Kolom Sosial Politik

Komunikasi Pulitik Jeung Proses Pilkada

0

 

Ku: Asep S. Muhtadi

HASIL  panalungtikan ngeunaan komunikasi pulitik (2001) nyebutkeun yén dina dua dasawarsa pamungkas, demokratisasi teh asalna lain muncul ti organisasi sosial pulitik (khususna partai pulitik), tapi leuwih loba ti lembaga swadaya masyarakat anu henteu boga orientasi utama kana kapentingan pulitik.

Sabalikna, luyu jeung latar sosial-kultural masarakat anu aya disanghareupanana, organisasi massa agamis anu ngusung isu-isu agama bisa maénkeun peran dina prosés demokratisasi anu leuwih konstruktif. Dina kontéks ieu, agama jadi salah sahiji jalur komunikasi pulitik anu poténsial. Ku kituna, fungsi komunikasi pulitik anu dilakukeun organisasi agama téh bisa nyentuh aspirasi pulitik ti komunitas primordial anu jadi basis massana.

Upama hasil panalungtikan éta dijadikeun “kacamata” pikeun ningali prospek pulitik di mangsa nu bakal datang, khususna dina mangsa pamilihan langsung kepala daérah (pilkada), hal anu kudu jadi perhatian nyaéta konstruksi interaksi pulitik antara kelompok kapentingan jeung massa pamilih.  Upamana wae, dina Pemilu 2004 anu kamari lumangsung, urang bisa ningali jurus-jurus pulitik anu dipaké ku élit partai pulitik pikeun ngarahkeun kabiasaan milih massa anu sacara faktual boga ikatan primordial jeung salah sahiji organisasi agama.

Partai pulitik, anu saenyana mangrupa wawakil kakuatan pulitik anu berkompetisi, henteu deui jadi ukuranana. Éstuning kuatna ikatan primordial, boh di tingkat pusat atawa daerah, jadi faktor anu leuwih ngabogaan pangaruh. Kakuatan pulitik anu bisa ngaraketkeun massa kultural bakal meunang dukungan anu leuwih gedé. Massa kultural ieu biasana katingali ngagabung dina kelompok dumasar kana sumanget agama, kadaérahan, atawa ikatan idéologis séjénna. Éta sababna, massa NU jeung Muhammadiyah sok jadi bahasan penting dina prosés pulitik di Indonesia.

Kasempetan pikeun béda kebijakan antara organisasi di tingkat pusat jeung daerah ogé beuki kabuka lantaran sababaraha alesan. Salah sahiji alesan nyaéta ngaronjatna pertimbangan rasionalitas dina nyieun kaputusan pulitik. Akibatna,tuntutan lokal nu spesifik oge  bakal leuwih diutamakeun, khususna anu aya pakait jeung target pragmatis élit lokal.

Kiwari, pendekatan “tuntas” (didorong ti luhur) anu ngagunakeun jalur kakawasaan geus henteu épéktif deui pikeun ngatur prosés pulitik, boh di tingkat nasional boh lokal. Hal ieu bisa jadi lain ngan ukur kajadian dina organisasi pulitik, tapi ogé dina organisasi kultural sejenna kaasup organisasi kaagamaan.

Perku oge dicatet, yen semangat primordial ieu teh bakal leuwih kentel nalika prosés pulitikna disempitkeun, kawas dina pilkada.Sabab sacara  sosiologis, kohésivitas individu teh  bakal leuwih kuat nalika ukuran kelompok mingkin disempitkeun.  Konsolidasi internal kelompok bakal leuwih intens, sarta ketegangan antar-kelompok bakal ngaronjat sacara otomatis. Dina kaayaan ieu, poténsi konflik bakal leuwih katembong. Para calon asalna  mah apan ti pihak-pihak anu deukeut sacara ikatan primordial. Dina kaayaan saperti kieu, kumaha massa bisa diatur, di-manage?

Komunikasi pulitik boga tujuan pikeun ngadinamiskeun kahirupan pulitik. Ku kituna komunikasi pulitik  bisa jadi mangrupa  faktor  pamicu atawa peredam poténsi konflik. Komunikasi pulitik ngahirupkeun suasana pulitik, kawas getih anu ngalirkeun énergi dina awak urang. Ku sabab éta, pikeun nyiptakeun iklim pulitik anu séhat jeung kondusif, ngatur massa ngaliwatan komunikasi pulitik téh mangrupa hal anu penting pisan.

Media massa mangrupa salah sahiji saluran komunikasi pulitik anu épéktif. Media bisa ngalirkeun “getih” kahirupan pulitik. Ku kituna prosés pulitik bisa lumangsung sacara dinamis. Dina pilkada, média henteu ngan ukur dipaké pikeun ngawangun citra individu atawa kelompok, tapi ogé pikeun ngatur citra luyu jeung visi anu dipikahayang.

Cindekna, komunikasi pulitik dina prosés pilkada bakal ngalibatkeun dua variabel utama: massa pamilih jeung média massa. Calon anu pinter maca karakter massa sarta trampil ngamangpaatkeun média bakal boga kasempetan anu leuwih gedé pikeun jadi “jagoan” dina kontéks pulitik lokal di Indonesia.

Faktor penting séjénna nyaéta variabel kakawasaan anu pikeun mangsa kahareup  masih bakal kuat pikeun ngatur  naon nu disebut “permainan” jeung masarakat.*          *Asep S. Muhtadi, Guru Besar Ilmu Komunikasi  Fakultas Dakwah dan Komunikasi (Fidkom) jeung  Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, Bandung.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *