Ku: H. Tatang Sumarsono
ALAM keur murka, dunya gunjang-ganjing. Tah, ka dinya nu sok kapireng remen jadi paneumbleuhan téh—gejala alam jadi panudingan. Padahal, ti baheulana gé mémang geus kitu. Enya, apan geus jadi hukum alam. Lamun hujan gedé teu eureun-eureun aya poéna, apan ka dituna téh pasti walungan loba nu limpas. Ngan baheula mah teu dianggap mamala gedé, teu kawas ayeuna-ayeuna.
Walungan cacaahan, gawir loba nu urug ngaburusut. Kitu nu kiwari tambah remen kabandungan. Jeung deuih, beuki dieu téh asa beuki rongkah. Anu tadina tara kungsi ngemplang kabanjiran gé, apan ayeuna mah laput tuur, malah aya anu ngeueum imah parat tepi kana suhunan. Bari maneuh deuih éta téh kajadianana.
Balaréa katalangsara. Imah katut pakaya lianna loba nu teu kapuluk. Malah sok aya korban jiwa, anu sakapeung lain ngan hiji-dua, tapi aya puluhna. Lajuna kahirupan jadi bantut. Hasil tatanén teu kapuluk, loba nu teu bisa nyiar pakasaban, barudak sakola gé putus heula diajarna. Ngadadak parindah ka pangungsian, nyaung-nyaung dina ténda dadakan, atawa ngeusian wawangunan anu sakirana bisa dimangpaatkeun.
Kasusah jeung gejedna hirup téh teu ngan tumiba ka anu sacara langsung jaradi korban wungkul, tapi deui ka anu séjén, anu marisah lembur. Geura waé lamun geus usum banjir di Rancaékék, jalan raya jadi ngemplang, kendaraan gé teu bisa laju. Anu keur indit-inditan kapaksa kudu puputeran néangan jalan séjén. Banjir di dinya tepi ka ayeuna angger waé tacan bisa diungkulan, najan lumangsungna geus taun-taun tur waktuna maneuh. Cenah anu dianggap faktor panyababna geus kapanggih, malah geus diunggah-balé-watangankeun, ta da angger atung énéh, atung énéh, mun ceuk dina dongéng sakadang monyét mah.
Ganti usum-usuman, ganti deui mamalana. Dina keur mangsa katiga, kahuruan remen kajadian. Geus karuhan ari pasar katut bangsaning wawangunan lianna mah, dalah leuweung gé apan sok kahuru. Cai jadi barang langka, anu nyarawah kagaringan, tepi ka ahirna lapur jeung modal-modalna. Ganti ku usum hujan, nya banjir jeung longsor téa.
Padahal ari alam mah da mémang kitu sunatullohna. Kitu deui anu disebut usum-usuman, rék usum hujan rék usum katiga, apan geus aya ti baheulana. Upamana cai, apan geus kitu kuduna palidna ka hilir. Satungtung pangpalidanana teu diganggu mah, apan tara tepi ka jadi mamala. Jadi ngemplang babanjiran téh nya ku sabab pamolah manusa saenyana mah.
Contona waé Walungan Citepus di Bandung, baheula mah teu kungsi kacatur jadi panyabab datangna banjir anu rongkah, da mémang pangpalidanana tacan kaganggu. Ana datang cai gedé alatan hujan, nya palidna téh sabiasa waé. Ari ayeuna, lahan pangpalidanana geus kaganggu, da apan babantarna loba nu diadegan wawangunan, tepi ka walungan téh ngaheureutan. Atuh dina sakalina aya cai gedé téh, moal ka mana deui limpasna.
Atawa sabudeureun bunderan Cibiru, baréto mah cai anu ngagulidag ti tonggoh di mana hujan téh katampung heula dina balong anu anu kaitung lega, da dinya téh aya lahan anu ngalegok aya héktarna. Ari ayeuna, éta lahan téh apan geus disaeur, malah geus dug-deg wawangunan. Nya antukna cai téh limpas ka jalan. Kitu deui di Gedébagé lebah jalan bépas gé kasusna moal jauh ti kitu.
Sakur mamala anu patali jeung alam ahirna sok disebut musibat alam. Kecap musibat geus pasti nyokot tina terminologi Islam, anu sok disurahan cocoba atawa ujian (ti Alloh). Éta pangna, pikeun urang Islam mah, lamun meunang musibat téh kudu ngucapkeun inna lillahi wa inna ilaihi rojiun (saéstuna asalna ti Alloh, jeung saéstuna mulangna gé ka Alloh). Datangna cocoba téh dina hakékatna mah pikeun nguji kaimanan urang.
Bisa jadi ari baheulana mah nu disebut musibat alam téh “murni kahayang alam”. Maksudna, henteu dicukang-lantaranan atawa sababiyahna alatan pamolah manusa. Mana komo anu kajadianana rongkah rohaka mah, kawas gunung bitu atawa tsunami, éta mah murni peristiwa alam.
Tapi ayeuna, musibat alam téh loba anu disababkeun faktor pamolah manusa, najan lain hartina sakabéh manusa nu aya di ieu dunya. Walungan nyababkeun banjir, atawa gawir ngaburusut urug ninggang lembur, teu kurang-kurang anu disababkeun ku manusa-manusa kénéh. Leuweung dibukbak, pasir ditalugaran, lahan anu fungsina pikeun konservasi diaradegan. Atawa bisa waé lahan anu sasarina gé tempat seserepan jeung panampungan cai hujan terus dirarobah fungsina.
Anu kitu kajadianana mah boa geus lain cocoba, tapi wawales. Maksudna, wawales anu hakékatna mah ti Gusti Alloh, sabab urang geus nyieun karuksakan di ieu dunya. Bisa jadi ari anu nyieun karuksakanana mah ukur sawatara urang, tapi da ari mamalana mah bakal tumiba ka jalma loba. Apan ari musibat alam mah tara pipilih heula saha waé anu bakal kakeunaanana.
Di hiji wewengkon, upamana, babagian dina walungan aya nu dirobah fungsina ku diaradegan imah, babantarna dipasangan pondasi. Nya geus tangtu dina datang cai gedé téh bakal limpas ngeueum lembur. Mun geus kitu mah pangeusi lembur anu teu mais teu meuleum ogé angger waé bakal meunang mamala, da ari cai mah tara pipilih ukur ngeueum imah nu nyieun dosana wungkul. Malah dina kabuktianana anu nyieun gara-garana mah salamet.
Apan osok kabuktian, aya anu ngaruksak lahan bari jinisna mah urang jauh. Upamana waé der nyieun kompléks pamukiman dina tempat anu sakuduna mah teu meunang digunasika. Lantaran kaayaan alamna diganggu, lahan nu aya di dinya terus urug atawa longsor. Sidik apan, anu kakeunaan mamalana mah penduduk anu maratuh di éta tempat. Da ari anu nyieun gawéna mah, apan mungkin waé keur ngeunah-ngeunah ngitung bati tina dagang properti. Naha atuh bet diwenangkeun muka pamukiman dina lahan anu sakuduna jadi konservasi? Nya meureun sabab aya pangrojong atawa bantuan ti oknum anu boga kakawasaan dina nyekel peridinan.
Naha anu tumiba alatan ruksakna alam téh cocoba atawa wawales, éta mah ngan kari nanya ka diri urang. Ngan diri urang sorangan anu apal, jeung moal bisa dibawa bohong. Hanas urang jadi bisa ngabohong, apan éta mah ukur pangakuan ka batur pikeun nyimbutan diri sorangan. Da geus sidik apan pikeun jalma iman mah yén di dunya téh aya cocoba, jeung aya wawales deuih. Malah wawales mah teu ngan semet di dunya wungkul, tapi deuih di ahérat jaga.
Lamun sanggeusna dipikiran, urang tepi kana kasimpulan yén teu kungsi nyieun kasalahan, éta mah nu kaasup kana cocoba téa. Apan ari cocoba téh remen dilarapkeun pikeun sakur anu tumiba ka diri urang bari urangna henteu miharep kajadian. Ari wawales, éta mah sidik lantaran urang geus nyieun kasalahan, geus ngarempak pantrangan Pangéran. Lamun ngeunteung kana taréh, anu tumiba ka umat Nabi Luth, misalna, apan disebutna wawales. Kitu deui ceuk dina taréh, lamun aya pamingpin dolim, yakin Gusti bakal nibankeun wawales. Lamun sabagian tina wawales téh dina bentuk ruksakna alam, dina geus der kajadian mah, nya angger waé saréréa bakal kakeunaan mamala.
Enya, da ngan diri urang anu apal, naha wawales atawa cocoba. Anu ngarasa meunang wawales, aya anu sok terus éling, laju ngeureunan pamolah goréngna. Tapi, aya deuih anu sabalikna ogé, angger wé hirupna nyucud, sakitu geus nyaho éta téh wawales. Teu mustahil deuih aya anu teu nyaho yén éta téh wawales, anu dirina angger ngarasa bener.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments