Kolom Sosial Politik

Leungiteun Akal Sehat

0

 

Ku: Ridhazia

SAESTUNA luar biasa tingkat kekerasan narasi di nagara anu disebut Indonesia. Padahal warga nagarana kasohor ramah.

Kekerasan narasi minangka basa tulis atawa lisan di platform publik geus kaleungitan haté jeung akal séhat. Henteu ngan ukur eusina silih handapkeun jeung ngahina, tapi ogé silih ngekeak silih nyasaak, sih ngarajetkeun.

Sigana mah teu aya deui alesan pikeun milih frasa anu lugas tur merenah. Komo deuih pikeun saukur sopan jeung boga étika mah. Anu hayang mah teges jeung ngegas wungkul. Mun bisa nepi ka ngabubarkeun wacana batuir ngobrolna.

Pondokna, kekerasan narasi geus teu mampuh deui ngabédakeun umur jeung gender. Moal deui malire béda suku, ras, kapercayaan, atawa agama.

Conto waé dina kajadian Resbob anu ngucapkeun kalimat nu eusina makian ka kelompok Viking, suporter Persib Bandung. Sajaba ti éta, ogé ngaluarkeun hinaan anu ditujukeun ka suku Sunda.

Geus Teu Ramah Sakumaha Gedéna Dunya

Fenomena kekerasan narasi sacara téori lumangsung alatan anonimitas. Rarasaan identitasna moal kanyahoan. Padahal tapak digital téh gampang pisan dilacak.

Aya benarna hasil panalungtikan Digital Civility Index (DCI) ti Microsoft. Ti saprak taun 2020, warga Indonesia nempati peringkat panghandapna dina hal kasopanan jeung karamehan dina komunikasi di média sosial.

Skor anu panggoréngna salila sakawasaan Asia-Pasifik téh matak éra. Lain  prestasi anu hadé. Tapi nuduhkeun yén urang Indonesia leuwih resep nyebarkeun hoaks jeung ujaran kabencian tibatan warga-warga nagara séjén.

Ku basa séjén, warga nagara ieu jadi anu pangluhurna dina hal ngedalkeun frustrasi, amarah, protes, jeung kabencian di média sosial tanpa risi atawa sieun deui. *

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, panten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.