Ku: Ridhazia
DINA sudut pandang atawa sawangan ulikan psikologi, mudik kacida dianjurkeun. Salian pikeun ngarayakeun idéntitas kultural-kaagamaan anu sifatna taunan, mudik ogé jadi sarana rekoneksi émosional sarta boga fungsi terapeutik.
Rekoneksi émosional mangrupa prosés ngawangun deui beungkeutan, kadeukeutan, jeung kapercayaan anu kungsi renggang, komo nepi ka leungit, lantaran kapisah ku jarak jeung waktu anu lila pisan.
Sedengkeun fungsi terapeutik dina mudik téh muncul nalika mudik jadi resonansi spiritual, nyaéta numuwuhkeun kasadaran kana fitrah diri sarta nguatkeun deui hubungan sosial jeung mangsa katukang anu kungsi ditinggalkeun.
Balik ka Asal (Back to Origin)
Mudik ogé mangrupa lalampahan mulang ka asal. Balik deui ka lembur. Ngahirupkeun deui pangéling-ngéling, ngeusian rasa kangen, sarta ngarasakeun deui kahaneutan tina carita baheula.
Sajaba ti éta, mudik ogé jadi momentum pikeun manggihan deui sarta nyaluyukeun budaya (reverse culture shock) anu geus lila ditinggalkeun. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis dan kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments