Kolom Sosial Politik

Misantropi: Kaceuceub Jeung Kajahatan Verbal

0

 

Ku: Ridhazia

KACEUCEUB atawa kabencian téh mangrupa kabiasaan dina kahirupan manusa nu sarua jeung absurditas. Kabiasaan ieu ilahar tumuwuh tina kabiasaan nyieun penilaian atawa sawangan  négatif ka unggal kakurangan batur.

Dina literatur akademik, kabencian nu kaleuleuwihi kawas kitu disebut misantropi. Nyaéta hiji sikep nu ditujukeun ka sakumna manusa nu dipikaceuceubna, kalawan nyieun pernyataan atawa omongan nu tujuanana pikeun nyeri hate batur.

Kajahatan Verbal!

Kabencian nu kaasup misantropi bisa jadi ngajurus kana kajahatan verbal jeung kekerasan verbal (verbal abuse), nyaéta wangun kekerasan ngaliwatan kecap atawa basa.

Disebut kajahatan jeung kekerasan verbal sabab lampah misantropi sarua jeung penghinaan, nyirikeun ngarendahkeun, nepi ka  ngejek atawa ngolok-ngolok.

Malahan bisa ngancam ngagunakeun basa nu teu merenah jeung nyinggung kana rarasaan batur.

Teu Manusawi!

MISANTROPI ogé dianggap teu manusawi. Tibatan mintonkeun kanyaah, kapedulian, jeung lemah lembut ka sasama, misantropi mah malah henteu nunjukkeun simpati atawa empati.

Hésé ngarti jeung ngarasakeun kaayaan batur, nepi ka teu mampuh mintonkeun welas asih. Komo deui méré dukungan.

Pikeun dirina, nutup panon jeung ceuli téh geus jadi pilihan pasti. Henteu nyésakeun rarasaan, komo deui mikirkeun kahadéan atawa jasa batur.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *