Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews.id (19/1/2026). Kecap seureud, nyeureud (dina basa Indonésiana saharti jeung sengat, menyengat) ngandung harti nyoco bari ngasupkeun racun anu matak nyeri, malah mungkin terus bareuh. Anu sok nyeureud téh sasatoan, boh nu ngarayap boh nu bisaeun hiber—istilahna jadi seungseureudan.
Bangsaning seungseureudan nu ngarayap upamana waé babakaur, kalabang, langgir, atawa lancah maung. Ari seungseureudan nu bisaeun hiber aya nu disebut éngang, odéng, bangbara, papanting, kamarang, atawa nyiruan—ieu sasatoan kaasup kana golongan serangga atawa insékta.
Baréto mah mun aya éngang atawa seungsureudan séjénna hiber nyampeurkeun, urang téh sok gogorowokan, “Pait, pait …!” Maksudna mah sangkan teu diseureud.
Sanajan oray gé sarua sok ngasupkeun (nyuntikkeun) racun, malah aya nu bisa maténi, tapi da tara disebut nyeureud, sabab sesebutanana macok. Kitu deui lélé katut bangsaning lauk séjénna anu aya racunan, tara disebut nyeureud, tapi matil.
Seungseureudan ti golongan serangga aya di antarana anu ngahasilkeun madu. Lamun mukaan literatur kuno dina peradaban kahirupan masarakat dunya, anu disebut madu téh geus dipikawanoh ku manusa ti rébuan taun ka tukang. Apan dina kitab Quran gé aya dijéntrékeun, malah dipaké ngaran salah sahiji surat. Dina kasauran Kangjeng Nabi Muhammad saw. gé apan sok disabit-sabit gunana madu pikeun kaséhatan.
Dina literatur Sunda kuno sarua deuih aya bagian anu nyaritakeun urusan madu, upamana waé dina naskah Sanghiyang Siksakandang Karesian (ditulis taun 1518 Maséhi), najan anu dipedarna ukur sawates aturan étika mun manggihan madu dina lahan milik umum. Dina éta naskah ditétélakeun, mun aya sayang odéng atawa nyiruan di leuweung anu geus maké ciri atawa tanda, éta nuduhkeun geus aya nu manggihan leuwih ti heula. Cindekna mah dianggap geus aya boga atawa anu hak ngalana, anu matak maduna teu meunang diala ku anu maggihan sapandeurieunana.
Aturan anu kacida basajanna, tapi tara aya nu wani ngarempak, cirining warga masarakatna tartib jeung taat kana aturan. Kawasna ku jaman ayeuna mah, asana téh bakal paheula-heula hayang ngamangpaatkeun. Komo ieu barangna aya dina lahan umum, cacak dina lahan milik pribadi gé apan sok diparalingan.
Di kahirupan urang Sunda baheula, madu anu dimangpaatkeun pikeun dikonsumsi téh lain hasil tina miara serangga, tapi ngan sawates nu kapanggih di alam bébas. Tradisi miara nyiruan pikeun diarah maduna, malah diarah jeung lilinna, éta mah bawa urang Arab jeung urang India anu daratang ka Sunda. Kitu ceuk dina catetan Raffles, History of Java (1817 Maséhi).
Madu teu ngan sawates diarah rasana anu amit kareueut, tapi nu leuwih penting mah kasiatna pikeun kaséhatan. Hal ieu tangtuna gé geus pada mikanyaho ti baheula kénéh, kaasup di lingkungan masarakat Sunda buhun. Madu ngandung rupa-rupa dat (zat) anu dipikabutuh ku awak urang, boh pikeun nyageurkeun awak tina kasakit, boh pikeun nahan kasakit sangkan teu tumerap kana awak urang.
Lantaran wewengkon Sunda mah aya di daérah tropis, tur kondisi alamna héjo lémbok (baréto), nu disebut serangga seungseureudan téh réa rupana. Enya, apan éta serangga téh butuh ku tatangkalan anu sok karembangan. Geura di antarana di urang mah aya nu disebut:
Nyiruan, ukuran awakna saluhureun laleur, nyayangna biasana dina tatangkalan, atawa aya deuih nu dina gawir nangtawing. Dina sakalina nyeureud, nyiruanana sok langsung paéh, sabab jarum seuseureudna terus coplok tina awakna.
Éngang, Leuwih gedé ti nyiruan, dina beuteungna aya belang konéng. Béda ti nyiruan deuih, éngang mah mun geus nyeureud téh masih angger hirup. Jadi nyeureudna téh bisa ka sababaraha sasaran. Éngang sakapeung nyayangna teu jauh ti lingkungan urang, misalna waé dina sorondoy imah.
Tiwuan, leuwih gedé ti éngang jeung leuwih galak. Diseureud ku tiwuan mah nyanyautan jeung bareuhna gé sok aya poéna, awak karasa panas tiris kawas nu keur muriang.
Bangbara, warnana hideung meles, leuwih gedé ti tiwuan, ngan bentuk awakna semu buleud. Biasana nyayangna ku cara nyieun liang dina kai, kaasup dina usuk (layeus atawa kaso-kaso) imah. Bangbara mah teu kaasup galak, ngan cenah ari dina sakalina nyeureud mah angger matak bahaya.
Odéng, sok disebut nyiruan leuweung, awakna leuwih gedé batan nyiruan. Biasana mah nyayangna dina tatangkalan jarangkung nu aya di leuweung.
Teuweul; leuwih leutik ti nyiruan. Biasana nyieun sayangna téh ku cara ngaliang dina kai atawa awi nu dipaké tihang.
Sireupeun, leuwih leutik ti teuweul. Dina dongéng, apan suling bogana Sakadang Kuya nu bahanna tina tulang maung téh dilianganana ku bangbara, terus dipasieup ku sireupeun.
Papanting, awakna panjang, cangkéngna lengkéh (éta pangna awéwé nu lengkéh cangkéngna sok dipapandékeun kana lengkéhna papanting). Teu kaasup galak, najan sok nyeureud.
Kamarang, saluhureun papanting, kelirna hideung. Galak atawa agrésif, jeung sok nyeureud matak bareuh.
Tina rupa-rupa seungseuran bieu téh, ari nu sok diarah maduna mah nyaéta nyiruan (Apis cerana), odéng (Apis dorsata), sireupeun (Apis andreniformis), jeung teuweul (Meliponini). Anu kiwari ilahar dikukut mah nyiruan, sayangna disadiakeun ku urang dina wangun kotak, sarta biasana diteundeunna sina ngajajar di buruan.
Miara nyiruan kiwari geus dijieun salah sahiji pakasaban, teu béda ti miara sasatoan lianna, atawa miara tutuwuhan. Ilaharna anu miara nyiruan mah lokasina kudu di wewengkon nu masih kénéh loba tatangkalan, rék tatangkalan nu ngahaja dipelak, rék tatangkalan anu jaradi sorangan kawas di leuweung. Madu tina sayang nyiruan kukutan dina dipanénna téh mayeng, tur aya jadwalna. Nya engkéna mah bakal diprosés kumaha ilaharna madu nu siap dikonsumsi.
Jadi madu anu loba didagangkeun téh aya nu meunang ngala ti alam bébas, cindekna lain tina sayang nyiruan anu dipiara, jeung aya deuih anu diproduksi tina nyiruan kukutan. Ngan jigana madu jenis kadua nu leuwih loba dijarualan mah, sabab ari nu ngahaja ngala ti leuweung mah apan leuweungna gé kiwari beuki ngaheureutan.
Kiwari, angka konsumsi madu di urang beuki ningkat. Bisa dititénan dina angka produksi madu nasional dina jero lima taun ka dieunakeun, najan grafikna turun-naék. Anu paling gedé nyaéta produksi taun 2019, jumlahna ngahontal 498 rébu liter (ceuk catetan BPS Indonésia). Salian ti pikeun nyageurkeun awak tina sawatara rupa kasakit, madu téh bisa ningkatkeun imunitas deuih.
Anu matak jadi hanjakal téh, bet kabongkar aya produksi madu palsu, jeung deuih anu dipalsukeunana bet nébéng kana madu anu biasa diproduksi ku urang Baduy. Ceuk béja mah, oknum anu nyieunan madu palsu téh bisa ngeduk kauntungan tepi ka milyaran rupia. Nya tangtu waé jadi kateumbleuhan anu teu tuah teu dosana.*
*H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments