Ku: Ridhazia
KACUMPONAN gedéna gaji jeung tunjangan ketua, waakil ketua, jeung anggota Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bandung ngahontal puluhan juta rupiah per bulan.
Nu pangkatempona, tunjangan imah Rp58 juta pikeun ketua DPRD, Rp56 juta pikeun wakil ketua DPRD, jeung Rp53 juta per bulan pikeun anggota DPRD.
Kumaha éta angka dirumuskeun ku para wakil rakyat. Jeung imah kelas kumaha nepi ka ngahontal Rp50 juta sabulan nu dikontrak ku para politisi eta teh?
Padahal anggota DPRD Kota Bandung masih kénéh cicing di imah masing-masing di sabudeureun Bandung. Jarak pangjauhna kira-kira 25 kilométer ti gedong tempat maranéhna nyicingan kantor.
Disapuk Wali Kota
Gaji jeung tunjangan anggota DPRD sabulan téh sabenerna geus disapuk disaluyuan ku wali kota jeung wakil takyat, nu kaunggel dina Peraturan Daerah (Perda) Nomor 6 Taun 2017 jeung dijelaskeun deui dina Peraturan Wali Kota Bandung (Perwal) Nomor 22 Taun 2024.
Dumasar kana perda jeung perwal éta, ketua DPRD Kota Bandung meunang duit representasi (gaji) Rp2,1 juta, tunjangan jabatan Rp3,045 juta, tunjangan alat kelengkapan dewan (AKD) Rp228 rebu, tunjangan komunikasi Rp14,7 juta, tunjangan imah Rp58 juta, jeung tunjangan transportasi Rp16 juta.
Wakil Ketua DPRD Kota Bandung meunang duit representasi (gaji) Rp1,68 juta, tunjangan jabatan Rp2,436 juta, tunjangan alat kelengkapan dewan (AKD) Rp152 rebu, tunjangan komunikasi Rp14,7 juta, tunjangan imah Rp56 juta, jeung tunjangan transportasi Rp15,5 juta.
Sedengkeun anggota DPRD Kota Bandung meunang duit representasi (gaji) Rp1,57 juta, tunjangan jabatan Rp2,283 juta, tunjangan alat kelengkapan dewan (AKD) Rp91,3 rebu, tunjangan komunikasi Rp14,7 juta, tunjangan imah Rp53 juta, jeung tunjangan transportasi Rp15 juta.
Leungiteun Akal Sehat jeung Nurani
Sabaraha milyar duit rakyat dihamburkeun pikeun kapentingan anggota DPRD. Bisa ngahontal milyaran rupiah sabulan. Malah nepi ka triliunan rupiah sataun.
Padahal sabenerna Bandung can bisa kaluar tina kamiskinan kota. Di antarana alatan rendahna panghasilan tina sektor informal, biaya hirup nu mahal (utamana imah jeung transportasi), kakurangan lapangan pagawean formal, jeung fenomena satengah nganggur.
Kabéh éta ditambah ku inflasi jeung naékna harga kabutuhan poko, kitu deui kesenjangan sosial nu luhur. Ditambahan deui urbanisasi nu beuki kuat ti pinggiran nu asup ka kota.
Tapi keur wakil rakyat, kabéh éta ukur dianggap nasib nu teu bisa diréngsékeun ku politik lima tahunan. Teungteuingeun?*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments