geus balik. Kaputusan mere gelar haji  ieu dipaké pikeun ngaidentifikasi tokoh-tokoh agama anu dianggap miboga kagiatan politik anti-Walanda.

Sedengkeun dina jaman Jepang ngawasaan Nusantara, euweuh hiji ogé umat Islam asal Indonesia anu diidinan indit ka Tanah Suci kalayan alesanan aya perang dunya.*

  * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.