Ku: Ridhazia
RAHAYAT lolobana di nagri ieu téh hade-hade kénéh. Sanajan ngalaman sangsara ogé sok cicing baé. Milih sabar dina nyanghareupan kasusah. Atawa milih ngagerem narima nasib dina kamiskinan.
Teu aya niat pikeun protes jeung demonstrasi saperti nu karandapan saminggu kamari. Éta mah kaputusan barudak bangsa nu geus ambek, ngan ukur diwakilan ku sabagian leutik wungkul, lantaran ngarasa loba karungsing.
Untung kénéh masih aya jalma-jalma nu wani nyuarkeun kabeneran jeung nu hayang ngawakilan pait-getir kahirupan nu karandapan ku sabagian barudak bangsa nu kakurung ku kasusah nu teu aya tungtungna.
Ulah salahkeun maranéhna. Éta sakabehna téh ékspresi kuciwa ka élit nagara ieu nu lain ukur poho, tapi ogé mopohokeun kawajibanana.
Poho kana pola pikir pangabdian. Mopohokeun yén wakil rahayat jeung para pajabat téh digawé pikeun rahayat.
Sarta, ulah disaruakeun jeung diidentikkeun yén maranéhna nu cape leuleus dijalan, mandi keringet, ngan ukur ngandelkeun petasan, bari wani narima résiko kudu pasang tarung jeung aparat, minangka kelompok nu ngalawan nagara.
Maranéhna mah saukur ngélingan yén di nagri ieu ulah aya kajahatan jeung kadzaliman ti présidén jeung para pamentriana. Sabab anjeun anu nanggungjawaban sagalana.
Éta wungkul!*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments