Ku: Ceuceu Gumilang
SundaNews (29/5/2025). Ayeuna geus cacap bulan Sawal, asup ka bulan Zulqaidah. Bulan hareupna Zulhijah atawa bulan haji, bulan anu dianti-anti ku kumna umat Islam sadunya. Nu dibéré lega lolongkrang rejeki tur séhat jeung geus daptar ti anggalna pikeun ngalakonan ibadah haji rukun Islam anu kalima, tangtuna geus teu sabar hayang geura-geura nepi ka Tanah Suci.
Ngan geuning sok loba caritana di urang mah, ku lobana nu hayang munggah haji, antrianna kotka teu asup akal, bisa nepi ka puluhan taun. Salian ti éta, ongkos haji di urang mah geuning kaitung mahal. Dina taun ieu bae nepi ka 56 yutaan dina itungan ONH nasional, tangtuna bakal béda-béda di unggal émbarkasi.
Alhamdulillah, kuring kaasup nu meunang bagja bisa munggah haji teu maké ribed komo kudu antri mangtaun-taun mah. Kurang ti sabulan saanggeus daptar, kuring jeung bapana barudak bisa miang nedunan rukun Islam nu kalima, bari jeung meunang layanan anu sakelas ONH Plus tapi ongkosna jauh leuwih murah. Naha bisa?
Haji Luneg
Kuring jeung bapana munggah haji maké program Haji Luneg. Haji Luneg téh pondokna ti Haji Luar Negeri, nyaéta layanan haji pikeun WNI nu aya di luar nagri, hususna pikeun urang Indonesia anu mancén tugas di Kedutaan Besar Republik Indonesia (KBRI) nu aya di sakuliah dunya, kaasup deuih nu gawé di Konsulat Jenderal Republik Indonesia (KJRI) atawa di Atase Pertahanan, Atase Pendidikan, Atase Perdagangan, jeung sajabana.
Daptar Haji Luneg mah teu aya urusanana jeung Kementerian Agama di Indonesia, jadi teu kaasup kana kuota haji Indonesia. Haji Luneg diurusna langsung ku Koperasi Sejahtera nu aya di KJRI Jeddah. Jadi, KJRI Jeddah téh ngabogaan koperasi anu salah sahiji usahana nyaéta jadi KBIH pikeun WNI nu gawé di KBRI hususna, nya umumna nu gawé di luar nagri. Koperasi Sejahtera téh lian ti haji, oge narima layanan umroh nu waktuna kumaha urang rinéhna.
Taun 2013, kuring jeung bapana ka Tanah Suci maké jasa Haji Luneg, harita téh bapana keur mancén tugas di KBRI Yangon Myanmar. Ongkosna teu siga mayar ONH ka pamaréntah, tapi ditangtukeun ku tim haji ti Koperasi Sejahtera. Ngitungnya poéan, sapoé harita téh 100 dolar. Jadi bisa béda-béda gedéna gumantung sabaraha lila urang di ditu. Harita mah kuring ukur 21 poé, jadi saurang mayar 2.100 dolar ku cara ditransfer.
Harga sakitu téh tacan kaasup tikét pesawat atawa visa haji. Eta mah diurus ku séwang-séwang gumantung asal wewengkonna. Kabeneran taun 2013 mah nu mangkat haji di KBRI Yangon téh ukur kuring jeung bapana. Alhamdulillah, meunang visa haji ti Kedutaan Arab Saudi asa gampang pisan, malah mah pangheulana meunang miheulaan rébuan jamaah haji urang Myanmar.
Setor duit ka Koperasi Sejahtera téh kudu bari ngirimkeun bukti foto tikét bulak-balik jeung visa hajina. Minangka ngurangan risiko jamaah nu teu balik deui ngadon mukim ilégal di Saudi. Da loba nu kitu salila ieu téh, cenah.
Nu rada gegebegan mah basa néangan tikét pesawat, da waktunya sarantek pisan ukur dua minggu piinditeun. Aya sababaraha maskapai nu ngalayanan penerbangan haji ti Mingalardon Yangon International Airport, di antarana pesawat boga Pakistan, India, Bangladés jeung séjénna nu leuwih marahal. Tapi diheureuyan ku ustad urang Myanmar, majarkeun naék pesawat murah mah kudu ngampar mawa samak sorangan. Ah, piraku ogé nya?
Rada kapangaruhan ku heureuyna Ustad Rasyid, nya tungtungna néangan tiket pesawat nu rada alus, baé rada mahal ogé. Alhamdulillah meunang tikét Qatar Airways, ngan hanjakal ukur keur saurangeun deui da geus kaburu béak dibeuli ku jamaah Myanmar. Atuh bingung, maenya salaki pamajikan rék munggah haji inditna naék pesawat séwang-séwangan?
Pihak travel ngabéjaan, mun hayang indit bareng bisa diusahakeun ngan naékna kudu ti Bangkok. Nya kumaha deui, antukna satuju meuli tikét di Yangon tapi naékna ti Bangkok. Teu ngarti kumaha urusanana ieu téh, ngan sigana kuota panumpang Qatar Airways ti Myanmar geus béak.
Jadi, kuring jeung bapana ti Yangon ngahaja naék pesawat régulér ka Bangkok, kurang leuwih sajam . Transit heula sapeuting di Bandara Swarnabhumi, tapi teu meunang kaluar bandara. Nya kukulibekan wé jero bandara nepi ka peuting. Untung aya musola anu merenah tur sepi, da jarang aya nu solat urang Thailand mah sigana, jadi wé bisa numpang saré di dinya.
Sanggeus solat subuh, kuring jeung bapana langsung siap-siap rék antri check in. Sabot duaan keur leumpang ngadodorong koper, jol aya nu ngagorowok nyalukan aran kuring.
Atuh kuring ngagebeg, naha di bandara Bangkok aya nu apal ka aran kuring?
Dilieuk téh, masya Allah geuning Datin sareng Pehin, Dubes Brunai Darussalam pikeun Myanmar. Kabeneran geus kenal dina sababara kali acara resépsi diplomatik, nya teu asa-asa silih gabrug. Kayungyun pisan ku Pehin sareng Datin téh, cacakan gegedén wakil nagara di Kedutaan, teu iyeuh asa-asa atawa ragab gaul jeung sakelas kuring nu ukur pagawé handap di kedutaan.
Singhoréng aranjeunna transit mulang ngalongok anakna nu sakola di Jérman, cenah. Nya kuring pok yén rék munggah haji. Jol gabrug deui Datin nangkeup kuring, nya kitu ogé Pehin nangkeup bapana. Dareuda bari carindakdak ménta dipandungakeun engké di Tanah Suci pikeun dirina jeung anak-anakna, disebutkeun hiji-hiji aranna, ku kuring dicatet dina hapé.
Saméméh papisah, Datin ngeupeulan duit ka kuring, asa isin tapi anjeunna peupeujeuh kudu ditarima, hayang milu meunang pahala, cenah. Alhamdulillah, katambahan bekel keur ka Tanah Suci téh.
Layanan Pleus
Kakaraeun naék pesawat Qatar Airways husus keur jamaah haji anu sakitu alusna. Pesawat Boeing nu korsina sadérétna aya 10, lalega sareungit. Pramugrarinya balageur geus gareulis jeung karasép téh. Dahareun ceuyah, sor deui sor deui teu kaur balem. Malah mah mun urang keur peureum ogé sok dihudangkeun sina dahar, lain ukur dahar nu bareurat tapi ieu mah aya es krim jeung rupa-rupa senék nu matak nikmat. Kabéh kadaharan halal!
Nu matak bagja deui téh, sanajan indit ngan duaan jeung bapana, teu iyeuh ngarasa culang-cileung da di jero pesawat téh geuning bareng jeung rombongan ONH Plus Indonesia asal Surabaya, aya kana 80 urangna. Atuh dina pesawat téh galécok loba nu ngomong basa Jawa.
Sigana KBIH nu mawa jamaah ti Surabaya téh geus wanoh pisan jeung kru pesawat, boa geus ngalanggan. Buktina, ustad nu ngabingbingna bisa maké mik nu biasa dipaké méré béwara ku pramugari, pikeun méré ceramah ku basa Indonesia campur Jawa.
Atuh alhamdulillah, meunang élmu salila ngapung téh. Lain ukur ceramah tapi ogé ngabingbing niat haji umroh pas pesawat ngaliwatan miqot, sanggeus saméméhna transit heula dua jam di Bandara Doha, ngadon mandi jeung ganti baju Ihrom.
Ustad ogé maparin manasik singket kumaha tata cara ibadah, naon waé nu teu meunang dilakukeun bisi jadi matak teu sahna ibadah. Alhamdulillah, asa kagunturan madu kaurugan menyan putih ieu mah, da mémang élmu manasik Haji Luneg mah kudu urang nu hideng diajar sorangan, manasikna ukur dua jaman pas ngumpul di hotél sajungeun deui rék Towaf Qudum, nyaéta towaf munggaran pikeun ngahormatan jeung ngabagéakeun sanepina di Tanah Suci.
Labaik Allahumma Labaik
Beus nu mawa rombongan ti Bandara King Abdul Aziz Jeddah ka Mekah supirna urang Indonesia, mukim geus aya lima taun cenah. Barang beus asup ka Kota Mekah, ti kajauhan kuring bisa nempo pucuknya Zam Zam Tower, hing téh kuring ceurik teu kawawa nahan sagala rasa. Alhamdulillah ya Allah, kuring dipaparin kasempetan pikeun jadi tamu agung di Baitullah.
Salila di Mekah, meutingna di hotél nu jauhna kurang leuwih 800 méter ka Masjidil Harom. Teu iyeuh karasa jauh, da unggal rék ka masjid ngabring leumpang bareng jeung rébuan jamaah séjén, éstuning matak waas matak nineung.
Salila ibadah téh urang teu kudu mikiran rék dahar naon, da husus keur Haji Luneg geus diséwa juru masak urang Madura, salaki pamajikan jeung dua anakna. Jadi, sanajan keur aya di Arab, angger dahar mah asa di lembur, bisa manggih sayur asem, lauk asin jeung sambel katut lalabanana.
Sakamer téh opatan ngahiji jeung guru ti KJRI Kota Kinabalu Malaysia. Asa ku kabeneran ngariung opatan guru kabéh, atuh asa di sakola ieu mah, obrolan ogé ngeunaan kurikulum, RPP, jeung rupa-rupa kalakuan murid nu matak pikasonoeun.
Kajadian Ahéng
Salila mabit di Mina, caricingna di tenda anu kacida merenahnya. Aya kasur saurang hiji, teu hareudang dan téndana maké AC. Kulkas kaca anu gedé dieusi ku rupa-rupa bungbuahan jeung sagala rupa senék, ngajogrog disadiakeun. Malah mah nu ngarana és krim sapliser gedé ogé aya, atuh bulak balik teu eureun nyarokotan és krim. Siga budak pisan hihii ….
Maktab Haji Luneg mah boga kamer cai sorangan, misah awéwé jeung lalaki, teu kudu ngantri. Ngan geuning loba jamaah haji ti nagara deungeun anu teu milu rombongan, haji back packer téa meureun, ngarenghik pada milu ka cai. Ngan orokaya, barang nempo aya kulkas jeung prizer anu pinuh ku dahareun, éta si jamaah nu harideung kulitna téh jol paburu-buru nyokot. Hadeuh, tah ieu meureun nu disebut dibéré ati ménta hampela téh ….*
*Ceuceu Gumilang, kungsi ngumbara di sabaraha nagara salaku isteri saurang diplomat, mikaresep seni budaya sastra jeung kabudyaan Sunda, satutasna mulang ka lemah cai kiwari nganjrek di Cimahi, Bandung, Jawa Barat.





































Comments